AutoFaucet

BAB I MERTELAKEUN TAUHID AF’AL

 

Ngabahas Syirik Khofi

Ari syirik khofi nyaeta sapertos ngabangsakeun perbuatan kasalian ti Alloh sapertos ngaraos ngagaduh diri, sifat diri, sareng af’al diri, sombong ieu aing, ngarasa beunghar, ngarasa pang pinterna, jeung sok ngabeda-bedakeun kana harkat darajat, pangkat jeung kadudukan mana si miskin jeung mana si kaya kalayan sok nyapelekeun kasasama, acuh tapi sok butuh ku tanagana, ngajauhan silaturahmi, jeung embung kailuan kunu leutik  komo jeung katingalina rudin tur hina mungguh pandangan nana, kasieunan, sieun beakeun alas, jeung sajabana.

Ari kaseu-euran nana eta jalmi henteu pada terangeun sareng teu pada naliti kana syirik khofi, jadi iman-na teh sok kababawa kubatur henteu sabenerna sakumaha didawuhkeun ku Alloh Ta’ala dina surat Yusuf ayat 106:

Hartosna : “ Sareng henteu iman kaloloba-an nana manusa ka Alloh anging bari maranehan nana musyrik”.

Kusabab mandang wujud salian ti Alloh sareng ngabangsakeun perbuatan kadirina, eta kaasup musyrik ceuk golongan aulia mah. Nyaeta musyrik leutik anu sok disebut syirik khofi tea. Tapi sok sanajan leutik ari musyrikmah tetep wae dosa panggedena. Anu moal dihampura tea ku Alloh lamun nepi ka datangna ajal masih keneh kapigawe.

Jadi urang disebat ku Gusti Alloh dina Al-Qur’an: “musyrik dikecualikeun tijalmi mu’min anu sabenerna, moal digolongkeun urang ka jalmi mu’min anu sabenerna kecuali i’tikad urang sareng pandangan urang” Henteu aya anu berbuat, sareng teu aya anu uninga, teu aya anu kawasa, teu aya anu kersa, teu aya anu hirup, teu aya anu ngarungu, teu aya anu ningali, sareng teu aya anu maujud, anging Alloh ta' ala nyalira.”

Lamun i’tikad urang geus kitu kakara urang disebat mu’min anu sabenerna, jeung kakara urang lesot tina syirik khofi, jadi ahli tauhid anu sajati mah anu ngaboga-an dua surga, nyaeta: surga dunya anu buktina ma’rifat, sareng surga di alam akherat sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina surat : Ar-Rohman ayat 46

Anu hartosna: “sareng pikeun jalma anu sieun kana maqom pangeran-nana baris meunang dua surga”

Saur syekh Abdullah Bin Hijaji Asarkowi, r, a: “Saha jalma anu geus asup dina surga ma’rifat di ieu dunya, niscaya moal kabita kana surga di akherat kalawan dinisbatkeun kana bidadari-na, katuangan-nana sareng leu-euteun-nana, sareng nu sanesna kani’matan lahir”

Lain deui dinisbatkeun kana ni’matna ningali Dzat Alloh nu Maha Suci, margi ningali Dzat Alloh ( Musyahadah ) di ieu dunya eta sapalihna kani’matan di surga anu pang ageungna.

(…mangkade lepat hartos nigali ka Alloh di ieu dunya sanes nigali ku panon lahir, tapi nigali ku “SIR” atanapi panon hate anu bersih…)

Eling-eling mangka eling heh salik poma anjeun ulah poho tina tekad wahdatul Af’al, ku sabab ieu pisan anu bisa ngadugikeun ka anjeun kana bisa ningali ( musyahadah ) kana ka-agungan dzat anu wajibul wujud, sareng kudu sieun anjeun ngabangsakeun perbuatan ka diri anjeun sareng sakabeh makhluk dina sagala bidang, sareng sing emut ari ngaran af’al eta :” Obah sareng cicingna”

Saur Syekh Imam Asysya’roni r.a, dina kitab Al-Jawhir Wadduror, anu meunang nukil tina cariosan Syekh Muhyidin Bin Arobi r.a,: ” Ari sadaya akwan ( makhluk ) eta sadayana hahalang kana ningali ka Alloh Ta’ala anu padahal Alloh Ta’ala teh anu berbuat dina satukangeun hahalang ( hijab ) eta makhluk, bari dirina eta makhluk teh henteu ngahalangan ka anjeunna kana ningali ka Alloh Ta’ala. Contona: Sapertos kalangkang tangkal kai dina cai, apan eta kalangkang teh henteu matak ngahalangan kana liliwatan eta parahu, nyata atuh anu ngahalangan teh ngan sangka-an anjeun wungkul kana ngading-dingna eta kalangkang.

