AutoFaucet

BAB III TAUHID SIFAT

 

Puji Syukur kagungan Alloh anu parantos minuhan hate kakasihna ku mahabbah ka anjeunNA, sareng anu ngakhususkeun kana arwahna ku ningali ka-agungan anjeunNA, sareng kersa rasana kana nanggung rahasia Kama’rifatan nana, sahingga caang hatena sareng arwahna suka bungah dina Taman Malakutna, sareng SIR-na dina lautan Jabarut sareng ‘Izzah-na, maka timbul pikirna ngaluarkeun permata Elmu terus ngalir kana lisanna kalawan aneka warna Hikmat sareng kaistimewa-an faham.

Aduh! Maha Suci Dzat anu parantos nyetir hambana asup kana hadrot ka-agungan kalawan suluk sareng Majdzub, Fana di anjeunNA Baqo ku anjeunNA.

Rahmat sareng kalawilujengan mugi tetep salamina ka Jungjunan abdi Sadaya Nabi Muhammad SAW anu mulya, SUMBER ELMU SARENG “NUR”, GUDANG Ma’rifat sareng ASROR ( Rahasia ) anu hakekatna anjeunna teh Asma sareng Sifat Alloh Ta’ala.

Sareng mugi Alloh nyurahkeun hormat sareng ridhona ka para kulawargina anu pada suci bersih, sareng nyakitu deui ka para Sahabatna,Tabi’it - Tabi’inna dugi ka poe Kiamah.

( Amma Ba’du )

Saparantos kelar Juz anu kahiji tina buku Suluk sareng Ma’rifatna, nyaeta ngeunaan Tauhid Af’al sareng Asma Alloh SWT, kantun ayeuna masalah TAUHID SIFAT sareng DZAT.

Wabillahi taufik Wal’Hidayah.

Kanyahokeun ku anjeun heh salik sareng murid anu keur ngaleungitkeun karep diri anjeun, nimbulkeun karep Alloh.

Saenyana teu aya sanes anu tutup sareng anu ngahalangan kana ningali kana Tauhid Alloh SWT, sareng kana ningali ka alam Sifat sareng Asma, sareng kana Musyahadah kana Rahasiah Dzat Alloh anu Agung, iwal ti waham sareng khoyal, hartina: cita-cita sareng sangka-an khayalan otak, anu ditimbulkeun tina perasaan pancaindra, sareng poekna Tabe’at nafsu ku Syahwat dunya, saperti tina pangdenge, paningali, pangambeu, pangicip ( pangrasa ) sareng pangragap, sahingga jadi poek hate sareng SIR ku kabiasaan Tabe’at sapopoe. Anu antukna ngaku boga sifat diri saperti ngarungu, ningali, ngambeu, ngucap, anu padahal sifat-sifat eta teh, kabehan nana oge Sifat-sifat Alloh SWT, sajatina mah. Kukituna poko anu kudu diheulakeun, nyaeta kudu bisa FANA, leungit tina hate anjeun salian Alloh SWT.

Saur Ahli Ma’rifat:

Hartosna:”Demi Alloh, henteu ngahalangan ka manusa tina ningali ka Alloh anging waham, ari Waham ieu ka-asup urusan hakekat mah teu aya”

Bab anu ka III ieu netelakeun Tauhid Sifat, anu ma’nana Nganunggalkeun Alloh dina sagala Sifat anu Jumeneng di Dzat Alloh SWT, nyaeta ibarat Fana sakabeh sifat Makhluk, Fana Karungkup ku Sifat-sifat Alloh.

CARANA:

Tekadkeun sareng pandang ku hate anjeun, Musyahadah ku RASA anjeun, yen sadayana sifat anu Jumeneng di Dzat, saperti Kudrot, Irodat, Elmu, Hayat, Sama’, Bashor, Kalam..! eta teh sadayana sifat-sifat Alloh, jalaran henteu aya Dzat anu kasifatan ku eta sadayana sifat dina hakekatna, anging Alloh SWT nyalira. Ari dibangsakeun nana eta sifat ka makhluk, ngaranna.. Majazi, lain Hakeki!! Anu ma’nana ayana sadayana eta sifat di makhluk, nyaeta ngadohirkeun sareng Didhohirkeun tina sifat-sifat Alloh SWT.

Lamun pandangan anjeun heh salik geus ngarasa yakin sareng nyata, maka bisa jadi FANA sadayana sifat-sifat anjeun, katut sadayana sifat-sifat makhluk, kasilep, karungkup ku sifat-sifat Alloh SWT

Saperti:  Leungit pandenge urang, tinggal …. Panguping Alloh

Leungit paningali urang, tinggal …. Paningali Alloh

Leungit kanyaho  urang, tinggal …. Uningana Alloh

Leungit ucap       urang, tinggal … . Kalamullah

Leungit hirup      urang, tinggal ….  Hayat Alloh.

Nyakitu deui sadayana sifat anu sanesna, karungkup ku sifat-sifat Alloh, sareng sadayana eta sifat-sifat teh di - Idlofat-keun ka Alloh.

Dalilna dina Hadist Qudsi Riwayat Imam Bukhori ti Abi Huraeroh, Dawuhan K.N. Muhammad SAW, Alloh SWT, ngadawuh:

Hartosna: “Saha anu ngamusuh ka Wali Kami, maka kami anu bakal merangan nana. Jeung henteu Taqorrub ka Kami hamba Kami ku naon bae anu pangdipikacintana ku Kami, iwal ti manehna ngalaksanakeun fardlu parentah kami, jeung teu aya petotna hamba kami, Taqorrub ka Kami ku pirang-pirang  pasunatan, nepika kami cinta kamanehna. Nya dimana kami geus cinta ka manehna, maka jadi kami “pangdengena” anu ngadenge manehna ku eta pangdenge, jeung “paningalina” anu ningali manehna ku eta paningali, jeung “Leungeunna” anu nyabok manehna ku eta leungeun, jeung “Sukuna” anu leumpang manehna ku eta suku, jeung lamun tea mah manehna nyuhunkeun ka Kami, tangtu Kami baris merena, jeung lamun tea mah menta diraksa ka Kami, tangtu kami kana ngaraksana”

 Ari cara sulukna pikeun meraktekeun eusina ieu Hadist Qudsi, nyaeta kedah TADRIJ, mapay hiji-hiji, ti kawit Sama’ – Bashor – Kalam, sareng saterasna sabab sadayana ieu rasa / perasaan panca -indra teh, timbul tina diri urang sorangan disebatna teh : perasaan, alat, sareng sabab ngarasakeun. Ari anu ngarasakeun nyaeta Nafsu anu ngaliputan Rasa kabeh perasaan panca-indra tea.

