AutoFaucet

BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Tobat

 

Suluk

Naon hartina suluk jeung naon hartina salik…??

Margi dina ieu catetan ( buku ) seu-eur ngagunakeun dua bahasa ieu.

Kanyahokeun ku anjeun heh salik: ari hartina suluk, nyaeta ngambah anu nyukcruk asalna ieu basa.

Ari numutkeun istilah kacapangan dina elmu tasauf atanapi torekat, nyaeta ngaran salik teh anu ngambah kana maqom-maqom yakin atanapi anu nyukcrukan pos-pos yakin ku elmuna sareng kutingkah hatena, sahingga elmu teh pikeun manehna mah nyata, jeung karasa. Lain ngambah ku elmuna wungkul tapi bener-bener paeh poso dina ngalaksanakeun ibadahna. Ima dhohir atawa bathin, khususna ngamalkeun parentah guru sulukna.

Ari maqom yakin ieu sadayana mah seu-eur namung upami nyandak ringkesna mah aya 9 ( salapan ) maqom:

1. Maqom Tobat

2. Maqom Sobar

3. Maqom Syukur

4. Maqom Zuhud

5. Maqom Tawekal

6. Maqom Khauf

7. Maqom Roja

8. Maqom Ridho

9. Maqom Mahabbah ( Cinta )

 1. MAQOM TOBAT

Hartosna:” Jeung kudu tobat aranjeun ka Alloh Ta’ala, sakabehna heh sakabeh mu’min sangkan aranjeun bagja.” (surat An-Nuur ayat 31)

Ari ieu tobat teh di sebatna: Baabulloh.

Hartosna lawang kana wusul ( tepi ) ka Alloh. Sareng disebat oge: ASSASUL MAQOOMAAT, hartosna pondasina pikeun sakabeh maqom, bener tobatna, bener sakabeh maqomna, kokoh tobatna ajeg sakabeh maqomna, teu bener tobatna moal bener sakabeh maqomna.

Carana: Dina naekan maqom tobat, jalma suluk ieu kedah leres-leres dina tobatna ti mimiti, tobat dina islam, iman, nepi ka ihsan.

Contona: Tobat dina islam sapertos nebihan sareng miceunan sagala anu diharamkeun, anu diatur dina elmu fiqih, kalayan kapok moal balik deui, saperti : Zinah, minum arak, maen judi sareng sajabina anu diharamkeun ku syara islam. Tapi upami sangkut paut sareng hak adami, maka eta mah kedah serah diri, atanapi digentosan, sakirang-kirangna kedah nyuhunkeun dihalalkeun, saperti: Dosa maehan, maling, ngarampog, ghasab, nipu, malsu, ngurangan takeran / timbangan sareng sajabina, sareng kedah ngodoan kana naon anu kantos dikantunkeun dina sagala kawajiban  saperti: ngodoan sholat, zakat, shaum, munggah haji, sareng sajabina. Tah ieu tobat dina kaislaman.

Salajengna : Tobat dina ka imanan, nyaeta tobat dina hate anu diatur dina elmu tasauf sakumaha parantos diterangkeun tipayun, nyaeta kudu fana ( kudu leungit ) tina sifat-sifat madzmumah ( anu dicawad ), saperti : Tobat tina sifat hayang dibere ku makhluk nyaeta thoma, riya, ujub, takabur, goreng sangka, cinta dunya, sareng sajabina.

Sakumaha dawuhan Imam Sayidina Ali Alkhowas  r.a “Saha jalma anu panjer ( tetep ) dina maqom tobatna, sarta zuhud kana haliyah dunyana, maka bakal kumpul ka eta jalma sadayana maqom yakin anu sanesna, sareng bakal alus tingkah hatena…”

Lenyepkeun :

Taliti ku anjeun heh salik, tingkah hate anjeun salamina dina jero naekan maqom tobat ieu, sing nepika karasa dosa-dosa anjeun anu kaliwat timimiti umur baligh nepika jaman anjeun ayeuna. Tobat aya 3 ( tilu ) tahapan.

1. kahiji : diajar

2. Kadua : bisa

3. Katilu : ahli

Diajar tobat, nyaeta nafakuran sakabeh dosa pikeun ditobatan.

