AutoFaucet

BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Syukur

 

3. MAQOM SYUKUR

Maqom yakin anu katiluna, nyaeta SYUKUR, anu hartosna urang ieu kedah seu-eur syukuran ka Gusti Alloh. Ari ma’nana syukuran, nyaeta nganuhunkeun ku ucapan, ku anggota badan, sareng ku hate, kana sagala ni’mat anu tos katarima ku urang ti Alloh Ta’ala, sareng ka papada makhluk anu jadi perantarana ku jalan ngagunakeun sareng ngalampahkeun eta ni’mat di jalan anu dipikaridho ku anu masihan-nana, nyaeta ka Alloh Ta’ala; dugikeun karasa gumeterna hate sareng badan dina bawaning ku ajrih ka Alloh Ta’ala anu Maha Asih.

Ari ni’mat ti Alloh ieu, ringkesna mah aya dua, atanapi tilu:

* Kahiji :  Ni’mat IJAD, nyaeta ni’mat diayakeun

* Kadua :  Ni’mat IMDAD, nyaeta mayengna dina aya.

* Katilu : Ni’mat IMHAL, nyaeta ni’mat henteu langsung disiksa lamun  migawe dosa.

Dawuhan Gusti Alloh dina surat Luqman ayat 20:

Hartosna:”Jeung geus nyampurnakeun Alloh ka aranjeun kana ni’mat-ni’matna dhohir-bathin.”

Ni’mat Dhohir : Ni’mat jasmani jeung kaperluan-nana. Ieu mah umum ka sakabeh makhluk, kanu kafir sareng kanu iman.

Ni’mat Bathin : Ni’mat rohani, sapertos : Iman, elmu, ma’rifat. Ieu khusus ka mu’minin-mu’minat.

Jadi jalmi iman mah kedah enya-enya syukuran-nana, margi sampurna ni’matna ti Alloh Ta’ala; nya dhohirna, nya bathinna. Malih ni’mat bathin ieu, ni’mat anu pang ageungna.

Lenyepkeun heh salik!

Dawuhan K.N. Muhammad SAW :

“Ari iman aya 2 bagian : sabagian sobar, sareng sabagian deui syukur”

Jadi gumulungna iman hiji jalma, eta tergantung kana kasobaran-nana sareng syukuran-nana; margi di dunya ieu alam papasangan saperti : aya bungah, aya susah.

Bungah kudu syukuran, susah kudu sobar.

Tiasa oge sobar sareng syukur teh eta galeuhna iman ( teuteuasna iman ).

Sareng dimana jalma mu’min tos tiasa ngalaksanakeun ieu maqom sobar sareng syukur, maka pasti hirupna teh bakal tengtrem ayem, tumaninah tur bakal timbul pirang-pirang akhlak anu sarae. Sareng deui syukuran ieu teh, hiji sabab anu mujarab kana matak tambah-tambahna ni’mat sareng pageuhna eta ni’mat; kitu dawuhan Gusti Alloh dina Al-Qur’an.   :  

Hartosna :” demi lamun maraneh syukuran, pasti kami bakal nambahan ka maraneh

Sareng  dawuhan Alloh dina surat Al-Anfal ayat 53:

Hartosna:” Kituna teh kusabab saenyana Alloh moal ngarobahkeun kana ni’mat anu parantos dianugrahkeun ka KAOM, satungtung maranehan-nana henteu ngarobah kana naon anu aya di dirina ( henteu syukuran )”

Hartina moal dicabut eta ni’mat satungtung maranehan-nana syukuran. Alhasil syukuran teh minangkana mah tatalina ni’mat, ieu teh hiji kaahengan  Alloh Ta’ala. Ari maparina ni’mat mah sok tanpa sabab, ari nyabutna mah make aya sabab.

