8. MAQOM RIDHO
Maqom yakin anu kadalapan nyaeta RIDHO.
Saur Sayid Syarif Al-Jurjani dina kitab Ta’rifatna:
Ari ngaran RIDHO teh nyaeta:
“Bungahna HATE kana narima paitna papasten”
Dawuhan Gusti Alloh dina surat Al-Maidah ayat 16 :
“Nuduhkeun ku ieu Qur’an Alloh, ka jalma anu manut kana ridhona kana jalan-jalan kasalametan, sareng ngaluarkeun ka maranehan-nana tina poek kana caang kalawan izin Alloh, sareng nuduhkeun Alloh ka maranehannana kana jalan anu lempeng”
Jadi jelasna kieu:
Alloh mere hidayah ku ieu Qur’an ka jalma anu manut, anu milu kana ridhona. Kahiji, kana jalan-jalan pisalameteun. Kadua, dikaluarkeun nana poek kakufuran kana caangna kaimanan. Katilu, dibere pituduh kana jalan anu bener anu lempeng, nyaeta KONCINA teh aya dina nuturkeun RIDHO ALLOH. Imma dina lahir atawa bathin.
Dina lahir, ngeukeuweuk montel ngajalankeun parentah-parentah Alloh sareng Rosulna, bari ngajauhan cegahannana(anu dilarangna).
Dina bathinna, ridho, rela, suka, gumbira, kana papasten ti anjeunNA, Alloh SWT sok sanajan dirasakeunnana ku nafsu mah matak nyeklak paiiiiit……!
Saur Imam Gozali :”ari ngaran ridho teh nyaeta suka bungah narima kana PANGERSANA, papasten gusti Alloh”
Dina lahirna, ngagarap, migawe, anu matak meunang ridhona Alloh SWT. Alhasil hate ngeukeuweuk KATAUHIDAN, badan ngagarap KASYARE’ATAN.
Hate ngalaksanakeun EUSINA “LAA ILAAHA ILLALLAAH”, badan ngalaksanakeun EUSINA “MUHAMMADUR ROSULLULLOH”.
Jadi bareng HAKEKAT sareng SYARE’AT. Sabab ari ngaran ridho ceuk SYARA’ mah, nyicingan dina ridho Alloh Ta’ala sareng ridho Rosulna.
Dina hadist soheh, dawuhan kanjeng Rosullulloh SAW:
“Can iman salah sahiji aranjeun, satungtung can jadi pangajak nafsuna manut kana AJARAN KAMI”
Dawuhan Gusti Alloh dina surat At-Taubah ayat 96:
“Maka saenyana Alloh henteu RIDHO ka kaom anu farasik”
Sareng dawuhannana deui dina surat Az-Zumar ayat 7:
“Lamun aranjeun kufur, maka saenyana Alloh mah SUGIH tibatan aranjeun, jeung henteu ridho Alloh ka hamba-hambana kana kufur, jeung lamun aranjeun syukuran, maka Alloh ridho ka aranjeun”.
PEPELING :
Inti sarina tina ieu 2 ayat :
Alloh henteu ridho kana anu fasik, nyaeta anu ngalakonan dosa gede, atawa anu ngamayengkeun dosa leutik, anu ngelehkeun amal solehna, sareng ninggalkeun kawajiban-kawajiban ka Alloh SWT, saperti: Ninggalkeun sholat fardlu, saum romadhon, zakat sareng sajabina.
Tah henteu ridho Alloh ka anu kitu…, sareng henteu ridho Alloh ka anu … kufur…!
Tapi ridho Alloh kanu syukuran, nyaeta anu ngagunakeun NI’MAT dina perkara anu dipikaridho kunu masihannana eta NI’MAT, kujalan ngalakonan parentahan-nana sareng nebihan cegahan-nana. Anu padahal... ma’siyat, kufur, tho’at, syukuran eta sadayana oge… IRODAT pangersa Alloh……….!
Tah…. didieu.. perbedaanna antara ..: IRODAT sareng RIDHO.