Jadi, saha jalma anu tos terbuka tina hahalang hatena niscaya bakal katinggali sajatina anu berbuat nya eta Alloh Ta’ala wungkul, sawangsulna saha jalma anu teu terbuka hijab hatena mangka pasti poek kahalangan ku eta makhluk tina ningali ka fa’il anu hakiki ( Anu berbuat saenyana ) nyaeta Alloh Ta’ala.

Dina perkawis i’tikad kaum muslimin ngeunaan perkawis af’al ( perbuatan ) eta aya 4 ( opat ) aliran.

1. Kaum muta’zillah :

Maranehna henteu nyarahoeun yen saenyana Alloh anu berbuat kana sadayana perbuatan. Jadi tekad maranehna mah anu berbuat kana sagala perbuatan teh anu anyar: diri maranehan-nana jeung kudrot maranehan-nana anu anyar eta napakan dina sadayana, contona sapertos i’tikad kieu: Sagala perkara teh kumaha urangna, kumaha usaha urang, lamun usahana leutik hasilna oge leutik jeung sabangsana. Jadi ngagantungkeun harepan kana ikhtiar sareng kasab wungkul, atawa tetegenan kana sabab lain kanu ngajadikeun sabab. I’tikad kieu kade matak fasik.

2. Kaum Jabariyah :

Maranehna nyarahoeun jeung mandang kana sagala perbuatan eta ti Alloh Ta’ala wungkul sarta kukuh pandangan-nana, tapi maranehan-nana ngaleungitkeun kasab, kusabab maranehan-nana kirang, henteu nepi kana darajat kamal ( sampurna ) kukituna maranehan-nana nyasar tina jalan syare’at. I’tikad kieu ngadeukeutkeun kana zindik.

3. Kaum Asy’ariyah :

Maranehna nyarahoeun yen sadayana perbuatan ( af’al ) eta ti Alloh Ta’ala, tapi aya di maranehan-nana usaha/kasab jeung ikhtiar, sabab kasab jeung ikhtiar eta duanana tempat cumantelna hukum syara, bari kasab sareng ikhtiar ieu, henteu napakan dina perbuatan anu anyar, sabab anu napakan dina eta perbuatan ngan Alloh Ta’ala nyalira.

Jadi hamba ieu wajib ngalaksanakeun syare’at kayaning kasab sareng ikhtiar, tapi hasilna kasab sareng ikhtiar gumantung ka Alloh Ta’ala sabab Alloh Ta’ala anu ngersakeun nana.

Tah ieu itikad teh, anu salamet tina bahaya dunya sareng bahaya akherat, tapi maranehan-nana moal nepi kana martabat mukasyafah kusabab kahalangan ( kahijab ) kupandangan-nana yen kasab sareng ikhtiar eta ti diri maranehan-nana, henteu di pandang yen sagala perbuatan ti Alloh Ta’ala wungkul.

  Tegeskeun ku anjeun heh salik: sadayana aliran anu tilu tadi eta paningalina “gis awah” hartosna “poek katutup” tina ningali sareng mandang kana wahdatul af’al, jadi tetep katutup mata hatena kana tepi ka maqom mukasyafah ( terbuka hate ka alam gaib atanapi alam malakut ). Sareng moal tepi kana maqom musyahadah ( ningali ku, Sir ) ka Dzat Alloh Ta’ala sareng moal tepi kana maqom mukafahat ( berpandangan )

4. Kaum Mukasyafah :( anu diterangkeun dina ieu buku )

Nyaeta kaum anu terbuka panon hatena, anu caang basirohna, sahingga tiasa awas kana satukangeun dirina, kana jerona ieu alam, nyaeta anu disebat alam malakut, alam arwah, sareng nafsu. Kliseuna alam dohir sahingga katingali jelas ku aranjeuna yen sagala perbuatan eta perbuatan Alloh Ta’ala.

Ari disendekeun-nana ieu af’al ka makhluk, eta teu aya sanes. Contona saperti kalam jalma anu nulis, nya anu ngajadikeun hurupna, komana, titikna sareng sajabina eta jalmi anu nulisna tea, ari kalamna eta alat sareng sabab kana ngabuktina eta tulisan.

Tah sapertos kitu ka aya-an nana sakabeh makhluk nyaeta sapertos kalam, henteu boga manehna perbuatan ngan wungkul perbuatan anu nulisna, jadi jelas pisan ayeuna mah, yen sagala kajadian di sakabeh alam eta ngan Alloh Ta’ala wungkul anu ngajadikeun-nana.