Carana: Eling-eling heh salik, dimana anjeun keur naekan ieu maqom syukur, anjeun ulah eureun-eureun syukuran sareng bungah hate kana naon bae anu katarima ku anjeun. Ima anu karasana ngeunah atawa anu teu ngeunah, keur leumpang, keur diuk, keur ngagoler, keur sholat, keur wiridan, keur di cai, keur di jalan, keur di imah, keur nyaba, keur dihina , keur dicarekan, boh keur naon bae.

Nyakitu deui lamun urang keur naekan maqom TOBAT, urang kudu tobat terus. Saperti kitu keneh upama keur naekan maqom sobar, kudu sobar terus. Dina manggih sagala kajadian oge, sing nepi ka jadi MAQOM.

Dina diajar teh sing nepi ka tetep ajeg jadi tempat cicingna HATE.

Prak geura taekan hiji-hiji, sing nepi ka tuntas.

Dawuhan Gusti Alloh dina surat Saba ayat 13 :

Hartosna:”Jeung saeutik diantara hamba Kami anu purah syukuran”

Saterasna urang teh kedah syukuran, sareng nganuhunkeun anu teu aya hinggana bari dibarengan ku rasa ajrih sareng mahabbah ka K.N Muhammad SAW

Sareng ulah hilap anjeun heh salik, tina syukuran ayana anjeun reujeung ayana eta ni’mat; saperti syukuran ( nganuhunkeun ) ka Ibu-Rama, Saperti dawuhan Gusti Alloh dina surat Luqman ayat 14:

Hartosna: ”Kudu syukuran anjeun ka Kami, jeung ka Indung-Bapa anjeun. Tetep ka Kami tempat balik sakabeh makhluk”

Sareng deui syukuran ka Guru-guru, anu luar biasa jasana, anu jadi sabab utama kana hasilna kadaharan bathin, nyaeta ELMU anu mangfa’at lahir – bathin, dunya – akherat. Sareng ulah hilap nganuhunkeun ka papada jalma sareng makhluk liana anu jadi lantaran datangna ni’mat ka anjeun, heh salik !.

Bari kituna teh  kade anjeun hilap ka Alloh na anu aya dina sajeroeun eta makhluk; sabab nya Alloh hakekatna anu masihan eta ni’mat teh, sababna Alloh anu gaduh gelar AL-MU’THI ( anu maparin ).

Prak geura jalankeun! Muga anjeun meunang taofek.

“Ya Alloh, kadugakeun abdi kana eling ka Gusti sareng syukuran ka Gusti sareng ngalus ngalus ibadah ka Gusti”.

MA’RIFAT SYUKUR

Bakti anu ngabukti, eta teh babakuna mah sadayana oge urusan Alloh, kagungan Alloh, mulang deui ka Alloh.

Ieu teh kalebet RAHASIAHNA Kholifah anu sagalana atas nama Alloh, lain atas nama dirina, anu usik bari henteu lesot sareng KONCINA HIRUP, koncina sagala urusan, nyaeta fahamna tina “BISMILLAHIRROHMAANIRROHIM”.

Anu hartosna: “ Atas nama Alloh anu marinan NI’MAT AGEUNG sareng NI’MAT ALIT di dunya sareng di akherat, jasmani sareng rohani”

Sifat anu ngarti kana kakholifahan-nana anu faham kana rahasiahna, eta moal wae ngaku kana hak dunungan-nana, kana GELAR dunungan-nana; kasebat jalma anu henteu hideng ( teu cageur pikir ) , dimana ngaku pangaboga dunungan-nana, dimana ngaku kana gelar dunungan-nana.

“Saha atuh ari Kholifah teh…….?

“Nyaeta ……..ieu URANG, salaku MANUSA”

“Saha atuh ari DUNUNGAN teh…….?

“Nyaeta ……..ALLOH  TA’ALA, pangeran anu kagungan sadayana alam”

Diantara ASMA ( GELAR ) ALLOH teh, nyaeta : SYAKUUR, sakumaha dawuhna dina surat Asysyuro ayat 23 :

Hartosna : “Saestuna Alloh eta lautan hampura tur lautan syukur”

PEPELING !!

