7. MAQOM ROJA
Maqom yakin anu ka tujuhna, nyaeta ROJA.
Dina Ta’rifat Sayid Syarif Al-Jurjani, ngaran ROJA teh nyaeta :
“Cumantelna hate hayang hasil anu dipikacinta di jaman anu bakal kasorang”
Dawuhan Gusti Alloh SWT. dina akhir surat Kahfi:
”Maka jalma jadi ngarep-ngarep hayang patepung jeung pangerannana, maka prak atuh geura ngamal kalawan amal sholeh, jeung omat ulah musyrik dina ibadahna teh, ka saha bae oge”.
Ceuk sapalih ahli tafsir, ma’na “ulah musyrik” di dieu teh nyaeta ulah riya. Jadi ngaran roja teh nyaeta…Ngarep ngarep bari prak …migawe amal soleh. Lamun ngarep ngarep bari jeung henteu prak migawe amal soleh mah eta lain roja ngaranna, tapi ..amani ( ngalamun ). Ieu mah salah matak rugi dunya aherat.
Contona ( lamun didunya mah ): Lamun jalma ngarep ngarep hayang boga pare bari jeung prak tani atawa usaha melak pare, tah eta ngarana roja. Tapi lamun seug ngarep-ngarep hayang boga pare tapi bari jeung teu tani atawa teu usaha etamah ngalamun.
Ayeuna lamun dina elmu ma’rifat oge teu beda, saperti kitu bae, nyaeta lamun hayang jadi ahli ma’rifat, nya wayahna kedah suluk, ngambah pirang-pirang jalanna anu matak wusul ( tepi ) ka Alloh Ta’ala.
Dina munajatna Ibnu Athoillah dina Hikam-na kieu :
Hartosna :” Illahi..syaenana roja abdi eta henteu aya putus putus ka Gusti, sanaos abdi dosa ka Gusti, saperti saenyana khauf abdi eta henteu pisah sareng abdi sanajan abdi tho’at ka Gusti”.
P E P E L I N G
Jalma anu iman eta ulah petot-petot dina roja, keur ka aya-an kumaha bae, nyaeta ngarep-ngarep kana hampura ti Gusti Alloh, sareng rahmat-na sareng kana fadlol-na. Dawuhan Gusti Alloh SWT. dina hadist qudsi riwayat Imam Turmudzi:
“Hei anak anak Adam.., saenyana anjeun henteu pati pati ngadu’a jeung ngarep ngarep ka Kami, anging Kami ngahampura ka anjeun kana ka aya-an anjeun, jeung teu perduli Kami mah”
“Hei anak Adam.., lamun tea dosa-dosa anjeun numpuk nepi ka jujul langit terus anjeun istigfar..nyuhunkeun hampura ka Kami…maka Kami ngahampura ka anjeun”
Hei anak Adam.., lamun anjeun datang ka Kami bari mawa kaluputan sapinuh jagad, tuluy tepung anjeun jeung Kami bari ka aya-an anjeun teu musyrik ka Kami ka naon bae, maka pasti…ngadatangkeun Kami kana eta kaluluputan anjeun nyaeta ku ….hampura”
Salajengna dina hadist riwayat Imam Ahmad sareng Al Baihaqi dawuhan K.N Muhammad SAW ka para sahabat:
“Lamun aranjeun karep hayang nyaho…ku kuring rek dibejaan..! naon nu pangheulana Alloh ngadawuh ka sakabeh mu’min dina poe kiamat, jeung kumaha jawab maranehna: Kieu saur Alloh teh…
”Naha aranjeun teh resep patepung jeung Kami…?”
Ceuk sadaya mu’min : “ Kantenan …yaa… Robbana…!
Lajeung saur Alloh kieu : “ Naon sababna…?!
Jawab sadayana: “ Abdi sadaya nu ngarep-ngarep kana ma’af sareng hampura Gusti…!
