AutoFaucet

BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Khauf

 

6. MAQOM KHAUF

 Dawuhan Alloh Ta’ala dina pembukaan surat Al-Hajj, ayat 1-2 :

“Heh eling-eling manusa, kudu taqwa aranjeun ka pangeran aranjeun, ( sangkan aranjeun aman tina pakewuh ). Lantaran saenyana genjlongan menjelang kiamat, eta hiji perkara anu hebat. Nyaeta poean aranjeun ningali matak soak rampang-reumpeung, anu keur nyusuan cul kana susuan-nana, nu reuneuh ngadadak ngajuru, jeung ningali anjeun ( heh Muhammad ) ka sakabeh manusa sapertos anu mabok, padahal saenyana mah lain mabok, tapi siksa Alloh anu beurat”.

Maqom yakin anu kagenepna anu kudu ditambah ku anu ngambah jalan ka Alloh, nyaeta anu sok disebat salik atawa salikin,  nyaeta maqom Khauf, hartina SIEUN, anu dimimitian sieun ku siksa Alloh, ku benduna Gusti Alloh, sieun ku naraka Alloh, anu antukna tepika ngagulung sieun teh wungkul ku Gusti Alloh, saperti dawuhan Gusti Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 40:

“Jeung ku Kami maka kudu sieun aranjeun”

Dina Al-Qur’an sareng dina Hadist, anu nyarioskeun beuratna siksaan di akherat eta kacida seu-eurna, contona hadist anu nerangkeun beuratna siksa dina poe kiamat, sapertos Hadist Soheh Riwayat Bukhori & Muslim:

“Jalma-jalma karesangan dina poe kiamat, nurutkeun kumaha amalna waktu di dunyana, malahan aya anu kekerebekan dina kesangna sorangan, sabab kesangna sorangan, sabab kesangna aya anu nepi kana ceulina, aya oge anu tepi kana handapeun bujalna, nya aya anu laput bahamna”

Ieu teh diantarana kesang anu teu kaluar dina amal ibadah.  Kangjeng Rasulullah SAW kantos khutbah anu luar biasa hebatna. Saurna : “ lamun aranjeun nyaho kana naon anu ku kuring kanyahoan, pasti aranjeun saeutik seuri, loba ceurik”.   Para sahabat anu harita hadir, ngadadak meungpeunan rarayna masing-masing, bari sumegruk narangis. Kitu le-ehna manahna para sahabat r.a..

L E N Y E P K E U N :

Ari khauf ieu teh asalna kakaget hate anu timbul tina perasaaan kecewa, atawa ngajenghokna hate tina leupasna anu dipikacinta dina jaman anu bakal kasorang.

Conto anu kahiji : Saperti SIEUN ku ancaman Gusti Alloh.

Conto anu kadua : Saperti SIUEN su-ul khotimah, tegesna sieun maot henteu mawa iman- islam, sabab dosa leutik oge lamun disanghareupkeun ku adilna Gusti Alloh mah pasti gawatna.

Kukituna ieu sifat SIEUN ku Alloh teh ka-asup kana poko sifat “ULAMA”, sakumaha dawuhan Gusti Alloh dina surat  Fathir ayat 28 :

“ Pasti sieun ku Alloh diantara hamba-hamba para “Ulama”

Jadi sifat sieun ka Alloh teh, eta ciri hate para Ulama. Ulama anu ngamalkeun elmuna, elmu lahir sareng elmu bathinna, bagian jasad sareng bagian hate, sahingga leres-leres dina ngajauhan anu matak meunang bebendon ti Gusti Alloh SWT.

Saur Imam Sufyan Sauri : “ Cukup khauf keur anu awam, matak jadi ngajauhan cegahan(larangan) Gusti Alloh”.

Saur sapalihna ahli tasauf:

“Nu kasebut sieun teh, lain anu ceurik bari nyusutan cai panonna bari angger bae ngalakonan dosa…., tapi anu khauf mah nyaeta anu ninggalkeun…dosa…, lantaran sieun ku Alloh, sareng sieun katipu ku tetegenan kana hampura Gusti Alloh, bari ninggalkeun kana amal sholeh”.