Bisa tobat, nyaeta ngangresna hate ka Alloh tina rumasa seu-eur dosa, rumasa su-ul adab, rumasa balangah, rumasa teu aya isin ku Alloh anu salamina ningali, rumasa goreng sangka ka anjeunNA, rumasa kirang syukuran, rumasa sok ngarasula, rumasa…,rumasa…..,rumasa hirup teh kumaha urang, rumasa hirup teh boga urang, rumasa boga af’al, rumasa boga sifat, rumasa boga diri sareng sajabina. Timbul bae tina ieu karumasa-an teh sifat-sifat anu sarae.

Ahli tobat, nyaeta anu istiqomah dina tobatna sahingga tobat teh jadi adat, sapertos dawuhan gusti Alloh ka Kang Jeng Nabi Muhammad SAW, dina surat : Hud ayat 112 :

Hartosna:”Kudu istiqomah anjeun sakumaha geus di parentah, anjeun jeung jalma anu tobat sarta anjeun”

Dawuhan Syekh Asysya’roni:

“Sapalihna kupasan ieu ayat, nyaeta Alloh Ta’ala marentah istiqomah dina tobat ka Kanjeng Nabi sareng kasadaya panganutna.”

Ku kituna kanjeng Nabi SAW, tara kirang istigfarna dina saban dinten saratus kali.

Lenyepkeun ku anjeun heh salik, tah kitu carana tobat anu sabenerna, prak ku anjeun jalankeun sing tepi ka ahli dina tobat teh, kakara anjeun kataekan maqom tobat.

Salajengna tobat dina ka ihsanan: nyaeta tobatna RUH, sapertos:

- Nu kahiji, tobat urusan jasmani.

- Nu kadua, tobat urusan hate.

      - Nu katilu ieu, tobat anu panghesena nyaeta ti mimiti tobat ka Alloh Ta’ala dina masalah akuan, sapertos, ngaku boga diri, sakumaha dawuhan Imam Juned, Imam ahli ma’rifat:

Hartosna:” Ngarasa wujudna anjeun ( tangulukna anjeun ) eta hiji dosa anu teu tiasa di ukur gedena ku dosa liana”.

Ari dosa pang gedena eta teu aya lian iwal ti musyrik. Janten ngarasa diri wujud, eta ceuk ahli ma’rifat mah musyrik, nyaeta musrik khofi tea, kukituna wajib tobat tina eta rasa, sangkan beresih tina eta dosa gede, dosa nu kacida nyumputna.

Tah kitu tobatna muqorobin, tobatna ahli ma’rifat anu muhaqiqin, matak dina  saba’da sholat oge sok istigfar sareng tobat tina saperti ieu dosa.

Nya kitu deui ditobatan dimana-mana emut ka salian Alloh, boh urusan dunya atawa urusan akherat kitu kupasan Syaekhuna Al-Arif billah Toto Syarif Muhammad Zakariya dina kitab Jamiul Muqni.

Faedah:     Tegeskeun ku anjeun heh salik,

Moal bisa ngalaksanakeun anjeun kana tobat anu ka tilu ieu anging anjeun kudu ma’rifat sareng musyahadah ka Alloh Ta’ala salamina, sabab ieu mah tobatna khowasul khowas.

Margi tobat teh aya 3 (tilu) rupa :

 Kahiji : Tobat ‘Am pikeun jalma anu meunang rusydu.

 Kadua : Tobat Khos, tobatna jalma anu meunang taofek

 Katilu : Tobat Khowasul-khowas nyaeta tobatna anu meunang hidayah, nyaeta jalma anu caang hatena, awas paningali bashirohna kalawan mukasyafah sareng musyahadah.