Kulantaran  urang ieu hayang bersih tina Syirik Khofi, maka otomatis sagala rupi teh, kedah disandarkeun ka Alloh bae, ulah aya anu disandarkeun ka salian ti anjeunNA, sanajan kana diri sorangan, nyaeta saperti: ulah disandarkeun, sareng ulah ditekadkeun tina Nafsu, sareng tina diri urang sorangan, tapi kudu ti Alloh SWT. lantaran tabe’at nafsu mah, condongna teh kana Syahwat, sareng kana poho ka Alloh.

Hikmahna mun urang bisa kitu, Insya Alloh eta sadayana panca-indra teh diraksa ku Alloh tina sagala dosa sareng kagorengan, sareng salamet tina Musyrik Khofi, Musyrik anu nyumput, kusabab sadayana sifat teh saenyana mah Sifat-Sifat Alloh.

LENYEPKEUN:

Ari dina Tajalli  naekan sifat ieu, anjeun ( heh salik ) kudu ngamimitian Ngaleungitkeun sifat-sifat diri anjeun heula, nimbulkeun Sifat-Sifat Alloh. Anu mimitina, carana teh tina perasaan Pancaindra heula. Saperti: SAMA’ hartina Ngarungu !!

Ulah nekadkeun Anjeun anu Ngarungu.., tapi geura tekadkeun Alloh…, anu ngarungu teh, tangtu FANA ( leungit ) Rungu anjeun.., tinggal Rungu Alloh..!! sabab Rungu teh ( SAMA’ ) eta teh Sifat Alloh…………..!!

Terus jalankeun jeung pertahankeun / biasakeun saperti kitu……….! sing nepi ka kuat hate anjeun narimana.

Dawuhan Gusti Alloh dina Hadist Qudsi anu sanesna:

“Maka… ku Kami Ngadengena” :    

Saterasna dimana anjeun geus kuat narima eta Tajalli Sifat Sama’ terus naek kana Sifat Bashor ( Ningali ), Carana:

Dimana anjeun ningali…., tekadkeun sareng pandang ieu teh, Paningal Alloh.

Prak geura jalankeun lalaunan, ti mimiti di ajar, bisa, sing nepi ka kuat narima eta Tajalli Sifat Bashor, sakumaha anu tos diterangkeun tadi di luhur, dina Hadits Qudsi, nyaeta Saur Alloh teh, “Jadi Kami Paningalna, Pangdengena….” Sareng saterasna. Maka tangtu baris hasil anjeun kana FANA, nyaeta: Lain anjeun anu ngarungu jeung anu ningali, tapi Alloh Assami’ul Bashir…….!!

Satersana dimana anjeun geus kuat terus Naek deui kana Sifat Kalam, ( Nyarios ), nyaeta dimana anjuen nyarios.., tekadkeun bae Alloh anu Ngadawuh…..! Sakumaha anu tos diterangkeun dina sapalih riwayat Hadits Qudsi:

Hartosna: “Jeung Jadi kami Lisanna….. anu ngucap manehna ku eta Lisan”

Jadi tangtu Fana, Kalam anjeun, Baqo Kalamullah, hartina: Leungit Kalam anjeun…., tingal Kalam Alloh !!

Nyakitu deui saterusna, sakabeh anggota sareng kakuatan Anjeun di idlofatkeun ka Alloh, nyaeta sangkan Ma’rifat ………!!

Saur Al-‘Arif Ibnul Bana Assarqusthi r.a.dina ngama’na an ieu Hadist Qudsi, nyaeta kieu:

“Ari ma’rifat, eta pangluhurna Maqom, anu samemehna nyaeta FANA. Ari awalna Fana nyaeta Mahabbah”

Jadi awalna si Hamba anu rek meunang seliran ( anu di istimewakeun ) ti Alloh, pikeun asup kana hadrot ka-agungan-nana, sareng Ma’rifat ka anjeunNA, hatena ku Alloh teh dibere Mahabbah ka anjeunNA anu saenyana, sahingga eta si Hamba teh teu aya petotna lisanna jeung hatena Dzikir ka Alloh, sareng sakabeh anggotana khidmat ka Alloh, sarta karasa ku manehna kacida hausna kana Ma’rifat ka Alloh, anu antukna ieu si Hamba teh, henteu eureun-eureun migawe pasunatan-pasunatan, nepi ka dipikacinta ku Alloh, nyaeta nyandang gelar Mahbub, saba’da kaluar tina maqom Muhib, anu dimana geus naek kana jadi Mahbub Alloh, maka Alloh ngajadikeun FANA ka eta si Hamba kana dirina.

Maka Fana-lah dirina katut Rasana eta si Hamba, jadi bae Alloh teh…, pangdengena, paningalina, pangragapna, jeung sajumlah jiwa ragana.

Teras dibalikeun deui ku Alloh, jadi… bae eta si Hamba teh aya dina maqom Baqo, anu tangtuna oge eta si Hamba teh, Hasil Ma’rifat Ka Alloh, dina sakuliah perkara, jeung ningali manehna ka Alloh, nyaeta anu ngalaksanakeun kana sakuliah perkara, tur Dhohir dina sakuliah perkara.

Salajengna saurna: “tah ieu Ciri-ciri (ciciren) pikeun ka Jalma anu geus nganyatakeun Maqomna, anu matak: saha jalma anu ngarasa sareng ngalaman samodel kitu…, maka sah pangakuan nana!!”

Sawangsulna,”saha anu ngaku kitu…., tapi henteu ngalaman samodel kitu…, maka eta pangakuan Ma’rifatna……. Palsu!!”

Para salikin Rohimakumulloh,

Saba’da anjeun kuat dina narima Tajallina sakabeh eta sifat, terus tingkatkeun deui kana:

Hartosna:“jeung jadi Kami Leungeun na anu nyabok manehna ku eta leungeun”

Cara nekadkeun nana, dimana-mana anjeun cabak-cibik, cubak-cabok, rugup-ragap.., tekadkeun bae, Alloh!! nyaeta Alloh anu ngaliputan diri anjeun, khususna anu ngaliputan leungeun anjeun..!!