Kusabab aranjeunna mah ( ahli tasauf ), Khauf-na teh bari disarengan ku leres-leres ibadahna ka Gusti Alloh, siang sareng wengina, sabab dina hadist oge “ Ari anu untung teh jalma anu nundukkeun hawa nafsuna, jeung ngamal pikeun bekel saba’da maot, Sawangsulna ari jalma rugi mah nyaeta anu nuturkeun hawa nafsuna, serta ngarep ngarep ka Alloh ku lamunan”.

P E P E L I N G:  

Maqom khauf ieu teh minangkana mah pamecut sareng panggiring kana giat, leres-leres kana ibadah, sareng pikeun ngabendung hawa nafsu tina ngalampahkeun amal – salah, saperti rek ma’siyat - khauf ku Alloh, rek takabur, khauf ku Alloh, rek ujub, khauf ku Alloh, jeung sajabana ti eta. Tapi ukuran sieun ku Alloh ieu teh tergantung kana caang hatena sareng ma’rifatna ka Gusti Alloh, sakumaha dawuhan Imam Sufyan Sauri r.a:  “ Ari khaufna mu’min ka Gusti Alloh, sareng prihatinna ka Alloh, tergantung kumaha kadar caang panon hatena, sareng ma’rifatna ka Gusti Alloh”.

Kukituna para ‘ulama salaf-sholeh, dina sulukna ngalaksanakeun ieu maqom khauf teh jadi wiridanana minangkana mah saperti imam ahli ma’rifat sareng tasauf nyaeta Imam Juned r.a.

“Peuting teh dibagi tilu bagian : sabagian keur ibadah, sabagian keur sare sabagian deui keur …ceurik”.

Nyakitu deui anu sanesna, malahan jalma isuk-isuk lebet kabumina Ibu Siti Robiah Adawiyah, maka bakal ningali dilebet pangkeng paranti ibadahna, seu-eur cai anu pasti disangka cai urut wudhuna, anu padahal mah eta teh cai panon tilas nangis dina wengina.

Nyakitu deui nangisna para gegeden sahabat dina ngaraos lalawora kana hak-hak Gusti Alloh. Anu kieu maqomna sapertos Sayidina Abu Bakr Siddiq r.a., Syaidina Umar Ibnu Khotob r.a malihan saurna, aya dua gurat hideung dina pameunteuna Syaidina Umar r.a lebah handapeun socana, sihoreng eta teh tilas ngucurna cai socana balas nangis khauf ka Gusti Alloh, rumaos seu-eur lalawora kana hak-hak Gusti Alloh.

Ari maqomna saperti kieu teh deui, nyaeta Syaidina Abu Darda r.a, Ibnu Abbas r.a. ,Kholifah “Umar bin Abdul Aziz, sareng seu-eur deui anu sanesna anu antukna aranjeunna ieu tara sare ngagoler, cukup ngandelkeun bari diuk bae, lantaran isin ku Gusti Alloh, kecuali dina  ka aya-an darurat.

M A S A L A H:  

Ceurik anu dijalankeun ku para sahabat sareng para ulama salaf-sholeh, ieu teh “ceurikna hate” sareng “ ceurik ruh” anu katembongna dina bandan, badan ieu nu katempuhan nepika ngaluarkeun cai panon, padahal hakekat anu ceurikna mah nyaeta hate, sakumaha saur Fudel bin Iyad :

“Ceurik teh lain ceurik panon…tapi ceurik hate..kusabab sok aya anu panonna ceurik…. padahal hatena tea “

Kusabab ceurikna anu munafek oge tina sirahna, lain tina hatena. Jadi ceurik ieu teh saenyana mah rupa-rupa.

- Aya anu timbul tina sirah, ieu mah disebutna ceurik munafek.

- Aya deui anu timbul dina dada, nyelek piceurikeun nepi ka budelna kaluar, nu ieu mah ceurik tina pangaruh bangsa jin anu aya dina dadana, anu kieu mah rada seu-eur…,awas sing ati ati.

- Jeung aya deui anu ceurik lantaran gehgeran, pedah dirangkul kunu ceurik atawa ningali jeung nguping anu ceurik, sok milu ceurik…

Saur Imam Sufyan Sauri r.a. nyaeta Imam Hakekat sareng Syare’at :

 “ Ari ceurik eta aya sapuluh bagian, ngan hiji anu “karana Alloh mah anu salapan bagian deui mah , gagal…riya ( lain karana Alloh ).