“Saestuna Alloh mika cinta ka tukang tobat, sareng mika cinta anjeunNA ka tukang beberesih.”  ( Al-Baqoroh ayat 222 )

Ma’rifat dina tobat:

Nyaeta ma’rifat dina wahdat asma, hartina nganunggalkeun Alloh Ta’ala dina sagala jenengan ( gelar ). Saba’da  anjeun heh salik, ngalaksanakeun tobat dina maqom ibadah sareng ubudiyah, terus tingkatkeun ku anjeun kana maqom ibadah sareng ubudah, ulah mandeg anjeun dina eta maqom, sahingga anjeun disebut ku gusti Alloh “Tawwab” hartina: Tukang tobat ( ahli tobat );

sakumaha dawuhanana, anu hartosna: “ Saenyana Alloh mikacinta ka tawwab kabeh “

Jadi, anjeun geus boga maqom tawwab. Ari hartina maqom nyaeta: pangkat, kadudukan, tempat, alhasil anjeun geus boga pangkat jeung kadudukan tawwab, sedengkeun anu saenyana mah anu gaduh gelar tawwab, ka-asup tina Asma-ul Husna.

Jadi kukituna Alloh SWT, parantos mere ngaran ka anjeun ku ngaran anjeuNA, maka ku kituna heh salik, balikeun deui ku anjeun ieu gelar kanu kagungan-nana, kanu hakna nyeta Gusti Alloh SWT

Carana:

Pandang ku anjeun, tekadkeun ku anjeun, musyahadahkeun ku sir anjeun, dimana-mana anjeun tobat eta teh timbul ti Alloh Ta’ala, nyaeta Alloh nuju nembongkeun jenengan-nana Tawwab, nya kitu deui dimana-mana anjeun ningali ka hiji jalma anu pagaweannana tobat bae, tekadkeun ku anjeun Alloh nuju tajali kalawan jenengan Tawwab.

Tah ieu ka asup Tajali asma, tajali anu kadua tina tajali af’al, margi tajali teh aya 4 (opat) rupa:

 Kahiji : Tajali Af’al, anu parantos dibahas tipayun.

 Kadua : Tajali Asma, nyaeta anu ayeuna keur di wincik hiji-hiji

 Katilu : Tajali Sifat

 Ka opat : Tajali Dzat

Sakumaha anu bakal ka sorang, insya Alloh walhasil tobat ieu teh ti Alloh ku Alloh. Urang ieu mah ngan wungkul tempat dohirna Asma Alloh.

Kanggo postingan  salajengna insya Alloh  engke urang ngabahas Tauhid Asma dina Maqom Sobar.

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Sobar

BAB I MERTELAKEUN TAUHID AF’AL

 

Ngabahas Syirik Khofi

Ari syirik khofi nyaeta sapertos ngabangsakeun perbuatan kasalian ti Alloh sapertos ngaraos ngagaduh diri, sifat diri, sareng af’al diri, sombong ieu aing, ngarasa beunghar, ngarasa pang pinterna, jeung sok ngabeda-bedakeun kana harkat darajat, pangkat jeung kadudukan mana si miskin jeung mana si kaya kalayan sok nyapelekeun kasasama, acuh tapi sok butuh ku tanagana, ngajauhan silaturahmi, jeung embung kailuan kunu leutik  komo jeung katingalina rudin tur hina mungguh pandangan nana, kasieunan, sieun beakeun alas, jeung sajabana.

Ari kaseu-euran nana eta jalmi henteu pada terangeun sareng teu pada naliti kana syirik khofi, jadi iman-na teh sok kababawa kubatur henteu sabenerna sakumaha didawuhkeun ku Alloh Ta’ala dina surat Yusuf ayat 106:

Hartosna : “ Sareng henteu iman kaloloba-an nana manusa ka Alloh anging bari maranehan nana musyrik”.

Kusabab mandang wujud salian ti Alloh sareng ngabangsakeun perbuatan kadirina, eta kaasup musyrik ceuk golongan aulia mah. Nyaeta musyrik leutik anu sok disebut syirik khofi tea. Tapi sok sanajan leutik ari musyrikmah tetep wae dosa panggedena. Anu moal dihampura tea ku Alloh lamun nepi ka datangna ajal masih keneh kapigawe.

Jadi urang disebat ku Gusti Alloh dina Al-Qur’an: “musyrik dikecualikeun tijalmi mu’min anu sabenerna, moal digolongkeun urang ka jalmi mu’min anu sabenerna kecuali i’tikad urang sareng pandangan urang” Henteu aya anu berbuat, sareng teu aya anu uninga, teu aya anu kawasa, teu aya anu kersa, teu aya anu hirup, teu aya anu ngarungu, teu aya anu ningali, sareng teu aya anu maujud, anging Alloh ta' ala nyalira.”