FAEDAH:

Dimana dina Hadist atawa dina Al-Qur’an mendakan kalimat:

“Yad”

Eta teh ma’nana:”kakuatan Alloh”

Sabab “yad” teh ka asup Asma Alloh anu ma’nana “Kuat” sareng “Anu berbuat”  

Lamun ditasniahkeun, saperti “YADAANI” ieu ka asup kana Asma Alloh anu ngadung ma’na: aya lalawana nana atawa anu narimana, anu sok silih berganti ka aya-an nana ( mutaqoobalah ); saperti dina Asma anu tuduh yen Alloh anu berbuat, anu bijaksana; saperti: “Jamiilun” lalawanana “Jaliilun”, “Lathiifun”, lalawanana “Qohhaarun”, “Naafi’un” lalawanana “Dloorrun”, nyakitu deui anu keur narimana ! aya gumbira ( Roja ) aya sieun ( Khauf ). Aya ngarasa mangfa’at, aya oge ngarasa madlorot.

Tah ieu kandunga ma’na “Yadaani”

Salajengna dawuhan Alloh:                                                          

“Jeung sukuna anu leumpang manehna ku eta suku”

Cara sulukna, sami bae sareng anu parantos dicarioskeun di luhur, nyaeta: Musyahadahkeun bae, dimana anjeun leumpang, atawa ngajanteng , atawa liana, ….. ka Alloh bae!

Tah saparantos beres  ngamalkeun sadayana, sarta tos kuat hate anjeun narimana, kari ayeuna hatena anu kudu di -Fana-keun teh!! Nyaeta sami bae saperti anggota anu sanesna!

Carana, tekadkeun ku Hate sareng Syuhud ku Sir, “Alloh bae sadayana!!” Mahabbahna, irodatna, karepna, elmuna, sareng usik-malikna…, tangtu bakal Less… Fana hayat ( Hirup ) anjeun jeung wujud anjeun! Tinggal Hirup jeung wujud Alloh anu aya..!

Tah ieu pol-na, sampurnana, maksimumna, Tauhid Sifat!

Maka jadi anjeun aya dina maqom Jam’u ( Maqom kumpul jeung sifat Alloh ). lamun geus kitu…, kakara anjeun ngarasa yen diri anjeun katut sakabeh makhluk eta. “Adamun-mahdun” ( henteu aya bolongkotan ), jadi bae anjeun teh, Fana Fisifatillah-Baqo Bi-sifatillah! Prak anjeun geura Ma’rifat ka Alloh kalawan kama’rifatan anu layak sareng kasampurna-an anjeun sareng ka Maha Sucianana.

Prak Ikhwan salikin Rohimakumulloh,

Ari maqom tajalli sifat ieu teh, nyaeta maqom ma’rifat anu mimiti muncak penerangan-nana sareng ngamalkeun-nana, sareng tumerapna, sareng hasilna, jalaran kitu, kaseuseu-euran-nana anu ma’rifat teh, ngan nepi kana ieu tajalli Sifat. Kusabab sing saha nepi kana ieu tajalli sifat kalawan pol, tangtu fana wujud dirina sareng wujud sakabeh makhluk, karungkup ku Nur-na wujud Alloh SWT, sarta dimana tos ngalaman samodel kitu, tangtu eta jalma bakal pinuh dadana ku Caangna eta nur, nepika sambutut bahamna oge ku eta nur, saperti lauk Mujaer keur endogan, anu antukna ieu jalma teh sering FANA, sareng Teuleum dina eta lautan Nur.

Alhasil, ngawitan jalma karem Di Lautan Anwaril Adhomatir Rububiyah, nyaeta sa-anggeusna eta jalma hasil dina tajalli Sifat. Kukituna eta jalma teh, biasana teu wani sareng teu kuat bergaul sareng umum. Gawena teh resep nyorangan bae ditempat anu suni, salami manehna can kuat bergaul sareng umum. Tah dina maqom ieu murudulna Elmu-Elmu Laduni teh, sareng deui dina ka aya-an ieu mah, bahamna oge hampir satengah dikonci. Lamun tea mah nyarios, sanajan teu dihaja, eta sok matak jadi kanyata-an, tur di-ijabah deuih do’ana oge.

Tah jalma nu kieu teh ka-asup jalma anu tos nyandang gelar Mahbub Alloh, tapi masih ka-asup golongan Sodiq, anu engkena dimana geus kuat asup kana golongan Siddiq. Ari perbedaan maqom Sodiq sareng maqom Siddiq, nyaeta: ari maqom Sodiq mah, masih keneh motah hatena sareng masih keneh seu-eur kakaget pikirna, sareng masih keneh srud-srod pandangan nana, nyaeta lamun tea mah ningali atawa nguping naon bae anu ceuk pandangan nana aneh, masih keneh aya reaksi hatena, nyaeta eta Nur.

Alhasil, anu nyandang gelar Sodiq mah, eta masih keneh aya sifat kaget sareng sakedik masih keneh aya sifat ragu.

Sawangsulna, ari maqom Siddiq mah, nyaeta anu tos teu aya sifat kaget dina pandangan nana sanaos mendakan masalah-masalah anu aheng luar biasa, boh anu jebul, tina hatena sorangan, atawa ti piluaran, sareng tos teu aya sifat ragu, hartina…, tara aya “gerentes susulan”, estu pageuh kokoh luar biasa.

Imam Juned kantos ditaros kieu:

“Naha geuning ayeuna mah salira teh nyarios naon bae oge henteu katingal aya reaksi nanaon?”

Walerna:                                                

Nyandak tina Al-Qur’an surat An-Naml ayat 88, anu ma’nana “WAllohu A’lam Bimurodih”:

“Jeung ningali anjeun kana gunung-gunung bari tangtu ceuk sangka-an anjeun mah eta gunung-gunung teh teuas, padahal, mah balawiri saperti balawirina mega-mega”

Tegesna jalma anu tos nyandang gelar Siddiq, lahiriahna mah disangka kuat saperti gunung, padahal jeroan nana mah ( bathin na mah ) lebur ngajadi NUR, saperti leburna mega ngajadi cai hujan.