Saterasna saur eta Imam “ Lamun jalma ngajaran sakali bae dina sataun ceurik anu “karana Alloh” tea Insya Alloh…eta jalma salamat ti Naraka”

CARANA:

Prak ku anjeun heh salik geura taekan ieu maqom khauf….ti mimiti diajar….,bisa… sing nepi ka jadi ahli sareng adat! Saperti anu tos diterangkeun khauf-na sahabat sareng para ulama salaf – sholeh  ku jalan sieun sareng isin, ajrih ka Gusti Alloh SWT, sabab rumasa taledor sareng rumasa hina dipayunan anjeunNA, nyaeta sok sieun su-ul khotimah, sok sieun istijrad, sok sieun katipu, kagendam, disungkun sareng anu sanesna.

Prak heh salik! Talungtik hate anjeun sanajan dina amal ibadah oge, sabab bisi alus mungguh anjeun padahal goreng mungguh Alloh. Numatak kajeun teuing saba’da sholat oge tetep kudu istigfar sareng tobat, sabab timbul tina rasa khauf sareng isin ku Gusti Alloh.

Prak ieu maqom teh rasakeun sing nepika karasa sareng sing nepika khauf teh dina lahir sareng bathin anjeun. Sing nepi ka 100% pol dina naekan-nana, samemeh luncat kana maqom roja, nyaeta maqom anu katujuh.

Sakumaha dawuhan Ibnu Athoillah dina Hikam-na:

“ Pang alusna elmu nyaeta anu dibarengan ku kasieun ka Alloh”

“Ari elmu lamun dibarengan ku kasieun ka Alloh maka eta mangfa’at ka anjeun. Sawangsulna lamun henteu dibarengan ku kasieun ka Alloh maka eta elmu teh mudlorot ka anjeun, malahan ngajauhan ka anjeun”

Sareng pangna khauf sing nepi kana pol 100% teh ngarah bijil syahwat nafsu anjeun tina hate anjeun, kitu dina Hikam Ibnu Athoillah.

“Moal kaluar syahwat nafsu tina hate, anging ku kasieun anu nyarentak ngagetkeun anu minuhan hate, atawa kacinta anu pohara matak kapengpeongan”

Dawuhan Gusti Alloh swt dina surat Al Baqarah ayat 74:

Hatosna: “Tuluy teuas hate aranjeun ti saba’da kitu maka nyaeta saperti batu malahan leuwih teuas, jeung saenyana ti antara batu mah sok bijil pirang-pirang susukan, jeung saenyana tina batu mah sok pecah, terus bijil cai, jeung saenyana tina batu mah sok ragrag tina sieun ku Alloh sareng henteu poho Alloh kana naon amal anjeun”

Dawuhan Gusti Alloh ieu nuduhkeun kana saenyana hate jalma di antarana aya anu teuas saperti batu malahan oge aya anu leuwih.  Ari pangna disarupakeun sareng batu, eta teh dina pada teu bisa dileuleskeun. Beda deui sareng beusi baja. Sanajan teuas oge etamah bisa dileuleskeun. Ari pangna disebutkeun leuwih teuas manan batu, sabab ari batu mah bari teuas oge aya 3 kamodelan, sakumaha dicarioskeun dina ieu ayat nyaeta:

Kahiji : batu mah sok timbul pirang pirang cai anu kaluar ti jeroan-nana terus ngalir ngajadi susukan-susukan anu kacida gede mangfa’atna, sakumaha cai anu kaluar ti gunung gunung.

Kadua : batu mah sok sanajan teuas oge sok rengat, sok beulah, anu antukna rembes tina sela selana eta batu, nyaeta cai.

Katilu: batumah sok ragrag, ngagalutuk “min khosy-yatillah” tina sieun ku Alloh SWT.

Tah ieu teh ti antarana ka-anehan batu.

Ayeuna urang nerangkeun ka-anehan ka aya-an HATE. Diantarana aya 3 rupa ka-anehan saperti batu. Hate disebut ku Alloh SWT teuas. Ieu teh maksudna neranghkeun panyakit hate, anu panghesena diubaranana lamun dina elmu fiqihna disebutna teh, nyaeta najis.  Dina elmu fiqih dina babandingan-nana harti teuas teh nyaeta najis. Ari najis eta kabagi 3 nyaeta:

Najis anu beurat, najis anu enteng sareng najis anu pertengahan.  Tah sami saperti kitu…tingkatan-nana teuasna hate jalma…!  

