BAB IV
TAUHID DZAT
(Hartina: Nganunggalkeun Alloh dina DZAT)
Ari maqom tauhid dzat ieu teh nyaeta maqom ma’rifat anu pamojokan. Maqom Tajali anu pangpuncakna, panganggeusan perjalan anu suluk, permulaan anu Majdzub. Tah anu disebut musyahadah sareng syuhud teh ayana dina maqom ieu, ari alatna nyaeta SIR, anu ayana dina jeroan pisan hate (suwaeda-ul qolbi), sakumaha dijelaskeun dina Kitab Ta’rifat Al-jurjani :
Hartosna: “Ari ngaran SIR teh nyaeta lelembutan anu dipernahkeun dina jero hate, saperti RUH dina jero badan, nyaeta SIR teh tempat musyahadah, saperti RUH tempat mahabbah, hate tempat ma’rifat”.
Ari ma’nana nganunggalkeun Alloh dina dzat, nyaeta henteu aya anu maujud disakabeh anu wujud, anging Alloh Nyalira. Tegesna FANA ieu sakabeh makhluk, karungkup ku Dzat Alloh SWT. Ari sadayana anu maujud lamun dinisbatkeun kana maujudna Dzat Anu Hakeki, eta disebutna WAHAM sareng KHOYAL, hartina sangka-an sareng khayalan otak, anu disebutna Maujud Majazi, lantaran wujudna makhluk mah diantara dua ‘adam (TEU AYA).
Ari anu maujud diantara dua ‘adam , eta hukumna TEU AYA hakekatna mah , tapi kanyataan nana AYA, tah AYA-na teh lantaran KUWUJUDNA ALLOH, KU MAUJUDNA ALLOH, lain wujud hakeki, sabab ngan Alloh NYALIRA anu wujud HAKEKI, anu MAUJUD saenyana mah.
Ari WUJUD tuduh kana SIFAT / HAL
Ari MAUJUD tuduh kana DZAT
Dalilna dawuhan Alloh dina surat Al-Baqarah ayat 115:
Hartosna : “ Kagungan Alloh Masyriq sareng Maghrib, maka kamana bae aranjeun nyanghareup, didinya .. Dzat Alloh..! Sabab saestuna Alloh Maha Jembar tur Maha Uninga” Tegesna Alloh teh Hakekatna sadayana Akwan ( Makhluk ). Boh nyanghareup ka LAHIR atawa nyangharep ka BATHIN (Adh-dhohiru – Al-Bathinu ).
Ari nyanghareupna mah rek ku Badan atawa ku Hate atawa ku Ruh atawa ku Sir.
Hartosna :” Pepeling saestuna AnjeunNA ( Alloh ) ka sakuliahna perkara eta ngaliputan “
( Qur’an Ha-Mim Sajdah 54 )
Ngaliputan DZAT-na, SIFAT-na, ASMA-na, AF’AL-na, sabab… ari ngaran Alloh teh DZAT.. SIFAT…ASMA…AF’AL.
Numatak.., Fana-keun diri urang, sifat urang, Af’al urang, terus… Musyahadahkeun Dzat Alloh, Sifat Alloh, Af’al Alloh. jadi anu aya teh: Dzat Alloh. Sifat Alloh, Af’al Alloh.
Hartosna: “Sareng ari AnjeunNA ( Alloh ) sarta maraneh, dimana bae maraneh aya”
(surat Al-Hadid 4)
Maksudna “sarta” di dinya, “Teu pisah jeung maraneh” Dzatna anu kagungan sifat-sifat anu sampurna.
Saur Asy’syaroni dina kitab Al-Yawaqit Wal Jawahir:
“Saha jalma nu nyebutkeun: “ngabarengan nana Alloh ka Makhlukna ku sifatna wungkul”, tangtu bisa pisah sifat tina dzat. Kitu teh mustahil..! Tapi upama nyebut ngabarengan balik kana sifatna, timbul tina rasa adab ka Alloh, maka eta kaasup adab anu sampurna, bari tetep Ceuk hate-na mah, mustahil pisah sifat tina Dzat”
Saur Syekh Al-‘Arif Siddiq bin Umar Khon r.a. :
“Ari wujudna salian Alloh, eta sadayana saperti wujud anu sok katingali ku urang dina waktu ngimpi, anu dimana lamun urang nyaring, eta sadayana wujud anu kaimpikeun teh henteu aya”
Dawuhan Kanjeng Nabi SAW:
Hartosna:”Sadayana jalma anu ayeuna keur sarare, maka dimana maraot.., kakara maranehna nyaring”
Dina istilah Ahli tasauf, maot teh aya 2 rupa:
Kahiji, “Maot Hissi”, nyaeta dicabutna Ruh tina badan.
