SULUK SARENG MA’RIFAT
RASIAH HATE WALI-WALI ALLOH
Bismillahirrohmaanirrohiim, sagala puja sareng puji kagungan Alloh anu maparinan ni’mat lahir sareng ni’mat bathin. Solawat sareng salam ka panutan urang sadayana panutup para nabi dugi akhir jaman Kangjeng Nabi Muhammad sollallohu ‘alaihi wasallam.
Amma ba’du:
Ieu kitab dinamian “SULUK SARENG MA’RIFAT” mangrupi tuntunan pikeun sadaya kaum mu’min wal mu’minat khususna ka santri-santri anu nuju nyukcruk elmu tauhid.
Ieu kitab ditulad tina kitab “DURUN NAFIS” karangan Al-Arif billah Syekh Nafis bin Idris ku muridna Syekh Toto Syarif Muhammad Zakariya ( nuteu kersaeun disebat namina ) anu mana sapalih rujukan-nana ditukil tina kitab-kitab :
01. Al-Jawhir Wadduror karangan : Syekh Imam Asysyaroni r.a
02. Futu Hatil Makiyah karangan : Syekh Muhyiddin Ibnu Arobi
03. Syarah-arba’in karangan : Syekh Ibnu Hajar
04. Jamiul Muqni karangan : Syekh Toto Syarif Muhammad Zakariya
05. Mizan Kubro karangan : Syekh Imam Asysya’roni r.a
06. HIKAM karangan : Imam Ibnu Athoillah
07. Tanwir Fi Isqotittadbiir karangan : Imam Ibnu Athoillah
08. Fathurrohman karangan : Syaekhul Islam Zakariya Al-Ansori
09. Minhajul’Abidin karangan : Imam Ghozali
10. ALFIYAH karangan : Ibnu Malik
11. Al-Yawaqit Wal Jawahir karangan : Syekh Imam Asysyaroni r.a
12. Iqodhul Himam karangan : Imam Al-Qusyaeri r.a
Sareng anu sanesna ………………
Mudah-mudahan ieu kitab aya mangfa’atna kanggo sadayana anu muthola’ah kana ieu kitab, sareng sing aya barokahna kanu nulisna, kanu nyebarkeun-nana kalayan izin Alloh tiasa kana ngamalkeun-nana. Amiin….ya..Robbal ‘aalamiin….
Mung sim kuring wasiat kasadaya anu ngaos ieu kitab, omat eusina ieu kitab teu kenging diobral dicarioskeun kasambarang jalmi anging dipangaosan anu ngabahas tauhid, namung upami kajalmi anu tos ngartosmah kana tauhid sok sanajan sakedik-sakedik sareng anjeunna minateun kana elmu tauhid teu sawios-wios. Sok komo dicarioskeun atanapi diwuruk-keun ka murang kalih anu can cekap umur kana ngaos tauhid mah eta ulah pisan. Margi ieu kitab, khusus ngabahas masalah tauhid anu kalintang jerona malih dugi ka akarna tauhid anu sabenerna mungguh para waliyullah mah. Wallohu a’lam. Sareng matak nimbulkeun katengtreman kana batin kanu macana mun ditamatkeun macana bari kaharti kandungan eusina ieu kitab. Tapi sawangsulna kanggo jalmi awam mah matak lieur matak baluweng sareng sok paur matak sasar dina teu kiat nafakuran-nana. Na’udzubillah…!
Kukituna kedah ati-ati dina ngaos ieu kitab, margi ari masalah tauhid mah sanes ngabahas amalan lahir anu diatur ku elmu fikih sareng akal, tapi ieu mah mangrupi amalan bathin anu kacida nyumputna sareng kacida hesena pikeun jalmi awam mah kana ngartina sareng kana ngabenerkeun-nana sok komo kana ngamalkeun-nana kana eta elmu. Malih aya kamungkinan kana nolakna lantaran teu cocog sareng pamadegan hatena anu pinuh ku tabe’at sareng hawa nafsuna anu aya disajeroeun dadana. Atanapi diukur sareng dihukuman ku elmu fikih tangtos moal kahartos da benten jurusan-nana. Mangga emutkeun………!
Cindekna mah sing bisa ngabedakeun antara TAUHID, FIQIH, sareng TASAUF…..!
Pepeling : Bilih anjeun nuju muthola’ah ieu kitab, teras mendakan hal-hal anu teu cocog sareng pamadegan anjeun, sok lesotkeun heula ieu kitab. Tafakuran heula sing tumaninah,…..nembe upami tos tiis hate…….sareng kahartos, mangga lajengkeun deui. Kitu bae saterasna dugi ka tamatna. Insya Alloh moal lieur.
Dupi ieu kitab dibagi IV ( opat ) bab, nyaeta :
Bab kahiji I : TAUHID AF’AL ( halaman : 3 – 7 )
Bab kadua II : TAUHID ASMA ( halaman : 8 – 52 )
Bab katilu III : TAUHID SIFAT ( halaman : 52 – 64 )
Bab ka opat IV : TAUHID DZAT ( halaman : 64 – 73 )
Mangkade dina muthola’ahna ulah di uclak-aclok atanapi dipilihan tihandap heula upami teu acan ahli mah bilih lieur tea….!
Sareng ulah hilap, satiap bade maca ieu kitab langkung sae upami maca do’a ieu :
Akhirul kalam “Assalaamu ‘alaikum warohmatullahi wabaro kaatuh”
Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu

No comments:
Post a Comment