Ari pikeun ngabersihan najis eta aya 2 cara:

Kahiji: carana ngabersihkeun make cai

Kadua: ngabersihkeun make batu, sabab batu  oge disebut sok ngaluarkan cai.

Ayeuna Cara Sulukn.

Urang ieu moal bisa mecahkeun batu anu teuas lamun henteu leukeun jeung henteu ngaluarkaeun tanaga, jeung hese deui beulahna lamun urang henteu apal uratna. Tah saperti kitu cara urang oge pikeun meupeuskeun hate. Nyaeta kudu bisa ngabarantas panyakitna. Kalawan leres-leres mujahadah sareng riyadoh, tuluy suluk…..., ngambah maqom yakin. Terutama nyaeta “min khosy-yatillah” ( tina sieun ku Alloh ).

Saterasna lamun eta hate tos beunang urat-uratna, tanwande eta hate teh bakal pecah ngaluarkeun cai. Tapi lain cai….sambarang cai…., ieu mah maksudna cai hakekat, nyaeta elmu anu buktina Nur…..Caang….dina jero eta hate, anu ceuk basa Arabna mah

Hartina :Elmu teh nyaeta Nur tina Hate..!

Sabab tos kalebet jalma taqwa anu saenyana, sakumaha dawuhan Alloh dina surat Al Baqarah ayat 282:

Hartosna: “ Jeung kudu taqwa aranjeun ka Alloh, jeung bakal masihan elmu ka aranjeun, Alloh”

Ieu elmu teh nyaeta nu sok disebut elmu laduni tea, anu bakal ngocor ieu elmu teh kana pancuran sareng susukan baham kalawan aneka warna, pikeun ngabaseuhan saha bae anu haus sareng butuheun, anu daraek neundeunna insya Alloh bakal subur makmur lahir batin.

Ari bijilna sareng lobana ieu elmu dina hatena teh tergantung kana pecah hatena, saperti pecahna batu tea. Loba pecahna loba ngucur caina. Saeutik nya saeutik deui. Sifat ka-ahengan batu anu katiluna nyaeta sok ragrag tina sieun ka Alloh. Tah…,nyakitu deui hate oge….upama hate urang..,nya-an sieun ka Gusti Alloh sok murag sifat sifat anu gorengna, tina takabur murag jadi tawadu. Tina poho kana maot jadi inget..,sareng sajabina..  Lila jeung sakeudeungna hiji jalma anu suluk kana wusul ( tepina ) ka Gusti Alloh, eta tergantung kana peupeus hatena, serta kandel  ipisna sifat kamanusa-an nana anu garoreng, anu matak dina hadist oge: “ Beres hatena…, beres sakabeh anggota badanna…, ruksak hatena…, ruksak sakabeh anggota badanna.!”.  “Beres amal hatena……, beres deui amal lahirna…!, Teu beres amal hatena…,moal beres amal lahirna….! sarta moal ditarima…!, sabab Alloh mah henteu ningali lahirna, tapi …ningali…hatena..!

Bagja ka jalma anu geus loba mencrong kana tingkah hate, sareng muroqabah ( ngintip ) kana ASMA sareng SIFAT Alloh anu berjalan dimanehna.

MA’RIFAT KHAUF:

Dawuhan Gusti Alloh dina surat Ar Ro’du ayat 16:

 “Bejakeun ku anjeun ( heh Muhammad ), Alloh anu berbuat kana sakabeh perkara sareng ari anjeunNA ( Alloh ) eta HIJI anu WISESA ( Perkasa )”

Sareng dawuhan nana deui dina surat: Al-Mu’min ayat : 16

“Boga saha….Karatuan….dina poe ieu….kagungan Alloh Nyalira anu WISESA”

Lenyepkeun:

Ma’na anu kahiji, netelakeun tunggalna sakabeh Af’al. Nyaeta sakabehna perkara teh eta…Perbuatan Alloh Nyalira!!!

Ma’na ayat anu kadua dina poe kiamat Alloh ngadawuh “Boga saha….Karatuan….dina poe ieu….” Jawab sakabeh makhluk: “ kagungan Alloh Nyalira anu WISESA”

Ieu mah ma’na syare’at. Kumaha ari ma’na Hakekatna.. ( ma’rifatna ) ?

Ma’na poe ieu teh lain ma’na poe kiamat bae anu acan datang, tapi saban poe bae…, malahan saban menit oge kitu bae.