L E N Y E P K E U N :

Ari dina kacapangan “Elmu  Ma’rifat”, masalah NUR teh kalebet masalah anu POKO, kumargi ku hasilna kana ieu NUR, pikeun ka jalma anu suluk bisa nganyatakeun ka “Alam Ghoib”. Jalaran ieu NUR teh nyaeta TUTUMPAKAN NANA HATE pikeun ngajugjug ka hadrot Ilahi, sareng NUR ieu teh minangkana mah kadaharan RUH, sareng pedoman SIR.

Salajengna kakuatan ieu NUR teh pikeun ngahancurkeun adat nafsu sareng ngusir ka musuh-musuh hate, anu matak kacida ahengna. Alloh ngajaga langit ku Syihab ( gas-na bentang ) tina asupna syetan – jin, nyakitu deui Alloh ngajaga kana Hate ku ieu Nur tina sagala godaan syetan, sabab …. Ari syetan-jin mah dijadikeun nana tina Nar ( acina seuneu ), anu antina teh nyaeta ku eta Nur. Anu matak lamun tea mah dideukeutan ku syetan hatena  jalma anu geus meunang eta Nur, pasti eta Nur teh nyamber ngaranjam.

Kukituna syetan mah sieuneun pisan ku eta Nur teh, sok sanajan jalmana mah keur ka aya-an sare. Sakumaha dinyatakeun di jaman kapungkur, nyaeta masalah syetan anu rek ngagoda jalma, anu keur sholat, tapi manehna sieuneun ku jalma anu sare digigireun eta jalma anu sholat. Kusabab jalma anu keur sholat eta mah jalmi Mahjub ( poek hatena ), sedeng ari anu keur sare mah jalma anu caang hatena pinuh ku ieu Nur.

Ari Nur eta teh aya 2 tingkatan:

* Kahiji : Nur Tawajuh

* Kadua : Nur Muwajahat

ARI NUR TAWAJUH : Nyaeta anu hasil tina tho’at, tina ibadah, tina mujahadah, sareng tina riyadoh, anu minangkana mah ieu teh buahna tina ngalaksanakeun suluk, ngambah maqom-maqom yakin, dina lahirna katut bathina, dina islamna sareng dina iman na. Oge ieu Nur teh sok disebat Nur Salikin, Sa Irin, Rohilin, hartina Nur-na jalma anu menuju ka Alloh SWT. minagkana mah Nur “Jemputan”. Anu matak henteu aya kasuka-an sareng kabungahan anu istimewa pikeun anu suluk, iwal ti ningali ka eta Nur, sabab…. Jadi Caang Hatena. Tah didieu ngawitan Hirup Muroqobahna ka “Alam Asma sareng Alam Sifat”.

ARI NUR MUWAJAHAT : Ieu mah Nur anu timbul langsung ti Alloh, jemputan kana Nur Tawajuh tea, anu mimitina Nur ieu mah nyaeta matak kaget sareng kacida hebatna matak mabok, matak Fana. Tah Madjzub teh disanghareupan ku ieu Nur Muwajahat, sahingga dimana “Elingna deui”, langsung nyandang gelar “Al- Washil”, hartina: anu atos tepi ka Alloh, anu Karem dina sagara Nur sahingga diri manehna geus ngabukti Jadi Eta Nur sareng Indiroj- Nyurup- Kumpul jeung eta Nur Ka-agungan Alloh!!

Tah ieu teh “Hakekatna Tauhid”! sakumaha diterangkeun ku Syaekhul Islam Zakariya Al-Ansori dina kitab Fathurrohman Syarah Hikam Wali Ruslan:

Hartosna: “Jeung ari tauhid eta cumantel kana Kasyaf, nyaeta ngabukakeun Alloh kana Panon hatena si hamba tinu nutupan nana, nyaeta poekna hahalang makhluk ku jalan Fana tina eta sakabeh makhluk, oge Fana tina dirina. Jeung bakal ningali ka sakabehna Indirojatan, nyurup, dina Nur Ka-agungan Pangeran anu ngurus, anu ngatur”

Alhasil, henteu aya naon-naon iwal ti eta Nur wungkul ngaliputan ka sakabeh ka aya-an, kalawan henteu aya wates wangen na!

TUMERAPNA NUR:

Salajengna ari tumerapna sareng karasana eta NUR rupa-rupa :- Aya anu panas, oge aya anu tiis. Ari anu karasana panas, sok merata ka sakujur awakna, dhohir bathin, sareng karasa ngaguruh hatena sareng jiwana ku dzikir ka Alloh anu teu aya petotna siang kalawan wengina, sareng waktu teh mun keur ka aya-an kieu mah karasana gancang pisan. Tah ieu teh ka asup kana saat-saat rek FANA, anu biasana nyaeta keur naekan ieu MAQOM SIFAT, anu disebutna rek narima MAQOM HAEBAT,anu tumerapna matak FANA!

Matak …..LES….teu inget di Bumi Alam, kalindih ku eta Nur!!!

Ari datangna ieu Maqom Haebat teh, henteu tangtu waktuna, kadanng-kadang keur sholat, keur wirid, malah kadang-kadang keur leumpang, nya…. Ujug-ujug LES bae teu emut …, terang-terang geus jauh bae leumpangna teh, tapi … aneh… tara nyasab jalan ka nu ditujuna.

Tah lamun tos kieu mah FANA-na nepika kuat pikirna, sareng nepi ka ajeg maqom-na, tur nepika sampurna Tauhid-na ka Alloh SWT. oge ieu maqom Haebat teh sok disebut Maqom Thomsi ( Fana Dina Sifat ).

Ari anu karasana Tiis, matak tengtrem, ayem, tumaninah, pinuh ku kani’matan sareng kasukaan, ieu disebutna MAQOM UNSI.

Ari Maqom Unsi teh nyaeta Buahna tina maqom Haebat, hasilna SOHWI tina Thomsi.

Tah dina Maqom Unsi ieu sok Dhohir ka ahengan - ka ahengan anu kaluar tina pancaindrana, saperti : tina “panon na” ... sok tembong Nur anu tingbarasat, tinggalebray, anu biasana seseringna sok tembong dina waktu keur sholat nepi ka kadang-kadang sajadah tempat sholatna oge henteu katingali dhohirna, margi kalindih ku eta Nur.