Saur Syekh Asya’roni nukil tina dawuhan Syekh Muhyiddin Ibnu Arobi r.a, dina kitab Futu Hatil Makiyah bab ka 422, : “ Saenyana sagala amal eta timbul ti Alloh Ta’ala, ari pangna ieu amal jeung perbuatan di sandarkeun ka urang karna ayana urang ieu tempat nanggung siksa sareng ganjaran, padahal eta perbuatan teh kagungan Alloh Ta’ala. Kulantaran urang ngaku dina waktu urang ka hijab ku poekna eta hate yen sagala amal sareng perbuatan urang eta boga urang, maka disandarkeun ku Alloh Ta’ala eta amal jeung perbuatan urang teh ka urang. Tah eta teh cobaan ti Alloh Ta’ala ka urang, dina sakira-kira ukuran urang.”

Tapi dimana urang asup kana hadrot ihsan sarta mukasyafah ( terbuka hate urang ) maka pasti kasaksi yen sagala af”al, eta timbul ti Alloh Ta’ala anu katingalina di urang, jadi lain urang anu berbuatna jeung anu ngamalna.

Saterasna lamun urang tepi kana maqom musyadah ( ningali ku “sir” ka dzat Alloh Ta’ala ) maka pasti urang ieu sieun ti peleset jeung salah, nepi ka wani ngaku kana af’al Alloh Ta’ala, di aku af’al urang, tapi dimana urang geus tepi kana ieu maqom, urang kudu adab sareng kudu make syare’at sakumaha piwarangan Alloh Ta’ala dina Al-Qur’an surat: An-Nissa ayat, 78 :

Hartosna:” Anu ngeuna-an ka anjeun tina ka-alusan maka eta ti Alloh Ta’ala, jeung anu ngeuna-an ka anjeun tina kagorengan maka eta ti nafsu anjeun. “

Saur para ulama mah teu meunang nyebut goreng timbul ti Alloh anging dina pangajian, jeung deui sing emut heh salik, ieu elmu teh: Elmu tekad, elmu iman, lain elmu ucapan jeung lain elmu obrolan omat pisan ulah dipake heureuy, tapi kudu bisa merenahkeun-nana, pek jalankeun ku tafakuran margi jalan-na pikeun ngahasilkeun wahdat af’al eta kudu loba tafakur, sapertos ngahasilkeun-nana wahdat asma sareng wahdat sifat eta ku muroqobah, ayana hasilna wahdat dzat, eta mah ku musyahadah.

Jadi urang wangsulan deui, urang ieu tetep kedah ngajalankeun adab sareng di sandarkeun ka Alloh Ta’ala sagala perkara anu hina, sapertos : Alloh anu ngajadikeun babi, Alloh anu ngajadikeun anjing, teu kenging kitu eta henteu adab, sanaos eta sadayana teh di jadikeun ku Gusti Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan jung-jungan, K, N, Muhhamad SAW dina sapalihna du’a iftitah:

Hartosna : “ Sareng ari ka awonan eta sanes ti Gusti “

Tah ieu teh ngajar ka urang sangkan adab. Tah kitu dijelaskeun ku Syekh Ibnu Hajar dina kitab Syarah-arba’in

Lenyepkeun:

Disandarkeun-nana af’al ka urang, eta teu aya sanes anging ngahikayatkeun kana dawuhan Alloh Ta’ala anu maha Suci sareng anu maha Luhur sapertos dawuhan-nana:

Hartosna:” Kusabab amal aranjeun tina amal aranjeun “

Sareng:

Hartosna: “Kana perbuatan aranjeun:

Atanapi ayat:  

Hartosna: “Saha anu berbuat, saha anu migawe”

Ayat-ayat anu sapertos kitu teh kacida pisan seu-eurna janten urang ngaku boga amal sareng perbuatan, eta teu aya lintang anging ngalaksanakeun dawuhan Gusti Alloh Ta’ala jalaran urang ieu tempat nanggung siksa sareng ganjaran.