Kulantaran ieu mah nuju ngabahas ELMU MA’RIFAT, jadi ma’nana oge ma’na anu ngajurus kana MA’RIFAT.

Hartosna: “Pikeun masing-masing maqom atawa elmu, eta aya basa masing-masing. Sareng pikeun masing-masing jago ( ulama ) eta oge masing-masing titingalian-nana”

Kitu dijelaskeun ku QUTUB Abdul Wahab Asysya’roni dina kitab Mizan Kubro-na. Sapertos Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat Al-Baqoroh ayat 60.

Hartosna:”Geus pada nyaho masing-masing jalma kana ideologina ( inuman-nana )”

Ku ayana kitu tos  henteu aneh deui upami hiji basa boga rupa-rupa ma’na sareng tujuan-nana nurutkeun istilahna masing-masing.

Salajengna urang balik deui kana poko bahasan, nyaeta diantara jenengan Alloh teh, nyaeta SYAKUUR ( lautan syukur ). Ari katembongna ieu ASMA teh di makhluk. Sabab ari makhluk    teh MUHDAR ( anu didohirkeun tina ASMA ALLOH ), jeung tempat dhohirna ASMA ALLOH.

Carana:Tekadkeun ku anjeun heh salik, saenyana ( hakekatna ) anu syukur teh Alloh, anu katingalina di anjeun, anu katembongna di anjeun. Nyakitu deui lamun anjeun ningali jalma loba syukuran, sautak-saeutik syukuran, sautak-saeutik…….nuhun; tekadkeun bae ku anjeun Alloh nuju tembong ( TAJALLI ) kalawan ASMA SYAKUUR. Pasti anjeun bakal MA’RIFAT ( wawuh ) ka Alloh Anu Maha Suci.

Anu matak keur kieu mah, hartosna lamun keur…. Loba syukuran; amalan-nana oge atawa babacaan-nana oge… ngalobakeun maca “YA SYAKUUR”… atawa “ASYSYAKUUR”…. Atawa “SYAKUURUN”….; tujuan-nana sangkan ieu syukuran teh MUKHLIS anu Alloh, ka Alloh, Ku Alloh, di Alloh.

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Zuhud

BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Sobar

 

2. MAQOM SOBAR    

Maqom yakin anu kadua nyaeta sobar: Ari hartina sobar nyaeta nahan, sareng tiisna hate dina mayunan sagala cobaan, kalawan tara bebeja ka salian ti Alloh. Dawuhan Alloh Ta’ala dina Al-Qur’an, surat Al-Baqoroh ayat 153.

Hartosna:” Yeuh jalma anu ariman, prak geura nyuhunkeun tulung aranjeun ku sobar, jeung ku sholat sabab saenyana Alloh eta nangtayungan   kanu  salobar.”

Ari sobar eta aya Opat bagian:

 Kahiji : Sobar kana tho’at

 Ka dua : Sobar kana ninggalkeun ma’siyat

 Ka tilu : Sobar kana musibat

 Ka opat : Sobar kana papasten

Carana: Taekan ku anjeun heh salik, ieu maqom sobar ti mimiti diajar sobar, bisa sobar, nepi ka ahli sobar.

Tah dimana anjeun geus tiasa sobar kitu kakara anjeun kataekan maqom sobar, jadi bae sobar teh maqom.

Carana sobar kana tho’at :

Keureunyeuhkeun sareng usahakeun saeutik demi saeutik dina ngalampahkeun tho’at, cara dohirna sareng cara batinna.

-    Cara Dohirna: Ngabiasakeun taliti nyumponan syarat rukunna ibadah, tara gurung gusuh sareng tara larawora estu ngudag kasampurna-an, sapertos dina sholatna, dina shaumna, sareng dina wiridna khususna ngalaksanakeun wirid parentah guru suluk anjeun.

-    Cara Bathinna: Tengtrem ayem pinuh ku kaikhlasan sareng hadir hate ka Alloh Ta’ala, nahan ajakan-ajakan nafsu amarah sareng harewosan syetan, sahingga karasa ni’mat sareng betah, tur tumaninah, gumbira, dina ibadah.