Salajengna Alloh ngadawuh :
“ Saenyana Kami mastikeun ka aranjeun kana ma’af jeung hampura Kami.”
Heh para ikhwan mu’min…, urang ieu henteu bade roja kumaha geura…., sabab Gusti Alloh swt parantos masihan kaputusan nyaeta:
“Saenyana rahmat Kami ngabalapan atawa ngalindih kana bendu Kami..”
Ayeuna mangga geura ku urang lenyepan…, ti kawit BISMILLAH dugi ka fatihahna…., anu ditembongkeun teh ASMA AnjeunNa anu ROHMAN sareng ROHIM, hartosna : Anu Rahmat nya-ah lahir – bathin ! Anu padahal mah jenengan anjeunNA teh sakitu seu-seurna nyaeta anu aya dina ASMA-UL HUSNA, sapertos di antawisna: ANU GAGAH – ANU WISESA – sareng sajabina . Tah ieu teh ciciren kana nya-ahna Gusti Alloh.
L E N Y E P K E U N :
Dawuhan Gusti Alloh dina hadits qudsi riwayat Imam Ahmad, Ibnu Majah sareng Al-Baihaqi:
“Ari kami eta mungguh sangka-an nana hamba kami ka Kami, lamun tea mah manehna nyangka ka kami alus…., NYA ALUS … lamun manehna nyangka goreng …., nya GORENG….!!”
Kukituna anu matak urang ieu salamina kedah sae sangka bae ka Gusti Alloh. Malihan mah lamun urang ngalayad ka jalma anu nuju nyanghareupan sakaratul maut, atawa ka jalma anu gering ripuh, omat ulah nyarioskeun siksa Alloh sareng bendu Alloh, tapi sawangsulna nyaeta anu dicarioskeun teh kedah rohmatna ngarah… gumbira…sareng pinuh ku ROJA …., ngarep-ngarep kana ka-asih Alloh, Insya Alloh eta jalma teh BAGJA, bakal TENANG…., bakal BUNGAH di ALAM BARZAKHNA, lamun tea mah terus… mulang ka RAHMATULLOH….!
Sawangsulna lamun sieun…, nya di dituna oge bakal sieun deui….!
Saperti dicarioskeun dina hadist Riwayat Imam Baihaqi:
Hiji Jalma rek digebruskeun kana naraka, barang nepi kapinggirna…., bet ngalieuk heula…, bari pokna teh kieu:
“Demi Alloh ya Robbi…, abdi mah ka gusti teh nyangka SAE….!”
Naaa… da etamah atuh…, teu tulus di kana narakakeun-nana…!! Sabab…, tadi TEA…, “KAMI MUNGGUH ALUSNA SANGKA-AN… HAMBA KAMI KA KAMI”
CARANA :
Rasakeun ku anjeun ( heh salik ) ieu maqom ROJA teh, nyaeta :
Ulah lesot anjeun tina ngarep-ngarep ka Alloh kana hampurana, kana rahmatna….., kana fadlolna….., boh keur sholat……keur wiridan….., keur ngadu’a….., jeung sa-atosna.……Keur leumpang……, keur cicing…., keur usaha…., keur…., keur…., naon bae, keur kumaha bae….
Sanajan anjeun keur ditakdirkeun dina DOSA atawa dina MA’SIYAT.
Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat Az-Zumar ayat 53:
Hartosna: Caritakeun ku anjeun ( heh Muhammad ): “Heh hamba-hamba kami anu katalanjuran kana dirina ( migawe dosa ), omat…. ulah putus asa aranjeun tina rohmat Alloh, sabab saenyana Alloh ngahampura dosa teh sakabehna, lantaran saenyana Alloh MAHA HAMPURA tur MAHA ASIH…!”
Saur para ulama, ieu ayat teh anu paling diarep-arep sareng paling anu ngagumbirakeun, mere sumanget kana TOBAT….!”