Lamun i’tikad urang geus kitu kakara urang disebat mu’min anu sabenerna, jeung kakara urang lesot tina syirik khofi, jadi ahli tauhid anu sajati mah anu ngaboga-an dua surga, nyaeta: surga dunya anu buktina ma’rifat, sareng surga di alam akherat sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina surat : Ar-Rohman ayat 46

Anu hartosna: “sareng pikeun jalma anu sieun kana maqom pangeran-nana baris meunang dua surga”

Saur syekh Abdullah Bin Hijaji Asarkowi, r, a: “Saha jalma anu geus asup dina surga ma’rifat di ieu dunya, niscaya moal kabita kana surga di akherat kalawan dinisbatkeun kana bidadari-na, katuangan-nana sareng leu-euteun-nana, sareng nu sanesna kani’matan lahir”

Lain deui dinisbatkeun kana ni’matna ningali Dzat Alloh nu Maha Suci, margi ningali Dzat Alloh ( Musyahadah ) di ieu dunya eta sapalihna kani’matan di surga anu pang ageungna.

(…mangkade lepat hartos nigali ka Alloh di ieu dunya sanes nigali ku panon lahir, tapi nigali ku “SIR” atanapi panon hate anu bersih…)

Eling-eling mangka eling heh salik poma anjeun ulah poho tina tekad wahdatul Af’al, ku sabab ieu pisan anu bisa ngadugikeun ka anjeun kana bisa ningali ( musyahadah ) kana ka-agungan dzat anu wajibul wujud, sareng kudu sieun anjeun ngabangsakeun perbuatan ka diri anjeun sareng sakabeh makhluk dina sagala bidang, sareng sing emut ari ngaran af’al eta :” Obah sareng cicingna”

Saur Syekh Imam Asysya’roni r.a, dina kitab Al-Jawhir Wadduror, anu meunang nukil tina cariosan Syekh Muhyidin Bin Arobi r.a,: ” Ari sadaya akwan ( makhluk ) eta sadayana hahalang kana ningali ka Alloh Ta’ala anu padahal Alloh Ta’ala teh anu berbuat dina satukangeun hahalang ( hijab ) eta makhluk, bari dirina eta makhluk teh henteu ngahalangan ka anjeunna kana ningali ka Alloh Ta’ala. Contona: Sapertos kalangkang tangkal kai dina cai, apan eta kalangkang teh henteu matak ngahalangan kana liliwatan eta parahu, nyata atuh anu ngahalangan teh ngan sangka-an anjeun wungkul kana ngading-dingna eta kalangkang.

Jadi, saha jalma anu tos terbuka tina hahalang hatena niscaya bakal katinggali sajatina anu berbuat nya eta Alloh Ta’ala wungkul, sawangsulna saha jalma anu teu terbuka hijab hatena mangka pasti poek kahalangan ku eta makhluk tina ningali ka fa’il anu hakiki ( Anu berbuat saenyana ) nyaeta Alloh Ta’ala.

Dina perkawis i’tikad kaum muslimin ngeunaan perkawis af’al ( perbuatan ) eta aya 4 ( opat ) aliran.

1. Kaum muta’zillah :

Maranehna henteu nyarahoeun yen saenyana Alloh anu berbuat kana sadayana perbuatan. Jadi tekad maranehna mah anu berbuat kana sagala perbuatan teh anu anyar: diri maranehan-nana jeung kudrot maranehan-nana anu anyar eta napakan dina sadayana, contona sapertos i’tikad kieu: Sagala perkara teh kumaha urangna, kumaha usaha urang, lamun usahana leutik hasilna oge leutik jeung sabangsana. Jadi ngagantungkeun harepan kana ikhtiar sareng kasab wungkul, atawa tetegenan kana sabab lain kanu ngajadikeun sabab. I’tikad kieu kade matak fasik.

2. Kaum Jabariyah :

Maranehna nyarahoeun jeung mandang kana sagala perbuatan eta ti Alloh Ta’ala wungkul sarta kukuh pandangan-nana, tapi maranehan-nana ngaleungitkeun kasab, kusabab maranehan-nana kirang, henteu nepi kana darajat kamal ( sampurna ) kukituna maranehan-nana nyasar tina jalan syare’at. I’tikad kieu ngadeukeutkeun kana zindik.