Kadua, “Maot Ma’nawi”, nyaeta Fana ti diri ( Fana salian Alloh )
Dawuhan kanjeng Rosullullah SAW, :
Hartosna: “Kudu bisa maraot maraneh, samemeh maraneh “Maot.” Jeung saha anu karep hayang ningali ka “Mayit” nu bisa leumpang di ieu muka bumi, tuh tingali Abu Bakar”
Maksudna nyaeta maot tina”Hawa nafsu amarah” sareng Fana sadayana wujud, salian Alloh ( Laa Maujuda IllAlloh )
Kumargi kitu, numawi imanna Sayidina Abu Bakar Siddiq mah pangistimewana, sakumaha diterangkeun dina Hadits:
Hartosna: “Lamun seug ditimbang imanna Abu Bakar Siddiq jeung imanna sakabeh alam, tangtu unggulna”
(H.R. Al-Baihaqi)
Dawuhan kanjeng Nabi SAW:
Hartosna : “Henteu ngunggulan aranjeun ka Abu Bakar, kusabab loba puasa jeung loba sholat, tapi… kusabab “rahasiah’ anu ditetepkeun dina jero dadana ( hatena )”.
Margi mungguh ahli ma’rifat mah, amal sagede beunyeur dina hate, eta leuwih alus batan ibadah lahir sagede gunung. Margi perhitungan aranjeunna mah ngutamakeun “nyawana” amal tibatan jentulna amal. Ari “ibadah” anu utama diantarana nyaeta “TAFAKUR”, ibadah bagian pikir, keur mah ageung pisan “ganjaranana”, oge ageung pisan faedahna saperti diterangkeun dina hadist Riwayat Ibnu Hibban ra. : “Tafakur sesa’at eta leuwih alus tibatan ibadah satahun”
Malih aya deui riwayat anu ngajelaskeun: “Tafakur sesa’at eta leuwih alus tibatan ibadah 60 – 70 taun ( ibadah Saumur hirup )”
Margi tafakur teh minangkana mah, “lampuna hate”, jalma anu tara tafakur, tangtu “poek hatena”. Ari tafakur eta aya 2 rupa ;
- Kahiji : TAFAKUR TAROQI ( naek )
- Kadua : TAFAKUR TADALLI ( Mundur/turun )
TAFAKUR TAROQI, pikeun ngahasilkeun kaimanan, kayakinan anu sabener-benerna, nyaeta tafakurna salikin.
TAFAKUR TADALLI, pikeun nyampurnakeun “maqom Baqo” – “Maqom Eling”, tafakur tina syuhud, nyaeta pikeun ka “majdzubin”
Ari Tafakur Taroqi-na Salikin nyaeta “tafakur” kana “Af’al” terus naek kana “muroqobah” ASMA sareng SIFAT , terus “kalem” kana maqom FANA/Musyahadah, margi FANA teh aya 2 rupa :
1. FANA tina hasil “Riyadoh” anu leres-leres nyaeta FANA-na/leungitna sifat-sifat anu “tercela”, BAQO dina sifat sifat anu “terpuji”.
2. FANA tina Tafakur, nyaeta henteu boga rasa di Alam Mulki sareng di Alam Malakut, tapi karem dina lautan Nur Ka-agungan Alloh sareng musyahadah ka anjeunNA, tah ieu teh ma’na hakekat surat Al-Qoshosh aya 88 :
Hartosna “ Henteu aya Pangeran anging ﻫﻮ Sakuliah perkara ancur lebur anging dzat ﻩ ( anu langgeng )”
Tah kitu ma’nana ieu ayat keur anu karem dina lautan FANA, lautan NUR, nyaeta
Henteu aya nanaon anging …………….….ﻫﻮ
Henteu aya anu jadi pusat makhluk anging.. …... ﻫﻮ
Henteu aya anu maujud anging kandungan ma’na…ﻫﻮ
Sakuliah perkara eta ancur lebur, hartina Henteu Aya Anging Dzat ﻫﻮ hartina ma’nana ﻩ tea.
Ieu ﻩ teh disebatna dina Maqom Ma’rifat mah : Q O B minangkana mah “hardeng” sadar keneh kana ﻩ , disebutna Maqom Qobaqosen, les teu emut kana nanaon ( kana o ) eta aya dina Maqom Ao-ADNA.Tah ieu teh disebut AHADIYAT tea. DZATUL BAHTI ( Dzat Wungkul ). Numawi ulah dima’naan ieu Qobaqosen/ AO-ADNA ku dhohirna ma’na, sabab matak kalangsu, margi ieu mah ngaran maqom dina maqom Fana sareng FANA-IL FANA, maqom JAM’U sareng JAM’UL – JAMI, maqom ISTIHLAK BIL KULLIYYAH.