Saur Ibnu’ ATHOILLAH dina HIKAM-na:
“Teu aya dosa panggedena di anjeun…., anging… PUTUS ASANA anjeun kana ALUS SANGKA KA ALLOH, sabab RASA kitu teh ngarusak kana kaimanan anjeun, lantaran saenyana jalma anu geus ma’rifat mah ngareken leutik kana dosana…., lamun inget…. kana BEREHANNANA ALLOH….., sareng kana JEMBARNA HAMPURA ALLOH, jalaran henteu aya dosa anu henteu kaliputan ku HAMPURANA sareng ku MA’AFNA Gusti Alloh SWT”
Saterasna..saurna teh kieu:
“Henteu kasebut leutik dosa , dimana disanghareupkeun ku…Adilna Alloh, sareng henteu kasebut gede dosa dimana disanghareupken ku Fadlolna Alloh”.
Saur Sayidina Abi Hasan Sadzali dina munajatna:
“ Sareng mugi ngajadikeun Gusti kana kagorengan abdi, kagorengan jalma anu Gusti mikacinta ka anjeunna, sareng mugi ulah ngajadikeun Gusti kana kasaean abdi, kasaean jalma anu Gusti bendu ka eta jalma”
Prak ( heh salik ) ieu maqom roja teh geura teangan sing nepi ka tuntas! Ti mimiti di ajar…, bisa …., nepi ka jadi ahli sareng adat…!!! Sing nepi ka pol….Roja anjeun teh100%. Tah dimana geus bisa kitu.. kakara gabungkeun ieu maqom roja teh sareng maqom khauf, ( Khauf 50 % Roja 50% ), jadi 100% Tujuanana .. ngarah saimbang saperti timbangan, saperti jangjang manuk, saperti kolecer, minangkana mah beulah katuhu roja…beulah kakenca khauf… lamun beurat sabeulah pasti ngojot…moal beres, prak geura jalankeun pan aya paribahasa:
“ Ngaharap salamet anjeun tapi anjeun henteu suluk ( ngambah ) kana jalan-jalana atuh moal hasil. Sabab saenyana kapal oge henteu bisa jalan dina tempat nu sa-at “
Jadi kudu bari jeung prakna ngajalankeun aturan-nana. Wabillahit taufiq wal hidayah, wallaahu a’lam.
MA’RIFAT ROJA ( Tauhid ):
Syarat iman kudu tauhid…moal bisa jejeg tauhid, lamun teu terang heula ka makhluk. Ngenal tauhidna Alloh, kedah ngenal heula kana tauhidna mahluk. Lamun henteu kitu pasti imanna ambarayah.
Ari mahluk ieu teh HIJI nyaeta ARASY. Sakabeh mahluk eta aya di ARASY, di jero arasy dikungkung ku arasy, kaliputan ku arasy, kacakup ku arasy, sabab … Bumi 7 lapis jeung eusina. Langit 7 lapis katut eusina, kursi jeung sajabana..eta aya di JERO ARASY. Komo deui MANUSA mah. Ari dasar Bumi 7, atawa ari tengah tengah Bumi eta ngaranna FARASY: lamun ceuk basa umum mah POROS.
Cara Tauhid Af’alna: Arasy nepi Farasy eta sadayana mahluk Alloh, obahna sareng cicingna eta sadayana Af’al Alloh.
Ari kana gedena ieu arasy teu aya anu terangeun, anging Alloh Ta’ala. Sabab ari arasy mah gede pisan, dawuhan Gusti Alloh :
Hartosna: “Ari anjeuNA ( Alloh ) eta anu ngatur arasy anu gede anu agung”
Malahan Malaikat Jibril kungsi ngadongdon hiber ngurilingan eta ARASY sababaraha taun lamina, hayang terang kana gedena ARASY…lapur teu terangeun gedena…..!
Cara Tauhid Asma-na: Ari ARASY ieu teh timbul tina ROHMANIYAH-na Alloh Ta’ala, kukituna ieu arasy teh karungkup, kacakup, ku ROHMANIYAH-na Alloh Ta’ala.