3. Kaum Asy’ariyah :

Maranehna nyarahoeun yen sadayana perbuatan ( af’al ) eta ti Alloh Ta’ala, tapi aya di maranehan-nana usaha/kasab jeung ikhtiar, sabab kasab jeung ikhtiar eta duanana tempat cumantelna hukum syara, bari kasab sareng ikhtiar ieu, henteu napakan dina perbuatan anu anyar, sabab anu napakan dina eta perbuatan ngan Alloh Ta’ala nyalira.

Jadi hamba ieu wajib ngalaksanakeun syare’at kayaning kasab sareng ikhtiar, tapi hasilna kasab sareng ikhtiar gumantung ka Alloh Ta’ala sabab Alloh Ta’ala anu ngersakeun nana.

Tah ieu itikad teh, anu salamet tina bahaya dunya sareng bahaya akherat, tapi maranehan-nana moal nepi kana martabat mukasyafah kusabab kahalangan ( kahijab ) kupandangan-nana yen kasab sareng ikhtiar eta ti diri maranehan-nana, henteu di pandang yen sagala perbuatan ti Alloh Ta’ala wungkul.

  Tegeskeun ku anjeun heh salik: sadayana aliran anu tilu tadi eta paningalina “gis awah” hartosna “poek katutup” tina ningali sareng mandang kana wahdatul af’al, jadi tetep katutup mata hatena kana tepi ka maqom mukasyafah ( terbuka hate ka alam gaib atanapi alam malakut ). Sareng moal tepi kana maqom musyahadah ( ningali ku, Sir ) ka Dzat Alloh Ta’ala sareng moal tepi kana maqom mukafahat ( berpandangan )

4. Kaum Mukasyafah :( anu diterangkeun dina ieu buku )

Nyaeta kaum anu terbuka panon hatena, anu caang basirohna, sahingga tiasa awas kana satukangeun dirina, kana jerona ieu alam, nyaeta anu disebat alam malakut, alam arwah, sareng nafsu. Kliseuna alam dohir sahingga katingali jelas ku aranjeuna yen sagala perbuatan eta perbuatan Alloh Ta’ala.

Ari disendekeun-nana ieu af’al ka makhluk, eta teu aya sanes. Contona saperti kalam jalma anu nulis, nya anu ngajadikeun hurupna, komana, titikna sareng sajabina eta jalmi anu nulisna tea, ari kalamna eta alat sareng sabab kana ngabuktina eta tulisan.

Tah sapertos kitu ka aya-an nana sakabeh makhluk nyaeta sapertos kalam, henteu boga manehna perbuatan ngan wungkul perbuatan anu nulisna, jadi jelas pisan ayeuna mah, yen sagala kajadian di sakabeh alam eta ngan Alloh Ta’ala wungkul anu ngajadikeun-nana.

Saur Syekh Asya’roni nukil tina dawuhan Syekh Muhyiddin Ibnu Arobi r.a, dina kitab Futu Hatil Makiyah bab ka 422, : “ Saenyana sagala amal eta timbul ti Alloh Ta’ala, ari pangna ieu amal jeung perbuatan di sandarkeun ka urang karna ayana urang ieu tempat nanggung siksa sareng ganjaran, padahal eta perbuatan teh kagungan Alloh Ta’ala. Kulantaran urang ngaku dina waktu urang ka hijab ku poekna eta hate yen sagala amal sareng perbuatan urang eta boga urang, maka disandarkeun ku Alloh Ta’ala eta amal jeung perbuatan urang teh ka urang. Tah eta teh cobaan ti Alloh Ta’ala ka urang, dina sakira-kira ukuran urang.”

Tapi dimana urang asup kana hadrot ihsan sarta mukasyafah ( terbuka hate urang ) maka pasti kasaksi yen sagala af”al, eta timbul ti Alloh Ta’ala anu katingalina di urang, jadi lain urang anu berbuatna jeung anu ngamalna.