Dina ieu maqom Ahadiyat mah Sifat,Asma,Af’al eta karungkup ku Dzat. Jadi dina maqom ieu mah henteu aya basa “NANAON”…! Teu aya pibasaeun nana. Teu aya rasa nanaon. Ieu maqom teh disebatna “ MAQOM TANAZZUH” ( maha suci ). Maqom tanazzuh teh maqom anu putus tina sagala isyarah.
Dawuhan Syaidina Abubakar Siddiq ra.:
Hartosna : “Lemah kana manggihan nana papanggihan, eta teh pamanggih ka Pangeran”.
Jadi hayang hasilna “Maqom Idrok” eta kudu leungit tina Idrok. Tah eta teh“IDROK” tea, nyaeta nu sok disebut “FANA-IL FANA”.
Mugi kauninga ku sadayana, sim kuring dina ngabahas ieu maqom Dzat, Tauhid Dzat, mah seu-eur ngagunakeun bahasa ﻫﻮ atawa ﻩ , margi memang kieu saena dina bahasan ieu maqom mah, supados khusus ma’nana oge. Margi kandungan ma’na ﻫﻮ teh nyaeta : ﻩ “Maujudna Dzat Alloh Anu Maha Tunggal “.
Anumawi dzikirna Ahli FANA mah, disaat saat rek FANA teh, “ Hu ! – Hu ! – Hu ! atawa (ﻩ - ﻩ - ﻩ ) – Nol tea.
Oge nyakitu deui dina Maqom Baqo-na tetep bae “SIR”-na mah ningali kana kandungan eta ﻩ . Tah ieu teh anu disebut : MUSYAHADAH tea ( nyaeta ningal Nur Dzat Alloh ngaliputan ka sadaya Alam )
Ayeuna urang lenyepkeun ku a k a l ….!
Ari ieu ﻩ teh lamun dina elmu Matematika mah disebutna teh NOL ( kosong 0) atawa lamun digambarkeun mah kieu. Ari nol (0) teh awalna bilangan.., samemeh aya 1 - 2 - 3 jst. Biasana sok ditulis ku ahli matematika mah : 01 – 02 – 03 jst. Jadi (0) teh sok kabawa bae, boh dhohir atawa henteu ( dlomir ). Nyakitu deui lamun (0) dibagi hiji atawa dua, atawa dibagi sarebu…, dibagi sajuta… hasilna.. eta bilangan teh kabeh oge “kabagian (0). ( nol kosen tea ). Nyakitu deui lamun ( 0 ) dibagi atawa per ALAM KABIR…, maka ALAM KABIR teh“ngandung ( 0 ) .., atawa masing masing “kabagian” ( 0 ).
Jadi kasimpulannana ( ﻩ ) teh ngaliputan ka barang anu ANYAR atuh hakekatna ieu anu ANYAR teh ( ﻩ ) :
Nyaeta :
Tegesna mah henteu aya anu maujud anging Dzat Alloh (Tunggal.)
Jadi kasimpulan nana, henteu aya “RUANG”…, anging sadayana “pinuh – padet” ku Dzat Anu Maha Kawasa anu dipikabutuh ku sadayana.
Ari WAHDANIYAT teh nyaeta tina WAHDAT tea.
Ari AHADIYAT teh nyaeta “mubalaghoh-na” tina WAHDAT.
Ari ti AHADIYAT… tadalli”…. Tanazzuh Dzat…, turun mundur… ka WAHDAT…, nembe ieu SIFAT sareng ASMA sareng AF’AL teh “DHOHIR” kalawan “MUJMAL” ( jumlahan ).
Tiasa oge ieu WAHDAT teh disebut “ALAM 0” nyaeta minangkana mah “QOB” antara AHADIYAT ka WAHIDIYAT – martabat Tanazzul Dzat anu katilu ( Proses Dzat ) Tah ieu sadayana, AHADIYAT – WAHDAT – WAHIDIYAT teh“QODIM” !. Ari ayeuna aya bahasa Mundur…atawa..turun .., ieu teh dibangsakeun kana cara akalna, cara muroqobahna(ngarah anjeun ngarti), lain tuduh kana jaman. Kade lepat faham….!