Ku kituna maka Alloh ngutus Rosulna pikeun tableg, nganepikeun penerangan mana anu dipikaridho ku Alloh, sareng mana anu dibenduan ku anjeuNA.
Matak sing saha anu hayang meunang ridho Alloh, tuturkeun Kanjeng Rasullulloh SAW, sareng turut parentahna. Alhasil, henteu satiap-tiap IRODAT ALLOH eta RIDHONA… sareng parentahanna…, tapi rupa-rupa.
Aya irodat ( pangersana Alloh ) bari Alloh ridho, saperti : IMAN, ibadah sareng sajabina.
Margi Qudrat oge kumaha Irodat, jadi cindekna mah sing bisa ngabedakeun antara TAUHID, FIQIH, sareng TASAUF…..!
Sareng sing bisa merenahkeun-nana sareng ngahukuman-nana. Mana TAUHIDNA mana FIQIHNA…! Lamun salah ngahukuman-nana…, wah…, matak gawat…!
Nyakitu deui antara ELMU TASAUF sareng ELMU FIQIH.
Lamun urusan FIQIH.., pek dihukuman .. ku TASAUF, matak .. acak-acakan..! sabab urusan FIQIH mah, urusan KHUSUS PRIBADI sareng urusan bathin ( HATE )!
Matak dina Hadist :
“Hukuman manusa ieu ku lahir ( Fiqih ), ulah ngahukuman ku bathin ( Tawasuf ). Pasrahkeun bae bathin-namah ka Alloh SWT”
Ari hukum FIQIH eta aya: Wajib, sunah, haram, makruh, wenang, sah, sareng henteu sah.
Ulah ngahukuman ku HIJI bae, lamun mendakan masalah anu anyar. Coba hukuman ku anu tujuh tadi, atawa ku nu limana, nyaeta : Wajib, Sunah, Haram, Makruh, Wenang. Insya Alloh bakal beres-roes.
FAEDAH:
Ayeuna masalah-masalah dina ieu buku, ngabahas sareng ngupas ELMU SULUK sareng MA’RIFAT, antara TASAUF FUQOHA sareng TASAUF MUHAQIQIN, sareng antara MUTAKALIMIN sareng MUHAQIQIN, sareng antara KHOLAF sareng SALAF, urusan BASHIROH sareng SIR. Lamun seug dihukuman ku FIQIH… atawa make AKAL FIQIH…, geus pasti moal cocog sareng moal kaharti.
Anu matak AHLI MA’RIFAT anu baheula seu-eur anu diculik…! Contona sapertos Imam Asysya’roni nepika tilu kali diculik…! Bade dimaotan…, Allhamdullillah, ditangtayungan….!
Bilih hoyong terang pangkat sareng suluk anjeunna, mangga tingali bae dina kitab “Mizan Qubro” karangan anjeunna, sareng kitab anu sanesna.
Nyakitu deui Imam Al-Ghozali, difitnahan luar biasa. Sareng seu-eur deui ahli-ahli ma’rifat anu sanesna, malahan aya anu nepi ka ditelasannana. Saperti: HALAJ.
Dawuhan Sulthonul Aulia Sayid Syekh Abdul Qodir Al-Jaelani: “Lamun seug HALAJ sajaman jeung kaula, pasti ku kaula ditungtun panagannana tina leungeun jalma anu rek maehan-nana, supaya ulah tulus”
Tah ieu teh TANDA kana HAKNA-HALAJ-sanaos NAKIS ( kirang ) henteu keur dina KAMAL sampurna, margi keur ka aya-an MAJDUB.
Manghanjakalkeun di antara para ulama…, anu terkemuka… teu terangeun kana SAJATINA pangkat HALAJ, jeung kana ka aya-an HALAJ, sahingga dina bukuna…, nyasarkeun ka anjeunna, bari nuduh digolongkeun jeung kaom BID’AH. Nyakitu deui ka Imam Syare’at sareng hakekat, syaekhul Akbar Muhyiddin Ibnu ‘Arobi r.a. bari dituduh ZINDIK kalawan ngagunakeun kaol Iman Izzudin Bin Abdi Salam, anu padahal mah eta sabenerna Imam Izzanudin teh henteu nyebutkeun kitu, tapi sabalikna …! Allohummagfirllahu!