Saterasna lamun urang tepi kana maqom musyadah ( ningali ku “sir” ka dzat Alloh Ta’ala ) maka pasti urang ieu sieun ti peleset jeung salah, nepi ka wani ngaku kana af’al Alloh Ta’ala, di aku af’al urang, tapi dimana urang geus tepi kana ieu maqom, urang kudu adab sareng kudu make syare’at sakumaha piwarangan Alloh Ta’ala dina Al-Qur’an surat: An-Nissa ayat, 78 :

Hartosna:” Anu ngeuna-an ka anjeun tina ka-alusan maka eta ti Alloh Ta’ala, jeung anu ngeuna-an ka anjeun tina kagorengan maka eta ti nafsu anjeun. “

Saur para ulama mah teu meunang nyebut goreng timbul ti Alloh anging dina pangajian, jeung deui sing emut heh salik, ieu elmu teh: Elmu tekad, elmu iman, lain elmu ucapan jeung lain elmu obrolan omat pisan ulah dipake heureuy, tapi kudu bisa merenahkeun-nana, pek jalankeun ku tafakuran margi jalan-na pikeun ngahasilkeun wahdat af’al eta kudu loba tafakur, sapertos ngahasilkeun-nana wahdat asma sareng wahdat sifat eta ku muroqobah, ayana hasilna wahdat dzat, eta mah ku musyahadah.

Jadi urang wangsulan deui, urang ieu tetep kedah ngajalankeun adab sareng di sandarkeun ka Alloh Ta’ala sagala perkara anu hina, sapertos : Alloh anu ngajadikeun babi, Alloh anu ngajadikeun anjing, teu kenging kitu eta henteu adab, sanaos eta sadayana teh di jadikeun ku Gusti Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan jung-jungan, K, N, Muhhamad SAW dina sapalihna du’a iftitah:

Hartosna : “ Sareng ari ka awonan eta sanes ti Gusti “

Tah ieu teh ngajar ka urang sangkan adab. Tah kitu dijelaskeun ku Syekh Ibnu Hajar dina kitab Syarah-arba’in

Lenyepkeun:

Disandarkeun-nana af’al ka urang, eta teu aya sanes anging ngahikayatkeun kana dawuhan Alloh Ta’ala anu maha Suci sareng anu maha Luhur sapertos dawuhan-nana:

Hartosna:” Kusabab amal aranjeun tina amal aranjeun “

Sareng:

Hartosna: “Kana perbuatan aranjeun:

Atanapi ayat:  

Hartosna: “Saha anu berbuat, saha anu migawe”

Ayat-ayat anu sapertos kitu teh kacida pisan seu-eurna janten urang ngaku boga amal sareng perbuatan, eta teu aya lintang anging ngalaksanakeun dawuhan Gusti Alloh Ta’ala jalaran urang ieu tempat nanggung siksa sareng ganjaran.

Emutkeun heh salik, urang kedah “muhasabah” ( kudu asak perhitungan ) sareng kedah “mujahadah” ( kedah merangan hawa nafsu ). Anu leres-leres nyaeta kujalan ngaberantas tanjakan-tanjakan nafsu ( akobatin nafsi ) sapertos : thoma, ujub, riya, takabur, thulul amal ( panjang lamunan sareng cita-cita ), sum’ah ( hayang kasohor ), goreng sangka ( khususna ka Alloh umumna ka papada makhluk ), mudahanah( miminyakan, nyaeta teu wani nyarekan anu salah sabab kahalangan kana pamerena atawa pangaruhna ), hirsu  ( ka sengsrem ku dunya ), syarhu  ( kokomoan kana dunya ), hasad  ( panas baranan ku milik batur, nepi ka ngado’akeun sina leungit milik batur teh ), hikdu ( dengki unek-unek ), bohong, sumpah palsu, saksi palsu, ngupat, ngadu-ngadu, ghodlob ( gede nafsu ), bukhlu ( koret ), ajalah ( gurung gusuh ). Sareng sajabina sifat-sifat awon. Seu-eur ulama tasauf anu ngagolongkeun sifat-sifat awon nepi ka 700 rupi sifat madzmumah nyaeta sifat-sifat anu tercela.