Lamun diluar sholat oge sok katembong khusuhna dina keur Tafakur, Muroqobah, sareng dina waktu mendakan Elmu atawa persoalan-persoalan anu sarulit.

Tah BUAHNA tina Nur anu sok tembong teh sok bisa Mecahkeun mana anu Hak jeung mana anu Batal.

Saur Ibnu’Athoillah :

Ari Nur anu diperenahkeun dina sakabeh Hate eta “sumber”na mah tina Nur anu datang tina perbendahara-an Ghoib.”

Salajengna dina kitab Lathoiful Minan, saurna teh kieu :

“Kanyahokeun ku anjeun, saenyana Alloh SWT dimana rek ngaraksa ka hiji Wali, nya anjeunNA sok ngaraksa hatena eta Wali tina pagiwurna makhluk, sareng anjeunNA ngajaga kana hatena ku mayengna ieu pirang-pirang Nur”

Dina Hikam-na:

Hartosna: “Nur matak terbuka ka anjeun, kana tapak-tapak Sifat, sareng aya deui Nur… anu matak terbuka ka anjeun…. kana “awas kana alam Sifat”

Jelasna, Nur ieu aya 2 bagian, atanapi Mukasyafah teh aya 2 rupa:

-Kahiji: matak terbuka “Awas” kana tapak-tapak Sifat, hartina bisa “awas” kana tingkah

        laku makhluk, saperti terang kana hatena, awas kana rahasiah-rahasiah alam,

        rahasiah-rahasiah tumbuhan, sareng sabangsana.

        Tah nu kieu disebutna Mukasyafah Shuri, hartina: Mukasyafah Gambar.

-Kadua,: Nur, atawa mukasyafah, kana ningali sifat-sifat Alloh, saperti sifat Jalal- sifat

               Jamal-sifat Kamal. Sapertos anu tos diterangkan tipayun. Tah ieu disebatna

               Mukasyafah Hakeki, anu dituju ku”Ahli Ma’rifat”.

               Tah jalma anu geus “nepi ka dinya”… simbulna teh:

               Hartina :”Jeung nyangka anjeun ka maranehna nyaring…., anu padahal mah

                               Sarare” (Surat kahfi ayat 18)

               Ieu ayat teh ditukil tina nerangkeun ka aya-an Ashabul kahfi.

               Jadi jalma anu geus “ma’rifat” anu tos caang lahir bathinna, ku manusa umum

               mah disangkana teh “sare” anu padahal mah “nyaring”.

               Sawangsulna anu disangkana “nyaring” teh padahal mah “sare”.

               Anu dimaksud “sare” jeung “nyaring” teh ieu mah mung saukur “istilah sareng kinayah”

               Salah sahiji conto istilah / kinayah:

               Disangka “paeh”… tapi “hirup”…..,

               Disangka “hirup”… tapi ”paeh”.

UNINGAKEUN:

Ari jalma anu tos nepi kana ieu maqom, bakal tenget kana “gerentes hatena” sareng kana ”fatwa hatena”, sabab Nur anu nyenter tadi teh sok disebut “Khothir Robbani”, hartina jorojoy hate anu langsung ti Hadrot Alloh S.W.T. anu ieu khotir teh disebutna: “Hajis” sareng “Elmu Laduni”

Ari Khotir teh aya 5 rupa / macem:     

                                                         Kahiji : Khothir Robbani

                                                         Kadua : Khothir Malaki

                                                         Katilu : Khothir ‘Aqli

                                                         Kaopat : Khothir Nafsani

                                                         Kalima : Khothir Syaethoni

Ari Khothir Robbani ieu timbulna teh tina 3 Hadrot, nyaeta tina: --Hadrot Rububiyah-  Hadrot Rohmaniyah-Hadrot Ilahiyah.

Ari anu tina Hadrot Rububiyah disebutna Sifat Jalal.

Ari anu tina Hadrot Rohmaniyah disebutna Sifat Jamal.

Ari anu tina Hadrot Ilahiyah disebutna Sifat Kamal.

Ari cicirenna tina Sifat Jalal, nyaeta “mancurna Nur” ti panon beulah kenca.

Ari cicirenna tina Sifat Jamal, nyaeta “mancurna Nur” ti panon beulah katuhu.

Ari cicirenna tina Sifat Kamal, nyaeta “mancurna Nur” ti antara dua panon.

Tah Tilu Rupa ieu kajadian dina Khothir Hate teh biasana khusus ka anu tos “ma’rifat” kalawan “kakuatan” ka-Ladunian-nana.

Ari kadieunakeun mah, Khothir Malaki, nyaeta anu timbul ti Malaikat anu sok disebut:Ilham

-Ari Khothir ‘Aqli, nyaeta anu timbul tina Akal.

-Ari Khothir Nafsani, nyaeta anu timbul tina Nafsu.

-Ari Khothir Syaethoni, nyaeta anu timbul tina Syetan.

Tah kitu dijelaskeun dina Kitab Al-Jami’ul Muqni-Syarah Fathurrohman.

Dina Kitab Mizan Sya’ Roni Kubro juz kahiji kaca 31, diterangkeun kieu:

“Sim kuring (Sya’roni ) kantos nguping cariosan pun Guru Sayidi Ali Al-Khowas anu kieu unggelna:

-“Ari sadayana ”Elmu Laduni”eta tina aneka warnana”Elmu Kanjeng Nabi Khidir a.s.”

Salajengna saur Sya’roni teh:

“Tos mere isyarah kana samodel kieu, Syekh Muhyiddin dina pembukaan kitab Futhuhatil Makiyyah diantarana ciri Elmu Laduni teh nyaeta sok”matak ngejot sareng mudal kana akal lamun seug dipikiran”. Anu matak lamun lian ahlina mah tangtu moal narima, kacuali kudu Taslim heula ka ahlina, sabab datangna Elmu Laduni mah Hasil tina “Perjalanan Kasyaf”, lain tina hasil pikiran.”

Ari kabiasa-an Ulama nyandak Elmuna teh anging tina “Perjalanan Pikiran nana”, anu matak seug dimana datang Elmu anu henteu salaras jeung jalan pamikirna eta sok alingkar.