Di sim kuring, Alhamdullillah, lengkep ngeuna-an sajarah Imam Izzanudin sareng Ibnu’Arobi katut Kitabna: Futuhatil Makiyyah.
Geura kieu… ringkesna mah…!
Ari jenengan IBNU’AROBI teh saleresna mah nyaeta: Abu Bakar Muhyidin Muhammad Bin Ali Hatimi.
Ari ku urang Maghribi mah disebutna mah IBNUL AROBI .Ari ku urang Masyriqi mah disebutna teh IBNU AROBI .
Dilahirkeun malem Senen kaping 17 Ramadhan 560 H di Daerah Mursiyah Al-Andalusi, tapi ngalalana ka saban daerah dugikeun ka netep di Damaskus nepi ka wafatna (638 H).
Ari karangan-nana kacida seu-eurna. Ku Sim kuring teu perlu disebatan hiji-hijina, tapi di antaranna aya anu paling kasohor sareng anu paling ngagehgerkeun, nyaeta kitab FUTUHATIL MAKIYAH. Hiji kitab anu ngabahas SYARE’AT sareng HAKEKAT, sareng ngabahas RAHASIAHNA para WALI-WALI ALLOH. Kitabna ageung pisan nepi ka bab-na oge langkung ti 550 bab, nyaeta aya opat jilid ageung.
Ieu kitab diringkeskeun ku Syekh Abdul Wahab Asysya’roni ( wafat tahun 973 H ) anu dibere ngaran kitab teh:…………. “AL-KIBRATUL AHMAR MIN ‘ULUMI SYAIKHIL AKBAR”
Numatak, dina kitab Mizan Sya’roni Kubro, anjeunna seu-eur nukil tina kaol Ibnu’Arobi. Ieu teh ciciren kana HAKNA Ibnu’Arobi.
Sareng seu-eur deui Ulama anu ngarang risalah, kitab, pikeun ngabela Ibnu’Arobi sareng pikeun ngeurad ka ulama anu sok nyawad, nyacad, ka anjeunna. Diantarana: Al-Hafidh Imam Suyuti.
Saperti ngabelana Imam Suyuti kana IHYA-na Imam Ghozali, ka ulama anu nyasarkeun-nana. Sareng seu-eur deui ulama ahli Syare’at sareng ahli Hakekat anu muji sareng ngabela ka anjeunna, di antarana:
Syaekhul Islam Asysyaeroji, Syekh Samsudin Al-Khuliyyi Asysyafe’i, Sulthonul Ulama Izzudin bin Abdussalam Asysyafe’i, malahan anjeunna mah ngayakinkeun yen Ibnu’Arobi teh WALI QUTUB sareng Ghaos dina eta jaman. Kitu dijelaskeun ku para ulama, murid-muridna Imam Izzanudin r.a. sanes nuduh Zindik sakumaha anu dilontarkeun ku Hiji ulama. Pangarang buku……!
Teras anu ngabela teh, Qutub Sa’aduddin Al-Hamawi, Ibnu Athoillah, pangarang Hikam anu wafat 709 H. sareng Syekh Kamaludin Azzamlakani, Syekh Suhrowardi pengarang kitab Awariful Ma’arif, Al-‘Arif Ibnul Faridl, ulama ahli Ma’rifat sareng pengarang, Imam Syafi’i Al-Yamani, sareng seu-eur deui anu sanesna, anu ngabela ka anjeunna ( Nyaeta Ibnu’Arobi ).
Anu akhir kasimpulannana saur eta para Ulama kieu:
“Jeung henteu aya nu nyacad eta leuwih nyaho tibatan Nabi Khidir a.s. Sabab Nabi Khidir ieu salah sahiji Guruna Ibnu’Arobi. Jeung anjeunna sering ngariung sareng Nabi Khidir a.s.”