Tah ieu teh ka asup kana anu sok disebut takholi, ( ngosongkeun sifat-sifat anu tercela ). Ari lawan sifat takholi nyaeta ( tahalli ) anu hartina nyaeta ngeusian ku sifat-sifat anu terpuji anu di sebat oge sifat mahmudah. contona sapertos : waro’i ( pantrang hayang di bere, sareng nebihan barang anu subhat, sok komo anu haram ), ikhlas, tawadlo, henteu panjang lamunan, henteu hayang kasohor, alus sangka, kedah adil, qona’at ( ngalap cekap kanu aya ), basajan / sederhana, tiis fikir, gede hampura, jujur, bener, akuran, berehan, daek lumajak tara pandang bulu, nya-ahan, welasan, asihan, deudeuhan sareng seu-eur deui.

Diantara sifat-sifat anu awon, aya anu pang nyumputna tapi pangruksakna: Nyaeta thoma, ( boga sifat hayang di bere ) ieu sifat teh kacida bahayana, sabab matak mangaruhan kana hate tina cumantel sareng tawekal ka Gusti Alloh Ta’ala, sareng matak poek kana hate, sareng nya didieu lolongkrangna pikeun syetan ngagoda ka urang, sabab tina ieu sifat matak nimbulkeun delang delong kana pangaboga batur, ieu sifat teh kacida gorengna, khususna keur anu suluk sakumaha dawuhan guruna, guru sim kuring, anu arif, anu teuleum dina laut ma’rifat : Syekh Toto Syarif Muhammad Zakariya, anu didugikeun ku Guru sim kuring mama T.b, Imam Zaelani sareng mama T.b,  Maulana Yusuf ti pasantren Gunung Santri Banten, dina salah sawios pangaosan nana, sareng dina masihan wejangan ka sim kuring sareng ngati-ngatikeun nana ka sadaya muridna nyaeta kedah ngaboga-an sareng mibanda 3 (tilu) sifat utami :

 Kahiji, Pantrang hayang dibere       

 Kadua, Pantrang nyuhunkeun

 Katilu, Pantrang nganjuk / ngahutang

( Kacuali lamun dina ka aya-an anu darurat pisan atanapi kapepet )

Emutkeun kapara salik, lamun urang nyalusur kana pirang-pirang sajarah, seu-eur jalma anu rag-rag darajatna dijaman baheula atawa jaman ayeuna, anu ditimbulkeun tina balangah kana ngontrol nafsu sareng dirina tina sifat-sifat anu tilu ieu.

Teu kirang-kirang tukang dagang ambruk dagangan-nana, pamimpin leungit wibawana, nu beunghar turun harkatna, nu nyantri ruksak kasantrian-nana, Kiayi cemar elmuna, hambar caritana sok komo deui lamun puntu-pentana teh keur nambahan pangabogana sahingga nyuhunkeun teh jadi kasab jeung adat, geus teu mirosea deui kana haramna jeung ancaman nana.

Kanjeng Rasulullah SAW parantos masihan pepeling dina hadistna anu diriwayatkeun ku Imam Turmudzi anu pihartoseun nana:

“Saenya-enyana puntu-penta teh henteu halal pikeun kanu beunghar jeung pikeun anu jag-jag waringkas, nanging dina ka aya-an darurat atawa dina ka aya-an kateumbleuhan anu teu meunang henteu”

Saterasna dina hadist eta teh desebatkeun kieu:

“Jeung saha jalma anu puntu-penta pikeun nambahan pangabogana, maka jagana dina poe kiamat bakal rodek sapinuh beungeutna, jeung bakal dibere kadaharan tina batubara anu kacida panasna tina naraka jahanam, loba nya loba deui…... saeutikna, saeutik deui….”

Hadist anu kadua riwayat Imam Abu Daud r.a: “Saha anu puntu-penta bari boga kadaharan pikeun dina eta poe, maka eta sarua jeung ngalobakeun siksa-an di naraka”

Lajeng sahabat tumaros ka Kanjeng Rosulullah SAW, “Numana nu kasebat sugih…? Anu henteu kenging barang penta teh…?”  

Walerna:” Nu alakadarna, aya dahareun pikeun isuk, sareng sore”

Tegesna, saha jalma anu boga dahareun pikeun isuk sareng sore, maka eta di haramkeun pikeun barang penta kana sidekah sunat.

