Suluk
Naon hartina suluk jeung naon hartina salik…??
Margi dina ieu catetan ( buku ) seu-eur ngagunakeun dua bahasa ieu.
Kanyahokeun ku anjeun heh salik: ari hartina suluk, nyaeta ngambah anu nyukcruk asalna ieu basa.
Ari numutkeun istilah kacapangan dina elmu tasauf atanapi torekat, nyaeta ngaran salik teh anu ngambah kana maqom-maqom yakin atanapi anu nyukcrukan pos-pos yakin ku elmuna sareng kutingkah hatena, sahingga elmu teh pikeun manehna mah nyata, jeung karasa. Lain ngambah ku elmuna wungkul tapi bener-bener paeh poso dina ngalaksanakeun ibadahna. Ima dhohir atawa bathin, khususna ngamalkeun parentah guru sulukna.
Ari maqom yakin ieu sadayana mah seu-eur namung upami nyandak ringkesna mah aya 9 ( salapan ) maqom:
1. Maqom Tobat
2. Maqom Sobar
3. Maqom Syukur
4. Maqom Zuhud
5. Maqom Tawekal
6. Maqom Khauf
7. Maqom Roja
8. Maqom Ridho
9. Maqom Mahabbah ( Cinta )
1. MAQOM TOBAT
Hartosna:” Jeung kudu tobat aranjeun ka Alloh Ta’ala, sakabehna heh sakabeh mu’min sangkan aranjeun bagja.” (surat An-Nuur ayat 31)
Ari ieu tobat teh di sebatna: Baabulloh.
Hartosna lawang kana wusul ( tepi ) ka Alloh. Sareng disebat oge: ASSASUL MAQOOMAAT, hartosna pondasina pikeun sakabeh maqom, bener tobatna, bener sakabeh maqomna, kokoh tobatna ajeg sakabeh maqomna, teu bener tobatna moal bener sakabeh maqomna.
Carana: Dina naekan maqom tobat, jalma suluk ieu kedah leres-leres dina tobatna ti mimiti, tobat dina islam, iman, nepi ka ihsan.
Contona: Tobat dina islam sapertos nebihan sareng miceunan sagala anu diharamkeun, anu diatur dina elmu fiqih, kalayan kapok moal balik deui, saperti : Zinah, minum arak, maen judi sareng sajabina anu diharamkeun ku syara islam. Tapi upami sangkut paut sareng hak adami, maka eta mah kedah serah diri, atanapi digentosan, sakirang-kirangna kedah nyuhunkeun dihalalkeun, saperti: Dosa maehan, maling, ngarampog, ghasab, nipu, malsu, ngurangan takeran / timbangan sareng sajabina, sareng kedah ngodoan kana naon anu kantos dikantunkeun dina sagala kawajiban saperti: ngodoan sholat, zakat, shaum, munggah haji, sareng sajabina. Tah ieu tobat dina kaislaman.
Salajengna : Tobat dina ka imanan, nyaeta tobat dina hate anu diatur dina elmu tasauf sakumaha parantos diterangkeun tipayun, nyaeta kudu fana ( kudu leungit ) tina sifat-sifat madzmumah ( anu dicawad ), saperti : Tobat tina sifat hayang dibere ku makhluk nyaeta thoma, riya, ujub, takabur, goreng sangka, cinta dunya, sareng sajabina.
Sakumaha dawuhan Imam Sayidina Ali Alkhowas r.a “Saha jalma anu panjer ( tetep ) dina maqom tobatna, sarta zuhud kana haliyah dunyana, maka bakal kumpul ka eta jalma sadayana maqom yakin anu sanesna, sareng bakal alus tingkah hatena…”
Lenyepkeun :
Taliti ku anjeun heh salik, tingkah hate anjeun salamina dina jero naekan maqom tobat ieu, sing nepika karasa dosa-dosa anjeun anu kaliwat timimiti umur baligh nepika jaman anjeun ayeuna. Tobat aya 3 ( tilu ) tahapan.
1. kahiji : diajar
2. Kadua : bisa
3. Katilu : ahli
Diajar tobat, nyaeta nafakuran sakabeh dosa pikeun ditobatan.
Bisa tobat, nyaeta ngangresna hate ka Alloh tina rumasa seu-eur dosa, rumasa su-ul adab, rumasa balangah, rumasa teu aya isin ku Alloh anu salamina ningali, rumasa goreng sangka ka anjeunNA, rumasa kirang syukuran, rumasa sok ngarasula, rumasa…,rumasa…..,rumasa hirup teh kumaha urang, rumasa hirup teh boga urang, rumasa boga af’al, rumasa boga sifat, rumasa boga diri sareng sajabina. Timbul bae tina ieu karumasa-an teh sifat-sifat anu sarae.
Ahli tobat, nyaeta anu istiqomah dina tobatna sahingga tobat teh jadi adat, sapertos dawuhan gusti Alloh ka Kang Jeng Nabi Muhammad SAW, dina surat : Hud ayat 112 :
Hartosna:”Kudu istiqomah anjeun sakumaha geus di parentah, anjeun jeung jalma anu tobat sarta anjeun”
Dawuhan Syekh Asysya’roni:
“Sapalihna kupasan ieu ayat, nyaeta Alloh Ta’ala marentah istiqomah dina tobat ka Kanjeng Nabi sareng kasadaya panganutna.”