Dina Al Qur’an hartosna: “Ari Rohmaniyahna Alloh Ta’ala ka arasy eta merata”
Jadi arasy teh timbul tina ASMA “ AR ROHMAAN”.
Nyakitu deui sadayana ASMA anu tuduh kana Ijad ( ngayakeun ) eta kahimpun, kacakup, ku ASMA “AR-ROHMAAN”
Ringkesna, jadi sadayana makhluk ieu teh timbul tina…ROHMANIYAHNA ALLOH TA’ALA.
Cara Tauhid Sifatna: Ari Ar-Rohman dimustak ( dicutat ) tina Rohmat, anu hartina Nyaah, Welas, Asih. Jadi SIFAT-na ALLOH teh Anu MAHA WELAS ASIH. Atawa Rohman ieu teh SIFAT MA’NAWIYAH , Rohmat….SIFAT MA’ANI.
Ari Rohmat Alloh eta merata…kasakabeh perkara! Sabab sadayana teh timbul tina Rohmat Alloh, sareng buktina Rohmat Alloh.
Dawuhan Gusti Alloh dina surat Al-A’rof ayat 156
“ Jeung ari Rohmat Kami, eta ngaliputan kana sakabeh perkara”
Merata SIFATNA.., pasti merata DZATNA…!! Sabab…mustahil…PISAH…: SIFAT sareng DZATNA..!!
Cara Tauhid Dzat-na: Arasy karungkup ( leungit ) ku ROHMANIYAH-na Alloh, sabab SIFAT ALLOH teh ROHMAT saperti karungkupna ( leungitna ) poek ..ku caang….” ASMA sareng SIFAT karungkup ku DZAT…!!!
Jadi atuh anu AYA teh DZAT ALLOH wungkul…TUNGGAL…..AHAD….!!!
Ieu ka asup ma’nana ALLOHU AKBAR. …, anu Maha Agung…, Maha Ageung…., teu aya wates wangenna, ieu teh nu sok disebut: AHADIYAT.
Di AHADIYAT mah, ASMA sareng SIFAT katut AF’AL teh karungkup ku DZAT… Ieu hakekatna ma’na:
Tanazzul,tadalli, turun….,mundur….,ka WAHDAT…kakara…, ieu SIFAT sareng ASMA teh DHOHIR….!!! SIFAT sareng ASMA teh secara terperinci, merinci kana jumlahan di WAHDAT tea, matak disebut bae ALLOH teh WAHID.!
Ari SIFAT sareng DZAT eta mustahil PISAH ! kukituna, ieu anu tilu teh sadayana oge QODIM…!
Anapon make bahasa TURUN didieu …, sanes nuduhkeun kana bahasa JAMAN, tapi ieu mah CARA AKALNA, cara muroqobahna…! Supaya anjeun ngarti….!
Teras bae kadieu mah…., ALAM ARWAH….., ALAM MITSAL…., ALAM AKWAN… ( jumlahan/globalna mahluk )…., teras…MUKAWAN,( hiji-hijina mahluk ). Jadi kabehannana Jumlahna aya 7 ALAM:
(1) ALAM AHADIYAT (2) ALAM WAHDAT (3) ALAM WAHIDIYAT (4) ALAM ARWAH (5) ALAM MITSAL (6) ALAM AKWAN (7) ALAM MUKAWAN.
GOLONGAN ALAM
AHADIYAT - ALAM IZZAH
WAHDAT (WAHIDIYAT ) - ALAM JABARUT
ARWAH (MITSAL ) - ALAM MALAKUT
AKWAN (MUKAWAN ) - ALAM MULKI
Perkawis keterangan bab ALAM sareng Tanazul DZAT, insya Alloh kalawan taufiq Alloh, engke dipayun bade diterangkeun deui anu panjang lebarna dina Bab Wahdat Dzat.