Tapi…, memang leres, lamun jalma anu acan mukasyafah, musyahadah…, atawa acan ngarti…, kana Elmu Ma’rifat ulah wani-wani Muthola’ah Kitab Futuhatil Makiyyah. Tujuannana sangkan salamet, sakumaha diterangkeun ku Syekh Al-Hadad. Jadi lain mutlak ulahna. Nyakitu deui anu diterangkeun dina Kitab Mustholahul Fiqih Fawa’Idul Makiyyah.
Ari geus ngarasa Ma’rifat mah…, nya pek teh teuing sabab elmu Ma’rifat Robbaniyyah ( Ma’rifat kapangeranan anu ngurus ) sareng Asror Ilahiyah ( Rahasiah kapangeranana anu jadi pusat ) sareng Ulumul Wahbiyyah ( Elmu-elmu langsung paparin ti Alloh ), eta henteu bisa diraba ku akal Fiqih. Tapi kudu ku akal Rohani, Nuroni anu Hakiki.
Saha anu hayang terang kana istilah sareng ta’rif Elmu syare’at, hakekat, alat, bilaghah, sareng ta’rif anu sulit tina kitab Futuhatul Makiyyah Ibnu’Arobi, mangga bae tingali tina Kitab Ta’rifat anggitan Sayyid Syarif Al-Juranji, cetakan anu kapungkur. Margi cetakan anu ayeuna mah, henteu aya ta’rif, istilah-istilah, dina kitab Futuhatul Makiyyah. Hatur Nuhun…, WAllohu a’lam Bishshowaab……………………………………………...!
Ayeuna urang malikan deui kana masalah poko, nyaeta masalah Maqom Ridho, maqom yakin anu kadalapan.
LENYEPKEUN:
Ka para ikhwan mu’minin rohimakumulloh:
Urang ieu iman sareng yakin, yen sagala kajadian anu tumiba ka urang jeung ka sakabeh makhluk, eta sadayana oge teu lesot tina QODLO-QODAR papasten Alloh SWT.
Kukituna urang ieu anu salaku hambana tangtu kudu RIDHO kana naon bae papastenna, kayaning upama fakir. Sakumaha saur Ibnu’Athoillah dina Hikam-na:
“Pang alusna waktu anjeun, nyaeta waktu anu ngarasa anjeun dina eta waktu kana ayana fakir anjeun, jeung ngabalikkeun ka anjeun kana ayana gunana anjeun”
Malah saurna teh :”Teu aya hiji amal anu diangge tawasul anu panggancangna di-ijabah ku Alloh SWT, iwal ti ngarasa hina sareng fakir ka Alloh SWT. sabab....
“Ari banget butuh, payah, eta amparan-nana PAPARIN”
Saur ahli ma’rifat, sapertos Tuan Syekh Abdul Qodir Jaelani sareng saur Imam Ahli ma’rifat Abu Yazid Al-Bustomi r.a.:
“Kuring asup ka Alloh, make jalan mana bae,,,.NUTUP iwal ti make jalan…… NGARASA HINA SARENG fakir, kakara bisa asup".
Saur ulama ahli ma’rifat:”Moal ma’rifat jalma ka Alloh SWT lamun eta jalma boga 3 sifat panyakit”
- Kahiji, Sifat KIBIR ( adigung )
- Kadua, Sifat BID’AH
- Katilu, BORANGAN
Jadi lamun hayang ma’rifat mah, ieu panyakit anu tilu kudu pangheulana diberantas, dileungitkeun.