Saur Sayidi Ali Al-Khowas:

“Dugi K.N. Musa ku anjeun, ingkar kana pamilihna K.N. Khidir a.s.waktu harita, sabab anjeunna ningali kana Hukum Syare’atna. Tapi barang ku Alloh dibukakeun ka anjeunna tina rahasiah-rahasiah “Elmu Nabi Khidir”…, langsung anjeunna jempe! Henteu ingkar deui, sabab hiji Rosul tetep moal jempe, mun ningali anu munkar mungguh anjeunna.”     

PEPELING:

Omat, mun anjeun tepi kana ieu maqom anu mulya, anjeun boga rasa hayang kanyahoan ku nu sejen. Hal ieu peupeujeuh ulah boga kahayang saperti kitu. Tapi meunang dibejakeun lamun ka Guru ngaji Suluk anjeun mah. Oge dihampura lamun keur ka aya-an anjeun mabok ( mudal henteu katahan ).

Saur Ibnu’Athoillah r.a:

Hartosna: “ Ari karesep anjeun sangkan batur nyarahoeun kana pangkat kakhususan anjeun, eta hiji tanda kana henteu benerna anjeun dina ngagarap sifat kahamba-an”

Sareng saur sapalihna ahli Ma’rifat:

“Kubur ku anjeun rahasiah diri anjeun sing jero, sajero 70 tangtung dijero taneuh!”

Tah ieu teh samemeh tepi kana maqom Musyahadah, sareng samemeh meunang ijin kana ngajarkeun eta Elmu. Sabab saha jalma geus FANA tina dirina, tur Musyahadah ka pangeran nana, eta geus lain caritakeuneun, jalaran saur Ahli Ma’rifat mah:

Saha anu cinta kana nyumput bae, maka eta hamba nyumput. Sawangsulna saha anu cinta kana tembong, maka eta hamba tembong. Jeung sing saha jalma anu henteu boga karep, anging kumaha Alloh bae, kakara eta jadi hamba Alloh”

Ari sagala tujuan anu luhur, eta sok aya bae halangan-harungan nana, contona saperti dina ieu Elmu. Saur para ahli Hikam, dimana Alloh bade ngadhohirkeun Elmu Hak, syare’atna eta sok aya bae ti antara makhlukna anu nentang bebeakan hayang mareuman Elmuna, padahal eta teh sabab sareng hikmat kana rek tembongna, lamun ditaliti dina hakekatna mah.

Kumargi kitu, satiap Alloh bade ngutus Rosulna, pasti seu-eur anu ngabarohongkeun di antara umatna anu nentang bebeakan. Sakumaha ku urang kakuping dina sajarahna para Rosul anu aya dina Al-Qur’an, malah nepi ka aya anu maledogan sagala, oge aya anu nepika didurukna, saperti K.N. Ibrohim a.s., malah aya anu nepika diragaji, saperti K.N. Zakariya a.s., oge aya anu nepi ka dicacagna, saperti K.N. Yahya a.s.

Ari anu ringan nentangna, maranehna ngomong kieu:

Didawuhkeun ku Alloh Dina Surat Al-Mu’minun ayat 33-34: anu ringkesna:”Moal enya anu model kieu Rosul…? Geuning dahar na oge sarua jeung maraneh… nyakitu deui nginumna sarua jeung maraneh… jadi lamun maraneh nurut ka jalma anu sarua jeung maraneh, tangtu maraneh rugi

Sareng dina surat Al-Furqon ayat 7:

Hartosna:”Jeung maraneh ngomong kieu:”Moal enya anu kieu Rosul..?” Geuning biasa… dahar.. sareng sok indit ka pasar sagala….?”

Anu antukna eta nu dharolim teh nuduh sihir ka para Rosul.

Anu salajengna Alloh muprukkan ka Kanjeung Rosul, hartosna: “Jeung henteu ngutus kami ka samemeh anjeun ti para Rosul anging saenyana maranehan nana oge sok barang dahar, jeung sok indit ka pasar, jeung ngajadikeun kami ka sawareh maraneh pikeun ka sawarehna deui fitnah. Naha maraneh bisa sobar...? Jeung aya pangeran anjeun eta Maha Ningali ( Al-Furqon ayat 20 )”

Tah kitu di antarana tantangan tableg anu karandapan ku kanjeung Rosul katut para Rosul anu sanesna. Nyakitu deui ka para ahli warisna ti pihak ’arifin, anu ngajalankeun tableg kana Elmu kama’rifatan nana. Ieu oge sami seu-eur pisan fitnah sareng tangtangan nana. Sakumaha parantos dicarioskeun sapalihna dina maqom Ridho, sareng seu-eur deui anu sanesna anu jadi korban Fitnah…! Sapertos Qutub Auliya Ibnu Masyisyi, Guruna Imam Abi Hasan Sadzali, wafatna teh dibunuh / ditelasan.

Nyakitu deui para sohabat, sapertos wafatna Sayidina Abu Bakar Siddiq, diracun! Sayidina ‘Umar.. dibunuh! Sayidina ‘Ustman…, dipeuncit! Sayidina ‘Ali… diteungggeul  ku jamparing beracun! Sayidina hasan.., diracun! Sayidina Husen, dibunuh! Nyakitu deui para ‘Arifin, tapi seu-eur oge anu salamet…!

Sapertos Imam Juned r.a., salamet tina pembunuhan saba’da anjeunna disidangkeun ku Raja atas tuduhan ulama ahli Fiqih Baghdad di jaman harita, anu ka anjeunna nuduh Zindik, oge disaksi ku para ulama ti nagara sejenna, saperti ti Yaman, Irak, jeung ti Syam. Anu minangkana mah ieu sadayana ulama teh undangan ti ulama Baghdad, kangge mere soal ti masing-masing eta ulama ka Imam Juned. Anu maksudna, lamun Imam Juned teu bisa nagajawab / nerangkeun…, kudu sanggup dipeuncit..! Sedengkeun harita mah, Imam Juned teu aya anu nyarengan, tapi Alhamdulillah, kabujeng sumping muridna anu pangistimewana, nyaeta Abi Hasan Nuri, anu ngarengsekeun tina eta permasalahan. Nyakitu deui Imam Abu Yazid sababaraha kali diusir..! Sareng seu-eur deui anu sanesna..!