Contona: Dimana anjeun ( heh salik ) nanya ka diri anjeun sorangan, ceuk gerentes hate anjeun teh: “Saha nya anu ngaratuan dina ieu waktu…? Jawab ku hate  anjeun : Alloh..Alloh… Alloh..!!

Atawa ma’na hakekatna kieu : Lamun jalma musyahadah ka alam Ahadiyat eta sok  timbul jawaban ti Alam Wahidiyat, nyaeta…Alloh nyalira. Tah lamun jalma tos kitu sareng ngalaman model kitu, Pasti sieunna ku Alloh teh anu saenyana…! Sabab khaufna teh timbul tina..ma’rifatna, hiji elmu anu kacida lemesna! Elmu Rasa ( Dzaok ) sareng wujudna ( papanggihan ) !!

P E P E L I N G:

Kanyahokeun ku anjeun heh salik, saenyana dina maqom ma’rifat mah atawa jalma anu geus ma’rifat mah eta tos teu aya deui khauf sareng henteu aya …maqom roja, margi dawuhan Alloh oge dina surat Yunus ayat 62:

“Lenyepkeun saenyana para kakasih Alloh eta henteu aya khauf sareng henteu aya hazan ( prihatin )”

Khauf sareng Roja ieu teh, lamun dina ma’rifat mah namina teh Maqom Qobdlu sareng Basthu.

Hartina qobdlu teh rupekna hate. Hartina Basthu teh jembarna hate.

Maqom Qobdlu sareng Basthu ieu teh pikeun anu ma’rifat tingkat pertama.

Hebat sareng Unsu pikeun anu ma’rifat tingkat menengah.

Pikeun anu tingkat tinggina mah nyaeta : Jalal  Jamal - Kamal  Rububiyat- Rohmaniyat – Ilahiyat.

Moal ngarti kana sajatina ieu maqom, lamun acan mukasyafah sareng musyahadah, sabab masing-masing tina ieu maqom teh aya CIRI-CIRINA…! Anu teu katembus ku Elmu Syare’at wungkul, tapi kudu ku Elmu LADUNI – NURONI.

Anu matak dina ngudag Elmu Ma’rifat mah henteu cukup ku muthola’ah wungkul, tapi kudu bari nyobat atawa nyantri ka anu geus ma’rifat, sabab buku sareng kitab mah henteu sanggupeun nerangkeun anu sajelas-jelasna.

Dalilna dina Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 245:

“Ari Alloh eta anu NGOBDLUKEUN sareng NGABASTHUKEUN”

kukituna ti antarana ASMA ALLOH teh nyaeta “AL-QOOBIDL” sareng “AL-BAASITH”; hartosna :”Anu ngarupekkeun” sareng “Anu ngajembarkeun”

Dina HIKAM Ibnu Athoillah:

 “Ngabasthukeun Alloh ka anjeun ( heh anu Ma’rifat ), supaya anjeun ulah tetep dina Qobdlu, sareng Ngobdlukeun Alloh ka anjeun ( heh anu Ma’rifat ) , sangkan anjeun ulah tetep bae dina Basthu, jeung ngaluarkeun Alloh ka anjeun tina duanana, Qobdlu sareng Basthu, sangkan anjeun henteu tetep sarta salian ti Alloh, nyaeta nu sok disebut maqom I’tidal (Ajeg)”

CARANA:

Tekadkeun ku anjeun ( heh salik ), pelong ku pikir anjeun…. Syuhud ku rasa anjeun…., dimana anjeun keur QOBDLU, nya eta RASA SUMPEG, BUTEK, RUPEK, aya sabab titadina, atawa teu aya sabab…., eta teh… ALLOH NUJU TAJALLI kalawan…. Jenengan “Al-Qoobidl”

Prak muroqobahan…., hartina intip… eta ASMA ALLOH teh

Ku pencrongan bathin…, sarengan ku pencrongan RASA… bari PEUREUM atawa bari BEUNTA…., mun kabeneran anjeun keur aya dina eta maqom… anjeun wayahna kudu…. SOBAR!  Nyakitu deui dimana anjeun ningali ka batur anu keur BUTEK pikirna…., anu SUMPEG RASANA…., tekadkeun bae ku anjeun…., ALLOH TAJALLI di eta jalma…. Kalawan jenengan “Qoobidl”    

Kalawan pitulung Alloh sareng hidayahna…., anjeun bakal… MA’RIFAT.

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Roja