Ku kituna kanjeng Nabi SAW, tara kirang istigfarna dina saban dinten saratus kali.
Lenyepkeun ku anjeun heh salik, tah kitu carana tobat anu sabenerna, prak ku anjeun jalankeun sing tepi ka ahli dina tobat teh, kakara anjeun kataekan maqom tobat.
Salajengna tobat dina ka ihsanan: nyaeta tobatna RUH, sapertos:
- Nu kahiji, tobat urusan jasmani.
- Nu kadua, tobat urusan hate.
- Nu katilu ieu, tobat anu panghesena nyaeta ti mimiti tobat ka Alloh Ta’ala dina masalah akuan, sapertos, ngaku boga diri, sakumaha dawuhan Imam Juned, Imam ahli ma’rifat:
Hartosna:” Ngarasa wujudna anjeun ( tangulukna anjeun ) eta hiji dosa anu teu tiasa di ukur gedena ku dosa liana”.
Ari dosa pang gedena eta teu aya lian iwal ti musyrik. Janten ngarasa diri wujud, eta ceuk ahli ma’rifat mah musyrik, nyaeta musrik khofi tea, kukituna wajib tobat tina eta rasa, sangkan beresih tina eta dosa gede, dosa nu kacida nyumputna.
Tah kitu tobatna muqorobin, tobatna ahli ma’rifat anu muhaqiqin, matak dina saba’da sholat oge sok istigfar sareng tobat tina saperti ieu dosa.
Nya kitu deui ditobatan dimana-mana emut ka salian Alloh, boh urusan dunya atawa urusan akherat kitu kupasan Syaekhuna Al-Arif billah Toto Syarif Muhammad Zakariya dina kitab Jamiul Muqni.
Faedah: Tegeskeun ku anjeun heh salik,
Moal bisa ngalaksanakeun anjeun kana tobat anu ka tilu ieu anging anjeun kudu ma’rifat sareng musyahadah ka Alloh Ta’ala salamina, sabab ieu mah tobatna khowasul khowas.
Margi tobat teh aya 3 (tilu) rupa :
— Kahiji : Tobat ‘Am pikeun jalma anu meunang rusydu.
— Kadua : Tobat Khos, tobatna jalma anu meunang taofek
— Katilu : Tobat Khowasul-khowas nyaeta tobatna anu meunang hidayah, nyaeta jalma anu caang hatena, awas paningali bashirohna kalawan mukasyafah sareng musyahadah.
“Saestuna Alloh mika cinta ka tukang tobat, sareng mika cinta anjeunNA ka tukang beberesih.” ( Al-Baqoroh ayat 222 )
Ma’rifat dina tobat:
Nyaeta ma’rifat dina wahdat asma, hartina nganunggalkeun Alloh Ta’ala dina sagala jenengan ( gelar ). Saba’da anjeun heh salik, ngalaksanakeun tobat dina maqom ibadah sareng ubudiyah, terus tingkatkeun ku anjeun kana maqom ibadah sareng ubudah, ulah mandeg anjeun dina eta maqom, sahingga anjeun disebut ku gusti Alloh “Tawwab” hartina: Tukang tobat ( ahli tobat );
sakumaha dawuhanana, anu hartosna: “ Saenyana Alloh mikacinta ka tawwab kabeh “
Jadi, anjeun geus boga maqom tawwab. Ari hartina maqom nyaeta: pangkat, kadudukan, tempat, alhasil anjeun geus boga pangkat jeung kadudukan tawwab, sedengkeun anu saenyana mah anu gaduh gelar tawwab, ka-asup tina Asma-ul Husna.
Jadi kukituna Alloh SWT, parantos mere ngaran ka anjeun ku ngaran anjeuNA, maka ku kituna heh salik, balikeun deui ku anjeun ieu gelar kanu kagungan-nana, kanu hakna nyeta Gusti Alloh SWT
Carana:
Pandang ku anjeun, tekadkeun ku anjeun, musyahadahkeun ku sir anjeun, dimana-mana anjeun tobat eta teh timbul ti Alloh Ta’ala, nyaeta Alloh nuju nembongkeun jenengan-nana Tawwab, nya kitu deui dimana-mana anjeun ningali ka hiji jalma anu pagaweannana tobat bae, tekadkeun ku anjeun Alloh nuju tajali kalawan jenengan Tawwab.
Tah ieu ka asup Tajali asma, tajali anu kadua tina tajali af’al, margi tajali teh aya 4 (opat) rupa:
— Kahiji : Tajali Af’al, anu parantos dibahas tipayun.
— Kadua : Tajali Asma, nyaeta anu ayeuna keur di wincik hiji-hiji
— Katilu : Tajali Sifat
— Ka opat : Tajali Dzat
Sakumaha anu bakal ka sorang, insya Alloh walhasil tobat ieu teh ti Alloh ku Alloh. Urang ieu mah ngan wungkul tempat dohirna Asma Alloh.
Kanggo postingan salajengna insya Alloh engke urang ngabahas Tauhid Asma dina Maqom Sobar.
Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Sobar
No comments:
Post a Comment