Alhasil, ieu pilara makhluk, fitnahna sareng pangecena, eta mangrupa salah sahiji begalan tina Whusul ka Alloh, sareng tina tetep antengna hate tumaninah ka Alloh, pikeun ka sadayana Salikin-Muridin, tapi hikmat pikeun sadayana ‘Arifin anu Siddiqin.

Sajabana ti pilara makhluk teh, oge aya deui begalan ti Syetan, sahingga seu-eur anu katingalina Ma’rifat Robbaniyah, padahal jeroan-nana mah Jinniyah. Disangkana mah Karomat…, padahal eusina mah mutlak Istijrad…..!!  Kade sing taliti bisi  katipu….!!!

 “Masing-masing golongan galumbira, suka bungah, ka nu aya di maranehannana.”

(Surat Al-Mu’minun ayat 53)

KASIMPULAN TAUHID SIFAT

Saparantos kaselang ku rupa-rupa rintangan maka anu suluk sareng ka para ‘Arifin, ayeuna urang lajengkeun kana masalah poko anu ku urang nuju dipayunan.

Wincik, dicukcruk hiji-hijina maqom dina ieu Maqom Sifat, sangkan pol tauhid urang ka Alloh SWT. Carana:

Fana-keun DENGE anjeun……. , tekadkeun PANGUPING Alloh !

Fana-keun TINGALI anjeun…. , tekadkeun PANINGALI Alloh !

Fana-keun UCAP anjeun…….. , tekadkeun KALAM Alloh !

Fana-keun RAGAP anjeun………. , tekadkeun PANGRAGAP Alloh !

Fana-keun KAWASA anjeun……. , tekadkeun KAWASA Alloh !

Fana-keun KAREP anjeun……….. , tekadkeun  KAREP Alloh !

Fana-keun ELMU anjeun………… , tekadkeun ELMU Alloh !

Fana-keun HIRUP anjeun………... , tekadkeun HIRUP Alloh !

Fana-keun WUJUD anjeun………   , tekadkeun WUJUD Alloh !

Fana-keun RASA anjeun………... , tekadkeun RASA Alloh !

Syuhud NUR kabehan nana. Nur Sifat, Nur Rahasiah Dzat, Nur Kaagungan Alloh, anu tanpa wates wangena, pinuh ngaliputan anjeun ngaliputan sakabeh ka aya-an…. LES .. Ningali Alloh ka Alloh..! Dzat Alloh Wungkul Anu Aya… Anu Maha Sampurna..!!!

Dina Hikam dicaritakeun:

Hartosna:”Jalma anu nyandang Gelar’Arif teh lain anu dimana Isyarah kapanggih Alloh anu Maha Hak eta Leuwih deukeut kadirina. Manan Isyarahna, tapi ngaran ‘Arif sajatina mah, nyaeta: Jalma anu geus teu aya isyarah nanaon, lantaran Fana dina Wujud Alloh sareng kalipet / kasilep dina jero Syuhud ka Alloh”

Leungit Af’al dirina…., Leungit sifat dirina. Leungit wujud dirina…., leungit Rasa dirina, Alloh Wungkul Anu Aya…….!!

Heh’Arif Rohimakumullah,

Lamun anjeun mayeng musyahadah kituna, kalawan Ijin Alloh, Alloh sok ngabukakeun kana Alamna eta sifat kangge nganyatakeun maqomna, nepi ka kasaksi Rahasiahna, Horeng Simanahoreng .., ieu alam teh pinuh ku:

- SAMA’ ALLOH

- BASHOR ALLOH

- KALAM ALLOH

- ELMU ALLOH

- HAYAT ALLOH

- WUJUD ALLOH

Anu buktina… Nur Wungkul anu tanpa wates wangena! Ieu teh disebutna: Mukasyafah Hakeki……!!

HIBURAN MUKASYAFAH:

Lamun eta hamba dibere Hiburan ku Alloh, sok dimukasyafahkeun: SAMA’-na ( Pangdengena ), nyaeta sok bisa “Ngadenge” sareng ”Ngarti” kana “Tasbihna” ieu alam, saperti kana “Tasbihna Angin”, “Tasbihna sato”, “Tasbihna Cai”… sareng sajabina.

Nyakitu deui lamun dibukakeun Bashor-na ( paningalina ), eta oge sok bisa “awas”, bisa “Ningali” kana rahasiah “Hakekat Alam”, saperti bisa ningali kana rupana Sora, sabab,… eta sora teh di “Alam” itu mah aya rupana, atanapi bisa ningali kana Lohmahfud, sareng bisa Ningali kanu sanesna…..!

Salajengna lamun dibukakeun Ku Alloh Ambeu-na, tangtu bakal bisa ngabedakeun “Ambeuna” kana barang anu “haram” sareng anu “Halal”, anu ngandung “Panyakit” sareng anu ngandung “Obat”. Nyakitu deui lamun dibukakeun “Pangicipna” sareng “Nafasna”, tangtu bisa barang dahar tina kakuatan Nafasna. “Nyeuseup” kana sarina kadaharan anu dipikahayangna, saperti kajadian ka sapalihna “Para wali Alloh” anu laluhur darajatna. Contona saperti ka aya-an pancer-na “Wali Jawa”…, puluh-puluh taun anjeuna di Jero laut…, estuning henteu tuang-Leueut!

Sareng saterasna “Mukasyafah” anu sanesna anu teu perlu diterangkeun, “Mukasyafah ka Asror Ilahiyat”. Tah ieu teh ka asup kana “Kawaris”: (surat Al-Isro ayat 1):

Tapi kajadian ‘mukasyafah” ieu teh diantarana mah ngan ukur saliwat bae kangge nganyatakeun “maqomna’, ngayakinkeun “benerna” ambahan nana, sareng ‘nengtremkeun”…, netegkeun hatena!.

Ari anu tetep “manteng’ mah….”eta” bae “NUR KAMA’RIFATAN DINA HATE” mangrupa “KAROMAT” anu “Pangistimewana..”