Prak ku anjeun ( heh salik ) geura jalankeun ieu maqom sing tepi ka nafsu anjeun :Rodliyatan ( anu ridho ) sareng Mardliyatan ( anu dipika ridho ), nepi ka Kamilatan ( sampurna ), sabab sadayana nafsu teh ceuk ahli thorekat mah aya 7 tahap, anu ngancikna dina latifah anu 7 ( lelembutan anu tujuh ) anu balad-baladna oge rata-rata 7 sewang:
Kahiji: NAFSU AMARAH : Loba ngajak kagorengan. Cicingna dina dada
Baladna tujuh, nyaeta: koret, kadedemes, sirik-pidik. bodo, takabur, syahwat, ambek.
Kadua: NAFSU LAWWAMAH : Nyaeta cempadan
Cicingna dina latifah qolbu ( hate ) nyaeta aya dihandapeun susu beulah kenca kira-kira 2 ramo. Baladna : cempadan, nipu, ujub, ngupat, riya, dholim, bohong.
Katilu: NAFSU MULHAMAH : ( Diilhaman )
Ngancikna dina latifah RUH, nyaeta ayana dina handapeun susu beulah katuhu kira-kira 2 ramo. Baladna: berehan, qona’at, hampuraan, tawadlo, tobat, sobar, tahan uji.
Kaopat: NAFSU MUTHMAINNAH : ( TENANG )
Tempatna dina latifah SIR (SIR mungguh ahli thorekat). Lain deui sareng SIR mungguh ahli ma’rifat. Anu ngancikna lebah gigireun susu kenca nyodor kana lebah dada, kira-kira 2 ramo. Baladna: balabah, tawekal, ibadah, syukur, ridho, sieun ku Alloh.
Kalima: NAFSU RODIYAH : ( ANU RIDHO )
Tempatna dina latifah SIRRUSSIRRI, anu sok disebut Latifah qolab, anu cicingna nyaeta merata di sakujur badan anu pusatna dina sirah. Baladna: berehan, zuhud, ikhlas, waro’i, riyadloh, tara jalir jangji.
Kagenep: NAFSU MARDIYYAH : ( DIPIKARIDHO )
Anu ngancikna dina latifah KHOFI, nyaeta cicingna dina gigireun susu beulah katuhu nyodor ka tengah-tengah dada, kira-kira 2 ramo. Baladna: alus budi pekerti, ninggalkeun inget ka salian Alloh, nya-ah ka sasama, mawa kana kaberesan, sareng hampura-an, cinta, deudeuh ka sasama makhluk, sabab anu nafsuna tos mardiyyah mah, mimiti…caang…, katingali NUR ROHANI-na, sarta tos kalindih poek tabeat nafsuna.
Katujuh: NAFSU KAMILAH : ( SAMPURNA )
Ngancikna dina latifah AKHFA, nyaeta lebah tengah-tengah dada. Baladna: elmu yakin, ‘aenal yakin, haqqul yakin.
Tah nafsu anu katujuh ieu sok didlorob ( diteunggeulan ) ku ahli thorekat dina waktu DZIKIRNA, sangkan pecah kalindih ku ASMA-ASMA ALLOH.
Dawuhan Gusti Alloh dina akhir surat Al- Fajr:
“Heh nafsu Muthmainah, mulang anjeun ka Pangeran anjeun bari ridho tur dipikaridho. Pek asup anjeun, di maqom hamba-hamba kami, jeung asup anjeun ka sorga kami“
MA’RIFAT RIDHO:
Lamun jalma nafsuna tos KAMILAH, hartina SAMPURNA. Terus bae asup kana ma’rifat, ti mimiti Elmu Yakin, ‘Aenal Yakin, Haqqul Yakin.
ELMU YAKIN :Nyaeta ma’rifat ELMU ( pelajaran ma’rifat ). Anu buktina TASHDIQ. Ngabenerkeun kana ma’rifat sareng ahli ma’rifat.
Saur Imam Abi Hasan Assadzali qodas Allohu Sirrohu:
Hartosna:”Ngabenerkeun kana perjalanan kami ieu, eta tos kalebet kana kawalian”
Kitu dijelaskeun dina kitab Ikodhula Himam. Syarah HIKAM.