Emutkeun heh salik, urang kedah “muhasabah” ( kudu asak perhitungan ) sareng kedah “mujahadah” ( kedah merangan hawa nafsu ). Anu leres-leres nyaeta kujalan ngaberantas tanjakan-tanjakan nafsu ( akobatin nafsi ) sapertos : thoma, ujub, riya, takabur, thulul amal ( panjang lamunan sareng cita-cita ), sum’ah ( hayang kasohor ), goreng sangka ( khususna ka Alloh umumna ka papada makhluk ), mudahanah( miminyakan, nyaeta teu wani nyarekan anu salah sabab kahalangan kana pamerena atawa pangaruhna ), hirsu  ( ka sengsrem ku dunya ), syarhu  ( kokomoan kana dunya ), hasad  ( panas baranan ku milik batur, nepi ka ngado’akeun sina leungit milik batur teh ), hikdu ( dengki unek-unek ), bohong, sumpah palsu, saksi palsu, ngupat, ngadu-ngadu, ghodlob ( gede nafsu ), bukhlu ( koret ), ajalah ( gurung gusuh ). Sareng sajabina sifat-sifat awon. Seu-eur ulama tasauf anu ngagolongkeun sifat-sifat awon nepi ka 700 rupi sifat madzmumah nyaeta sifat-sifat anu tercela.

Tah ieu teh ka asup kana anu sok disebut takholi, ( ngosongkeun sifat-sifat anu tercela ). Ari lawan sifat takholi nyaeta ( tahalli ) anu hartina nyaeta ngeusian ku sifat-sifat anu terpuji anu di sebat oge sifat mahmudah. contona sapertos : waro’i ( pantrang hayang di bere, sareng nebihan barang anu subhat, sok komo anu haram ), ikhlas, tawadlo, henteu panjang lamunan, henteu hayang kasohor, alus sangka, kedah adil, qona’at ( ngalap cekap kanu aya ), basajan / sederhana, tiis fikir, gede hampura, jujur, bener, akuran, berehan, daek lumajak tara pandang bulu, nya-ahan, welasan, asihan, deudeuhan sareng seu-eur deui.

Diantara sifat-sifat anu awon, aya anu pang nyumputna tapi pangruksakna: Nyaeta thoma, ( boga sifat hayang di bere ) ieu sifat teh kacida bahayana, sabab matak mangaruhan kana hate tina cumantel sareng tawekal ka Gusti Alloh Ta’ala, sareng matak poek kana hate, sareng nya didieu lolongkrangna pikeun syetan ngagoda ka urang, sabab tina ieu sifat matak nimbulkeun delang delong kana pangaboga batur, ieu sifat teh kacida gorengna, khususna keur anu suluk sakumaha dawuhan guruna, guru sim kuring, anu arif, anu teuleum dina laut ma’rifat : Syekh Toto Syarif Muhammad Zakariya, anu didugikeun ku Guru sim kuring mama T.b, Imam Zaelani sareng mama T.b,  Maulana Yusuf ti pasantren Gunung Santri Banten, dina salah sawios pangaosan nana, sareng dina masihan wejangan ka sim kuring sareng ngati-ngatikeun nana ka sadaya muridna nyaeta kedah ngaboga-an sareng mibanda 3 (tilu) sifat utami :

 Kahiji, Pantrang hayang dibere       

 Kadua, Pantrang nyuhunkeun

 Katilu, Pantrang nganjuk / ngahutang

( Kacuali lamun dina ka aya-an anu darurat pisan atanapi kapepet )

Emutkeun kapara salik, lamun urang nyalusur kana pirang-pirang sajarah, seu-eur jalma anu rag-rag darajatna dijaman baheula atawa jaman ayeuna, anu ditimbulkeun tina balangah kana ngontrol nafsu sareng dirina tina sifat-sifat anu tilu ieu.

Teu kirang-kirang tukang dagang ambruk dagangan-nana, pamimpin leungit wibawana, nu beunghar turun harkatna, nu nyantri ruksak kasantrian-nana, Kiayi cemar elmuna, hambar caritana sok komo deui lamun puntu-pentana teh keur nambahan pangabogana sahingga nyuhunkeun teh jadi kasab jeung adat, geus teu mirosea deui kana haramna jeung ancaman nana.

Kanjeng Rasulullah SAW parantos masihan pepeling dina hadistna anu diriwayatkeun ku Imam Turmudzi anu pihartoseun nana:

“Saenya-enyana puntu-penta teh henteu halal pikeun kanu beunghar jeung pikeun anu jag-jag waringkas, nanging dina ka aya-an darurat atawa dina ka aya-an kateumbleuhan anu teu meunang henteu”

Saterasna dina hadist eta teh desebatkeun kieu:

“Jeung saha jalma anu puntu-penta pikeun nambahan pangabogana, maka jagana dina poe kiamat bakal rodek sapinuh beungeutna, jeung bakal dibere kadaharan tina batubara anu kacida panasna tina naraka jahanam, loba nya loba deui…... saeutikna, saeutik deui….”

Hadist anu kadua riwayat Imam Abu Daud r.a: “Saha anu puntu-penta bari boga kadaharan pikeun dina eta poe, maka eta sarua jeung ngalobakeun siksa-an di naraka”

Lajeng sahabat tumaros ka Kanjeng Rosulullah SAW, “Numana nu kasebat sugih…? Anu henteu kenging barang penta teh…?”  