Kadua sobar ninggalkeun ma’siyat :

Nyaeta nahan nafsu kana milampah dosa, tina dosa lahir, atanapi dosa bathin, sahingga tabah henteu beunang kapangaruhan, ku babaturan, ku kulawarga, sareng ku panggodana manusa liana, nya kitu deui nahan kana harewosna syetan dina dada dimana ngajak kana dosa sareng kana urusan anu teu guna jeung nu teu mangfaat, saperti ngajak ulin teu puguh, ngajak ngobrol anu teu mangfa’at, ngajak ngalamun sareng sajabina, eta penting di tahan, ulah dijujur di anteur sakarepna sabab matak poek kana hate, sok komo lamun nyaritakeun maqom diri sorangan ka batur eta matak camal.

Katilu sobar kana musibat :

Urang ieu kedah tabah kayakinan dina mayunan sagala cocoba, kedah gede hate lapang dada, tahan uji, sabab dunya mah alam papasangan, tempatna susah sareng bungah, tempatna ni’mat sareng musibat, tempatna sehat sareng gering sareng sajabina.

Lamun urang keur aya dina bungah, ni’mat, sehat eta kedah loba syukuran, sabalikna, lamun urang keur aya dina susah, musibat kayaning, gering, kakirangan, kaleungitan sareng musibat sanesna eta urang kedah sobar hartosna kedah nahan nafsu hate, pikiran kana humandeuar sareng ngarasula komo deui kana aral jeung subaha mah.

Lenyepkeun heh salik, nerapkeun sobar teh kedah dina kajadian musibat anu munggaran, nyaeta anu disebat serangan munggaran, saperti dina “dek”na kaserang panyakit, atawa dina “dek”na titajong, sahingga karasa tiisna hate narima eta kanyata-an, sabab gering oge ari geus kalamian mah sok asa ngeunah deui.

Didieu sok kadang-kadang aya ka-anehan, musibat anu biasana karasa nyeri teh, jadi teu karasa nyeri. Tah ieu diantarana ganjaran sobar anu kontan. Omat heh salik taekan ieu sobar kalawan leres-leres sing nepi ka sobar teh jadi adat, anu akhirna musibat teh karasana ni’mat.

Nyakitu oge perkawis panyaci eta sarua jeung pamuji, di cacad ku batur teh sarua jeung di alem, keur euweuh teh sarua jeung aya, tah lamun anjeun geus bisa kitu kakara anjeun boga hate  tengtrem ayem tumaninah, tah ieu sifat mu’min sajati nu bakal meunang pituduh di dunyana sareng meunang rohmat jaga di akheratna,

Dawuhan Gusti Alloh Ta’ala dina surat Al-Baqarah ayat 155-157:

Hartosna:” Jeung prak bubungah ku maneh ( heh Muhammad ) jalma-jalma anu salobar teh, nyaeta jalma-jalma anu dina mangsa katibanan musibah, ngarucapkeun :”Saestuna abdi sadaya teh kagungan Alloh, sareng saestuna abdi sadaya teh, baris mulang ka anjeunNA”

Nya maranehan-nana anu bakal meunang karunia jeung rohmat ti pangeran-nana, jeung maranehan-nana anu baris meunang pituduh.

 Ka opat, sobar kana qodlo sareng qodar :

Ari ngaran qodlo nyaeta papasten di azali, perhimpunan katangtuan papasten pikeun sadayana anu maujud.