“Maha Suci Dzat anu nyumputkeun rahasiah “kakhususan“ WALI ku dhohirna Sifat Kamanusa-an nana, saperti manusa biasa”

P E P E L I N G

Numutkeun pandangan Asy’ariyah, yen sadayana Sifat sifat Alloh teh JUMENENG kalawan Dzat-na, QIDAM kalawan Dzat-na, Wujud kalawan Dzat-na. Jadi anu ieu sifat-sifat teh nyaeta ma’na anu JUMENENG kana DZAT, sarta ZAA-IDATUN ‘ALA DZAT, anu hasilna nurutkeun ieu kaol ( pandangan ):

- ALLOH QODIRUN BI-QUDROTIHI

- ALLOH MURIDUN BI-IRODATIHI

- ALLOH “ALIMUN BI-‘ILMIHI

- ALLOH HAYYUN BI-HAYATIHI

- ALLOH SAAMI’UN BI-SAM’IHI

- ALLOH BASHIRUN BI-BASHORIHI

- ALLOH MUTAKALLIMUN BI-KALAMIHI

Ari numutkeun Ahli ma’rifat mah, yen sadayana sifat-sifat ieu teh, memangna oge DIRI MAOSHUF, henteu ZAA-IDATUN ‘ALA DZAT ( tambah luhur ), tapi memangna oge ANU KAWASA teh  DZATNA, ANU KERESA teh DZATNA, ANU UNINGA teh DZATNA, ANU HURIP teh DZATNA, ANU NGARUNGU  teh DZATNA, ANU NINGALI teh DZATNA, ANU NGANDIKA teh DZATNA.   Jadi nurutkeun Ahli Ma’rifat mah :

- ALLOH QODIRUN BI-DZATIHI

- ALLOH MURIDUN BI-DZATIHI

- ALLOH “ALIMUN BI-‘DZATIHI

- ALLOH HAYYUN BI-DZATTIHI

- ALLOH SAAMI’UN BI-DZA’IHI

- ALLOH BASHIRUN BI-DZATIHI

- ALLOH MUTAKALLIMUN BI-DZATIHI

- Sareng saterusna….

Saur Syekh Al-‘Arif Siddiq Ibnu Umar Khon, guruna Syekh Nafis: Nyaeta muridna Wali Qutub SAMAN MADANI:

“Ari anu pandangan nana yen eta sifat-sifat teh Diri Maoshuf, maka nyaeta tina perjalanan KASYAF sareng MUSYAHADAH, jalaran aranjeunna ( Ahli Ma’rifat ) parantos biasa Musyahadah ka Alloh Ta’ala”.

Nyaeta Alloh ngabukakeun ka aranjeunna kana Hijab, Sifatna. Mangka henteu katingali ku aranjeunna, yen sifat-sifat eta teh, JUMENENG  kana ma’na anu QODIM kana DZAT, ngan wungkul anu katingali sareng anu kasaksi ku aranjeunna mah, Sifat sifat teh JUMENENG ku DZAT.  Sareng deui aranjeunna nyandak Dalil Akal, nyaeta lamun tea mah Sifat Sifat teh lain DIRI MAOSHUF, tangtu Alloh teh MAJHUL ( samar ), make ngabutuhkeun kana SIFAT, pikeun ngenalkeun ka aranjeunna. Maha Suci Alloh tina ieu ka aya-an, sabab Alloh Ta’ala eta pang ma’rifat-ma’rifatna ti sakabeh anu ma’rifat.

Ari kaol anu nyebutkeun yen Sifat sifat eta lain DIRI MAOSHUF ( DZAT ) sarta tambah luhurna, nyaeta nurutkeun perjalanan Akal sareng I’tikad anu jalanna nyaeta kagambar ku akalna, yen ISIM MUSYTAQ eta timbul tina MUSYTAQ MINHU, saperti:

- QODIRUN DIMUSYTAQ TINA QUDROT

- MURIDUN DIMUSYTAQ TINA IRODAT

- ‘ALIMUN DIMUSYTAQ TINA ‘ILMU

- HAYYUN DIMUSYTAQ TINA HAYAT

- SAMI’UN DIMUSYTAQ TINA SAMA’

- BASHIRUN DIMUSYTAQ TINA BASHOR

- MUTAKALLIMUN DIMUSYTAQ TINA KALAM

Nyaeta sadayana teh ISIM FA’IL anu meunang nyutat tina MASDHAR. Anu intisarina eta QUDRAT   -    IRODAT  -  ‘ILMU – HAYAT -  sareng anu sanesna, nyaeta SIFAT … lain DZAT ( MAOSHUF ).   Tapi kangge sadayana eta Sifat-sifat teh henteu WUJUD sorangan, salian ti WUJUD-na teh teu lesot ti Maoshuf ( Dzat ), nyakitu deui QIDAM-na oge kalawan QIDAM-na DZAT.

Tah ieu I’tikad teh memangna oge ( saur Syekh Nafis ) kagambar samemeh nepi kana MAQOM MUKAFAHAT MUSYAHADAH, tapi geuning ari geus nepi kana eta maqom mah, dina “eta ka aya-an” teu aya anu katingali iwal ti eta SIFAT SIFAT teh DIRI MAOSHUF. Kitu dijelaskeun dina Kitab Durunnafis kaca 12).

S U A L:

“Naon bedana antara ieu Ahli Ma’rifat sareng Mu’tazilah, anu maranehanana oge nyebutkeun yen sifat sifat eta teh DIRI DZAT…?

J A W A B:

“Mu’tazilah I’tikadna kieu : yen eta sifat teh Diri Maoshuf jeung henteu tambah luhurna, tapi di i’tikadkeun ku maranehanana mah kalawan I’tikad ( manunggal ) saperti:   Dzat wujud istiqlal…Sifat oge wujud istiqlal…, terus dihijikeun duanana nepi ka ngajadi hiji

maha suci Alloh sareng Maha Luhur tina sadayana ka aya-an saperti kitu.

Rupina perkawis bab sifat dicekapkeun sakieu bae anu sacara khusus.  Kaseuseu-eurannana Ahli Ma’rifat, kakuatan ma’rifatna teh ngan nepi kana ieu TAJALI SIFAT. Tajali anu ROSIKH ( anu tumanceb dina hate para ‘arifin ).  Salajengna saha-saha anu “kuat” nanggung kana ieu Tajali Sifat dina Hatena, kalawan “izin” Alloh, bakal kuat nanggung kana Tajali Dzat, Tajalli anu kaopat, nyaeta “MAQOM  TAUHID DZAT” (BAB ka IV dina buku ieu mah).

Bacaan salajengna nyaeta bab anu panungtungan(bab panutup dina ieu buku) mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB IV TAUHID DZAT

No comments:

Post a Comment