Penjelasan:
Ngawitan jalma giat getol kana ibadah, nyaeta dimana nafsuna tos muthmainnah, tengtrem-ayem. Sumerah kana pangersana Alloh. Anu eta teh, hakekatna mah anu meunang panggilan tea ti Alloh Robbul’alamin, kalawan terus naek deui tina tumaninah teh kana ridho. Hartina, tumaninah teh timbul tina kasadaran anu luhur, nyaeta anu buktina bungah bae, sanajan keur aya dina musibat, cocog antara lahirna sareng bathina.
Nembe bae maqom Ridho-na teh ditarima. Nyaeta maqom Mardiyah tea ngaranna.
Jadi sakabeh lamaranna, lamun dina ngalamar tea mah, tos memenuhi syarat. Kakara ditarima jadi karyawan ( Hamba-hamba Alloh anu saenyana )
Tenang bae tos kitu mah. Moal aya KHAUF sareng HAZAN ( prihatin )
“Asup ka sorga” di dieu, Imma sorga jaga di akherat…., atawa ma’nana teh sorga ma’rifat, anu sok dimaksud ku para ahli ma’rifat.
Dijelaskeun dina kitab Fathurrohman, anggitan Syaekhul Islam Zakariya Al-Ansori, nyaeta Syarah HIKAM wali Ruslan, Eyangna Ibnu Ruslam, anu ieu Kitab Fathurrohman teh disyarahan deui ku guru sim kuring Al-‘Arif billah Toto Syarif Muhammad Zakariya, anu dibere ngaran Kitabna teh: AL-JAMI’UL MUQNI, nyaeta kupasnna teh kieu:
Dina Hiji penjelasan Hadist Qudsi:
“Nyawiskeun Kami pikeun hamba-hamba kami anu saroleh, nyaeta anu pada ma’rifat ka Alloh, kana naon anu can kungsi katingali ku panon, jeung can kungsi kadenge ku ceuli, jeung can kungsi ngereteg kana hate jalma”
PEPELING:
Ari udagan maqom ridho ieu, urang sadayana kudu ngutamakeun udagannana teh kana nganyatakeun sifat kahamba-an bari ulah poho kana ngagarap parentahan-nana Gusti Alloh, sareng nebihan cegahan-nana dina sagala bidang. Ngudag sifat kahamba-an sareng dina sagala ka aya-an saperti dina sholat, dina wiridan, dina ngadu’a, eta sadayana NIAT dina hate, ngalaksanakeun tugas diri sareng nyumponan sifat kahamba-an.
Jadi dina sagala ibadahna teh, tanpa pamrih. Tapi timbul tina kasadaran, karidhoan, anu mutlak luhur pisan budi pekertina jalma anu tos ngudag sifat kahamba-an. Sakumaha parantos dicontoan ku jungjunan urang, anu ku urang sok dibaca.
Hartina: ‘Kangjeng Nabi Muhammad SAW eta hamba Alloh, Abdi Alloh sareng utusan-nana”
Dugi ka anjeunna ISRO’ sareng MI’RAJNA oge, eta atas nama ABDINA ( Kahamba-an nana ), henteu ngadawuh Alloh kana atas nama Rasulna atanapi Nabina. Jalma mu’min anu tos kawaris ngalaksanakeun sifat kahamba-an, eta oge bakal kawaris ISRO sareng MI’RAJNA jungjunan Muhammad SAW Sakumaha anu ka alaman ku para kakasih Alloh SWT. Sabab satiap aya di Nabina, eta bakal aya warisan nana ka umatna. Ngan beda busana.
Contona: Di Nabi aya mu’jizat, di Hamba anu sholeh oge aya Karomah.
Dupi bentenna basa eta tuduh kana bentenna darajat, malih janten dalil: ayana karomah, eta tuduh kana ayana mu’jizat. Sapertos ayeuna perkawis ISRO, hartina: Leumpang wengi. Upama dina elmu ma’rifat mah, katelahna teh: SAFAR. Hartosna : Leumpang, nyaba. “Leumpang” di dieu, sanes leumpang ku sampean ( suku ) tapi leumpang ku PIKIR sareng leumpangna HATE sareng RUH.