Walerna:” Nu alakadarna, aya dahareun pikeun isuk, sareng sore”

Tegesna, saha jalma anu boga dahareun pikeun isuk sareng sore, maka eta di haramkeun pikeun barang penta kana sidekah sunat.

Tah kitu heh salik, ancaman pikeun jalma-jalma anu sok puntu-penta, jeung deui timbulna eta sifat anu goreng, nyaeta tina poekna hate, sahingga makhluk jadi sasaran hatena, jadi angkeuhan pikirna, kusabab dina Al-Qur’an oge henteu aya ayat anu nitah barang penta, malih mah sawangsulna.

Salajeungna heh salik, perangan, jauhan ku anjeun sifat anu kadua nyaeta thoma, hayang dibere, hayang diondang, ngadeukeutan lincar, ieu sifat teh kacida gorengna, sakumaha dawuhan Hasan Basri dina ngawalerna patarosan Sayyidina Ali r.a, di masjid jame Basrah, waktu Sayyidina Ali r.a, ngusir ti eta masjid ka tukang ngadarongeng, anu keur rame ngadarongeng, anu kaleresan Hasan Basri aya di eta masjid, sabab Sayyidina Ali mah henteu resepeun kana dongeng.

Saur Sayyidina Ali.r.a, ka Hasan Basri:

“Heh pamuda, kami rek nanya ka anjeun, lamun anjeun bisa ngajawab kana ieu pertanyaan, maka meunang anjeun tetep di ieu masjid, sawangsulna lamun anjeun teu bisa ngajawab, maka anjeun kaluar ti ieu masjid, saperti itu tukang ngadarongeng”

Kituna teh Sayyidina Ali.r.a, parantos ningali kana ciri solehna sareng ciri meunang hidayahna Hasan Basri.

Maka Waler Hasan Basri:”Mangga... bade naros naon…?”

Dawuhan Sayyidina Ali.r.a, :”Naon galeuhna Agama….?” (  teuteuasna agama )

Walerna Hasan Basri:” WARO’I”

Pertarosan anu kadua:” Naon anu ngaruksak Agama.”

Walerna Hasan Basri:”THOMA”

Tidinya Sayyidina Ali.r.a, Ngadawuh:”pek anjeun tetep di ieu masjid, tah sapertos anjeun jalma anu pantes da’wah mah.”

Jadi tegesna mah lamun ceuk basa kiwari mah Sayyidina Ali.r.a, teh keur natar tukang da’wah sareng tukang ngawuruk, nyaeta kudu mibanda 2 ( dua ) sifat :

Hiji: WARO’I, anu kaduana ngajauhan THOMA. Waro’i teh aya dua rupa , Kahiji WARO’I Khos ( ahli ) jeung anu kadua WARO’I Am.( awam )

1. WARO’I Khos :  nyaeta sehat kayakinan ka Alloh Ta’ala sareng sampurna cumantel ka Robul’alamin sareng ayana tengtrem ka Alloh sareng tumaninah hate ka Kholiqna.

2. WARO’I  AM  :  nyaeta ninggalkeun anu syubhat ( anu henteu jelas haramna sareng henteu jelas halalna ).

Jadi  WARO’I teh nyaeta:

-Lahirna : Ngajaga kadaharan, pakean, inuman, jeung sajabina tina barang syubhat, sok komo tina barang haram, sarta ngapikan ibadahna sareng usahana.

-Bhatina : Ngaleungitkeun sifat-sifat anu dicela kayaning: THOMA, cinta dunya, cinta pangkat sareng pangaruh, geus kitu tuluy di jejelan di paesan ku sifat-sifat anu terpuji kayaning, niat anu tulus, qona’ah bari pinuh cumantel sareng pasrah ka Alloh Ta’ala, sehat kayakinan-nana, sampurna manahna tengtrem ayem tumaninah hatena ka Alloh Ta’ala, tah dimana si hamba geus bisa ngalaksanakeun model kitu kalawan taofeq Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina akhir surat: Al-Fajr :

Hartosna:” Heh, nafsu mutmainah, mulang anjeun ka pangeran anu ngurus anjeun bari ridho tur dipikaridho, pek asup anjeun di maqom hamba-hamba kami, jeung asup anjeun ka sorga kami.”

Kupasan ieu ayat anu sacara luas, Insya Alloh engke di payun dina kupasan maqom ridho.

( Tah sakitu we heula, pek tafakuran heula )

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Tobat

No comments:

Post a Comment