P E P E L I N G :
Ari Alam eta 2 : - Aya ALAM KABIR, -Aya ALAM SHOGHIR
Ari ieu Alam teh sok disebut : INSAN
Jadi aya INSAN KABIR – Aya INSAN SHOGHIR.
Tah Alloh teh ngaliputan ALAM KABIR jeung ALAM SHOGHIR.! Ngaliputan INSAN KABIR jeung ngaliputan INSAN SHOGHIR. Ari Alam Kabir nyaeta anu TADI tea…ari alam shoghir….nyaeta..URANG, manusa,,,insan…,jalma.
Sabab insan ieu sanajan leutik oge, sakabeh rahasia Alam Kabir teh…, aya di insan.
Ari Insan ieu teh minangkana mah PETA atawa MINIATUR-na ti sakabeh Alam, saperti TAMAN MINI INDONESIA INDAH. Sagala cara, corak, bentuk adat istiadat, ka aya-an diseluruh Indonesia, eta aya sadayana di Taman Mini, bari ieu Taman Mini teh henteu kaluar tina wewengkon Indonesia, tetep kacakup di jero wewengkon Indonesia.
Tah urang oge teu beda saperti kitu…sanajan urang ieu leutik…., tapi sadayana Rahasiah Alam, eta aya di urang. Geura saperti kieu….: BUMI…AYA di urang…., sabab urang ieu dijadikeun tina acina BUMI. Ari ngaran BUMI teh sanes taneuh wungkul, tapi terdiri tina 4 unsur ( anasir ):
1. TANEUH
2. CAI
3. ANGIN
4. SEUNEU
Tah nu opat ieu ngaran ARDLI
Ieu teh sadayana aya dina badan urang, teu aya bae salah sahiji…, wah matak gawat…, ari minangka langitna….. nyaeta akal jasmani…. Anu sumberna dina OTAK. Jadi lamun gawat langitna…., bakal gawat bumina…., GAWAT OTAKNA…, gawat sakabeh jasadna.
Pek Bae geura tafakuran….!!
Roh-roh nu aya dimanusa :
ROH NABATA ( NYAWA TUMBUH-TUMBUHAN ):
Eta aya di urang, saperti nyawana rambut sirah, halis, bulu panon, jst. Nyakitu deui lamun urang teu aya Roh Nabata, bulu-bulu nu aya di urang moal manjangan.
ROH JAMADAT ( NYAWA ANU TAREUAS ):
Saperti nyawa batu, lamun di urang mah nyaeta saperti nyawana tulang. Lamun di urang teu aya Roh Jamadat.., pasti …, leuleus…, lek-lok.
ROH HAYAWANAT ( NYAWANA SATO-SATO ):
Pangaruhna Roh hayawanat lamun di urang sok babari hayang dahar, hayang nginum…, hayang sare…, hayang jima. Lamun jalma teu aya roh ieu, geus pasti hebat…, saperti Malaikat…!
ROH JIN:
Tah aya di sakabeh manusa, anu tempatna nyaeta dina DADA anu sok tingkecewis ngajak teu pararuguh, anu lamun eling ka Alloh manehna sok mundur. Anu sok disebut Khonnas.
Hartosna Khonnas nyaeta mundur…, nyumput…, nalika urang eling ka Alloh, tapi henteu ari kaluar mah, angger bae cicing dina dada. Ngan teu bisa mangaruhan goreng wungkul, sabab kieu…..: Ari syetan mah musuh sa-imah, ari nafsu mah musuh sa-kamar, matak… beurat keneh merangan nafsu.
ROH MALAIKAT ( MALAK ):
Di urang oge ieu aya, nyaeta AKAL ROHANI-NURRONI, anu disebut kamanusa an-nana anu sifatna berbudi, anu ayana roh ieu mah di ALAM MALAKUT, sanes DUNYA. Jadi insan ieu teh HEBAT !!! jasadna di dunya…, Rohna…, di akherat…! Jasadna di alam Mulki, Rohna di alam malakut….!
Jadi jalma ieu atawa insan ieu, Alam Mutawasith ( tengah-tengah ).