Dina Kitab Al-Jami-ul Muqni, saur Syaekhuna kieu : “ Ari ngaran SAFAR ( berjalan ka Alloh ) mungguh ahli hakekat, nyaeta ibarat tina majuna hate nalika TUMANDANG dina MADEP ka Alloh anu Maha HAQ ku jalan DZIKIR seu-eur emut ka Alloh”
SAFAR ieu teh aya 4 tahap:
Kahiji Leumpangna hate anu batesna nepi ka UFUQIL MUBIN
Kadua Leumpangna RUH nepi ka UFUQIL A’LA
Katilu Leumpangna SIR anu aya dina maqom QOBA QOASEN tug dugi ka maqom AO-ADNA. Tah dina maqom ieu MAJDZUB teh.
Kaopat Balik tina sadayana maqom kangge nyampurnakeun, ngalaksanakeun parentah Alloh khusuna sholat fardu anu lima waktu, anu sok disebut ieu maqom teh MAQOM BAQO, ba’da fana, hartosna mah maqom eling tina fana, kangge ngalaksanakeun maqom istiqomah anu leuwih unggul 1000 lipet dibanding KAROMAT.
Tah kakarek lamun jalma tos dugi kana maqom ieu bisa NGARASAKEUN, NGAMALKEUN, NGANYATAKEUN, NGAYAKINKEUN kana dawuhan Gusti Alloh dina surat Qof aya 16 : “Jeung kami eta leuwih deukeut ka manehna tibatan urat beuheung”
Sawangsulna lamun jalma acan nepi kana eta maqom, moal bisa nganyatakeun kana ieu ayat, paling oge ngimankeun sareng percaya kana eta ayat.
FAEDAH :
Kitu tah jalanna para kakasih Alloh ti kapungkur tur dugi ka ayeuna. Anu akhirna atawa NUTUPNA ieu maqom teh saur para ahli ma’rifat, nyaeta engke dimana tos sumping, lungsur Kangjeng Nabi Isa As. Margi tugas Nabi Isa As. teh sajabina Panglima Perang kangge numpes Dajjal sareng sajabina kajahatan, oge tanda kana berakhirna maqom Kawalian , saperti ka aya-an nana ngabukana Kangjeng Nabi Adam As.
Anu matak dina Alqur’an didawuhkeun kieu ( Ali Imron ayat 59 )
“Saenyana perumpamaan Isa As. mungguh Alloh, eta saperti ADAM”
Dina pada ayana teh henteu melalui RAMA. Kangjeng Nabi Adam mah, timbul di AWAL JAMAN, Kangjeng Nabi Isa As. mah SILEM, nya teras timbul deui di Akhir Jaman, sapertos Nabi Adam mah MUKA ka-nabi-an – ka-wali-an…., kangjeng Nabi Isa As. mah…, Mungkas ka-wali-an secara umum ti jaman Nabi Adam dugi ka akhirna KAWALIAN.
Malihan saban jaman oge aya hiji WALIYULLAH anu saperti KN Isa as. Anu gelarna ROJULUL BARZAKH”, anu tugasna naliti, ngariksa Alam Barzakh, anu dijadikeun nana ku Alloh SWT, tina Rohani sareng Jasmani, hartosna ramana teh NUR Rohani, ari ibuna mah biasa jalma ( jalma biasa ). Tapi nyaeta ngan saurang urangna disatiap jaman ( masa ).
Ari Waliyullah anu Ala Qolbi Adama ( milu kana manah nabi Adam as ) eta seu-eur nyaeta aya 300 urang di setiap jaman. Anu katelahna Wali Mujtaba.
Kitu dijelaskeun ku Syekh Akbar Muhyidin Ibnu ‘Arobi:
“ Ridho Alloh ka aranjeunna jeung aranjeunna ridho ka Alloh. Kitu kabagjaan anu pohara”.
Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Mahabbah