Tah kitu heh salik, ancaman pikeun jalma-jalma anu sok puntu-penta, jeung deui timbulna eta sifat anu goreng, nyaeta tina poekna hate, sahingga makhluk jadi sasaran hatena, jadi angkeuhan pikirna, kusabab dina Al-Qur’an oge henteu aya ayat anu nitah barang penta, malih mah sawangsulna.

Salajeungna heh salik, perangan, jauhan ku anjeun sifat anu kadua nyaeta thoma, hayang dibere, hayang diondang, ngadeukeutan lincar, ieu sifat teh kacida gorengna, sakumaha dawuhan Hasan Basri dina ngawalerna patarosan Sayyidina Ali r.a, di masjid jame Basrah, waktu Sayyidina Ali r.a, ngusir ti eta masjid ka tukang ngadarongeng, anu keur rame ngadarongeng, anu kaleresan Hasan Basri aya di eta masjid, sabab Sayyidina Ali mah henteu resepeun kana dongeng.

Saur Sayyidina Ali.r.a, ka Hasan Basri:

“Heh pamuda, kami rek nanya ka anjeun, lamun anjeun bisa ngajawab kana ieu pertanyaan, maka meunang anjeun tetep di ieu masjid, sawangsulna lamun anjeun teu bisa ngajawab, maka anjeun kaluar ti ieu masjid, saperti itu tukang ngadarongeng”

Kituna teh Sayyidina Ali.r.a, parantos ningali kana ciri solehna sareng ciri meunang hidayahna Hasan Basri.

Maka Waler Hasan Basri:”Mangga... bade naros naon…?”

Dawuhan Sayyidina Ali.r.a, :”Naon galeuhna Agama….?” (  teuteuasna agama )

Walerna Hasan Basri:” WARO’I”

Pertarosan anu kadua:” Naon anu ngaruksak Agama.”

Walerna Hasan Basri:”THOMA”

Tidinya Sayyidina Ali.r.a, Ngadawuh:”pek anjeun tetep di ieu masjid, tah sapertos anjeun jalma anu pantes da’wah mah.”

Jadi tegesna mah lamun ceuk basa kiwari mah Sayyidina Ali.r.a, teh keur natar tukang da’wah sareng tukang ngawuruk, nyaeta kudu mibanda 2 ( dua ) sifat :

Hiji: WARO’I, anu kaduana ngajauhan THOMA. Waro’i teh aya dua rupa , Kahiji WARO’I Khos ( ahli ) jeung anu kadua WARO’I Am.( awam )

1. WARO’I Khos :  nyaeta sehat kayakinan ka Alloh Ta’ala sareng sampurna cumantel ka Robul’alamin sareng ayana tengtrem ka Alloh sareng tumaninah hate ka Kholiqna.

2. WARO’I  AM  :  nyaeta ninggalkeun anu syubhat ( anu henteu jelas haramna sareng henteu jelas halalna ).

Jadi  WARO’I teh nyaeta:

-Lahirna : Ngajaga kadaharan, pakean, inuman, jeung sajabina tina barang syubhat, sok komo tina barang haram, sarta ngapikan ibadahna sareng usahana.

-Bhatina : Ngaleungitkeun sifat-sifat anu dicela kayaning: THOMA, cinta dunya, cinta pangkat sareng pangaruh, geus kitu tuluy di jejelan di paesan ku sifat-sifat anu terpuji kayaning, niat anu tulus, qona’ah bari pinuh cumantel sareng pasrah ka Alloh Ta’ala, sehat kayakinan-nana, sampurna manahna tengtrem ayem tumaninah hatena ka Alloh Ta’ala, tah dimana si hamba geus bisa ngalaksanakeun model kitu kalawan taofeq Alloh Ta’ala, sakumaha dawuhan Alloh Ta’ala dina akhir surat: Al-Fajr :

Hartosna:” Heh, nafsu mutmainah, mulang anjeun ka pangeran anu ngurus anjeun bari ridho tur dipikaridho, pek asup anjeun di maqom hamba-hamba kami, jeung asup anjeun ka sorga kami.”

Kupasan ieu ayat anu sacara luas, Insya Alloh engke di payun dina kupasan maqom ridho.

( Tah sakitu we heula, pek tafakuran heula )

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Tobat