Saur Ibnu Athoillah Dina Hikam-Na:
“Alloh ngajadikeun ka anjeun ( heh insan ), di alam tengah-tengah, antara alam Mulki… Jeung alam Malakut”
Anu matak Roh mah moal bisa di tembus ku alat naon bae anu bangsa dunya, kecuali ku alatna deui, nyaeta “Mukasyafah” tea ngaranna. Ku Eta mah katingali jelas…! Leuwih jelas manan jasadna…, sabab jasad ieu kalangkangna .. Rohani.
Tapi jalma ieu moal bisa mukasyafah…, lamun … henteu LADUNI heula elmuna…! Sabab LADUNI teh elmu pikeun MUKASYAFAH…! Terus MU’AYANAH…, kakara MUSYAHADAH…, MAJDUB bae tos kitu mah.
Matak dimana aya jalma CERDAS, sagala bisa, sagala katalar, pinter, sagala masalah bisa dijawab, tapi henteu ma’rifat ka Alloh Ta’ala…, etamah lain LADUNI ngaranna, tapi etamah CALAKAN ngaranna, sabab.. ciri jalma anu LADUNI mah MA’RIFAT KA ALLOH !
Pertanyaan : “Eta geuning sok aya amalan-nana lamun kataekan cenah matak LADUNI…, kumaha eta nu kitu….?”
Jawab : “Eta mah mangrupa amalan ngarah calakan, ngarah cerdas, biasana tina elmu Hikmat. Beda atuda antara Elmu Ma’rifat sareng Elmu Hikmat, henteu sami…!”
NUR KANJENG NABI:
Ieu AYA di urang…! Sabab ETA NUR teh bibit sakabeh makhluk, dimana urangna AYA, pasti ETA NUR-na oge AYA…!
NUR DZAT ALLOH:
Ieu oge AYA di urang…! Jeung di sakabeh makhluk, leuwih deukeut tibatan nadi…, anu matak HAKEKATNA mah makhluk teh henteu aya. Nu AYA mah anging ALLOH wungkul anu MAHA SAMPURNA.
Alhasil: ALLOH ngaliputan ka sakabeh alam KABIR jeung Alam SHOGHIR, ngaliputan DZATNA..sareng SIFATNA sabab urang sareng sakabeh makhluk teh nyaeta AF’AL ALLOH !
Dawuhan Gusti Alloh SWT dina surat An-Nisa ayat 126 :
“Jeung boga Alloh naon anu aya di sakabeh langit jeung anu aya di bumi, jeung Ayana ALLOH kana sakuliah perkara, eta ngaliputan”, ngaliputan Dzatna…, sareng Sifatna…, sareng Asmana…, saperti ngaliputan cai kana Es”
Anu penting diingetkeun ku anjeun ( heh salik ), anjeun kudu FANA!!
CARANA:
Leungitkeun dina TEKAD anjeun…, dina RASA anjeun…, AF’AL anjeun, timbulkeun … AF’AL ALLOH!
“Teu aya anu berbuat anging Alloh”
Leungitkeun sifat-sifat anjeun, timbulkeun, tekadkeun sifat-sifat Alloh….!!
“Teu aya anu hirup anging Alloh”
Leungitkeun diri anjeun…, tinggal anu aya teh.. Dzat Alloh!
“Henteu aya anu Maujud anging Alloh”
PENTING !!! :
Urang ieu ibadah teh TAH KADINYA…, KA ALLOH…. Anu ngaliputan ka DIRI URANG …!
Tong jauh-jauh teuing mencrong… ka mana-mana…............,
Eta bae kadinya…, boh keur sholat… keur wiridan……….,
Keur naon bae. prak geura muroqobahan… Insya Alloh…...,
Pikir anjeun moal unclang-anclong bae……………………...!
Muga Alloh marinan Hidayah ka sim kuring sareng ka aranjeun. Amiiiiiin………..!
Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Ridho