Ari ngaran qodar nyaeta papasten anu berjalan ayeuna jeung saterasna ngarincikeun kana perhimpunan papasten di azali ( qodlo )

Qodlo di azali henteu aya mimitina sareng henteu aya tung-tungna, qodar dijaman anu teu aya tung-tungna, contona: Qodlo sapertos film dina gulungan kasetna, Contona: Qodar sapertos kelir dina layar, sadaya nu terjadi dina layar, eta sadayana timbul tina film, sagala anu berlaku dina ieu alam, eta sadayana aya di azalina, tur geus aya ti lohmahfudna, sakumaha dawuhan gusti Alloh Ta’ala dina surat Hud ayat 6

Hartosna:” Sakuliahna kajadian eta aya dina kitab anu nyata ( Lohmahfud )”

Kukituna qodlo sareng qodar kalebet rukun iman, sareng ngabenerkeun, sareng narima kana sagala papasten, sakumaha nu parantos di terangkeun dina bab kahiji, nyaeta dina wahdat af’al.

Prak heh salik, taekan ieu maqom sobar teh kalawan leres-leres sing nepi ka sobar teh jadi adat.

Ma’rifat Sobar:

Saur ahli ma’rifat:

Hartosna: “maka ari sadayana perkara eta tempat tajali ( tembong ) sareng tempat dohir pikeun ma’nana jenengan-jenengan Alloh, anu ieu teh nyata perincian-nana sifat-sifat Alloh.”

Janten lamun urang nyukcruk ka luhurna, horeng simana horeng urang katut sadayana makhluk teh eta timbul tina Asma’ul Husna.

Lamun dibasakeun mah kieu:

 “Urang katut sadayana makhluk eta teh ngarana Af’al Alloh”

Ari Af’al eta timbul ti Asma

Ari Asma eta timbul tina Sifat

Ari Sifat sareng Asma ieu teh moal pisah sareng Dzat.

         Tiasa oge kieu:

Makhluk ieu teh Af’al, ari Af’al teh timbul tina sifat Ma’nawiyah, ari sifat ma’nawiyah teh eta timbul tina sifat ma’ani, ari sifat ma’ani sareng ma’nawiyah ieu sifat-sifat Alloh Ta’ala anu mustahil pisah sareng dzat

         Meunang oge kieu:

Ari Af’al teh perbuatan. Ari anu berbuatna gelarna teh: Ar-Rohman, Ar-Rohim, Al-Malik, kadituna Ash-Sobur, Asy-Syakur nepi ka: 99 anu aya dina Al-Qur’an anu sundana: Anu berbuat teh gelarna anu Maha Murah anu Maha Asih anu Ngaratuan sareng kadituna anu Shobur ( Hartosna Lautan Sobar ) Lautan Syukur.

Tah ayeuna urang balik deui kana masalah poko, nyaeta ma’rifat dina sobar. Lenyepkeun ku anjeun heh salik

Lamun anjeun geus tuntas dina ieu maqom sobar, sahingga sobar geus jadi adat, tuluy tingkatkeun ku anjeun kana maqom ma’rifat nyaeta ma’rifat dina wahdat ASMA; hartosna nganunggalkeun Alloh Ta’ala dina sagala Jenengan ( Gelar ). Tina sapalihna jenengan teh nyaeta Sobuur ( lautan sobar ).

Carana: Tingali ku panon anjeun, pelong ku pikir anjeun, tekadkeun ku hate anjeun, dimana-mana anjeun atawa salian ti anjeun geus bisa sobar tina sagala musibat sareng anu sanesna, maka eta timbul ti Alloh. Anu Hartosna: Alloh Subhanahu wata’ala tajalli. ( Tembong ) kalawan jenengan SOBUUR.. Sing kenal anjeun ka Alloh dina ka aya-an anjeun sobar, eta teh Alloh nuju TAJALLI ku jenengan SOBUUR. Jadi eta sobar teh ti Alloh, balikeun deui ka anjeunNA. Alhasil, ti Alloh ka Alloh. Nyakitu deui dimana anjeun ningali hiji jalma anu sobar dina sagala ka aya-an, tekadkeun bae Alloh Ta’ala tajalli di eta jalma nembongkeun ASMA SOBUUR. Jadi leungit kajalma-an nana, timbul ASMA Alloh anu AYA. Leungit perhatian ka jalmana, timbul perhatian ka Alloh-na.

Dianggap cekap sakieu bae heula, katerangan ngeuna-an SOBAR.

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Syukur