Tah di WAHIDIYAT mah “DHOHIR” sadayana, SIFAT – ASMA - AF’AL, kalawan tafshilan ( wincikan ), ngawincik kana “jumlahan’ di WAHDAT tea. Numawi disebut : WAHDAT – WAHIDIYAT teh kalebet ALAM SIFAT sareng ASMA.
Tah di dieu hasilana khitob ti Alloh :
“Saenyana ﻩ eta… KAMI ALLOH
Ari WAHDAT – WAHIDIYAT teh disebutna : ALAM JABARUT. Oge sok aya anu nyebut ALAM LAHUT , nyaeta ALAM NUR KANG JENG NABI SAW Atanapi RUHNA KANG JENG NABI SAW Margi anjeunna teh ASAL/BIBIT sadayana makhluk..! nyaeta anu sok disebut : Kang Jeng NABI… eta “Hawiyatul’ alam’ ( hakekatna ‘Alam ). Jadi Kangjeng Nabi Muhammad SAW Eta UTUSAN BATHIN – UTUSAN LAHIR – RAHMAT DI ALAM BATHIN – RAHMAT DI ALAM DHOHIR.
Dicarioskeun dina Riwayat JABIR r.a.:
“Ngawitan anu ku Alloh di Dhohirkeun, nyaeta Nur Nabi Anjeun, heh Jabir! Nya.. teras Alloh ngadamel /nakdirkeun tina eta Nur ka sakabeh perkara, kaasup diri anjeun”
Ari ieu Nur Kanjeng Nabi SAW, seu-eur namina, diantarana nyaeta disebut: “Aqlul Awwal”
Dicarioskeun dina Hadits Riwayat Imam Turmudzi:
“Henteu ngadamel Alloh ka Makhluk anu pangmulyana, anging akal”
Alhasil, anu pangpayunna ku Alloh “di-Dhohir-keun” tina Nur Dzat anjeunna, nyaeta Nur Kanjeng Nabi Muhammad SAW
Tah ieu Nur Kanjeng Nabi Muhammad SAW, teh Mujmal di Hadrot Wahdat, Mufashshol di Hadrot Wahidiyat, nyaeta Bibit / Asal sadayana Mumkin, sareng Hirupna ( Ruh-na ).
Ari Sumber Ruh sadayana jasad teh “Hiji”!, nyaeta Nur-na / Ruh-na Kanjeng Nabi SAW
Bingbilangan soteh Nafsu-na atawa Dirina, numawi nu maot teh Nafsu-na sakumaha kaunggel dina Al-Qur’an:
Ari “ruh’-na mah tetep bae henteu maot sabab ari ruh mah sifatna teh Hirup sareng ari ruh mah hirupna teh ku…Dzat Alloh , di-idlofat-keun ka anjeunNA. Dawuhan Alloh :
Ngalaksanakeun sadayana perbuatan Alloh : Numawi aya di antara Ahli Ma’rifat anu nyebatkeun : AHADIYAT – DZAT, WAHDAT – SIFAT; WAHIDIYAT – AF’AL
Numawi ngaran Alloh teh : DZAT * SIFAT * AF’AL.
FAEDAH :
Ari ﻩ eta 2 kandungan lughot rahasiah :
1. Aya ﻩ tina dlomir muttashil, nyaeta anu asalna ﻫﻮ dina dlomir munfasil mah. Ari ﻫﻮ ieu mungguh Muhaqiqin mah kalebet ASMA ALLOH anu pangkhususna, nyaeta FATIHAHNA ASMA ( bubukana asma ) sareng ummul Kitabna Asma ( Biang Kitabna Asma), sadarajat sareng Alif ( ﺍ ) lamun dina huruf mah. Numawi kitu ﻩ sareng ﻫﻮ teh kalintang “istimewana" ma’nana oge, sakumaha anu parantos diterangkeunn di luhur.
2. ﻩ singkatan tina lafadh Allohu ( ﺍﻠﻠﻪ ) anu ﻩ ieu teh ku salikin mah didamel sareng dijantenkeun DZIKIR SIR. Alloh DZIKIR RUH.
Janten : ﺍﻠﻠﻪ -ﺍﻠﻠﻪ = Dzikir Ruh
ﻩ - ﻩ = Dzikir Sir
Dina Ta’rifat dijelaskeun kieu :
Hartosna : Ari ﻩ dina lafadh Alloh eta tuduh kana yen saenyana panungtungan sadayana, eta kana GHOIB anu Mutlak”
Ari martabat anu ka opat : tina tanazzul Dzat ( proses Dzat) nyaeta Martabat Alam Arwah. Anu ka aya-an nana ngagebleg bae Nur Wungkul. Kitu lamun katingali kunu Mukasyafah, anu batesna teh nyaeta tepi ka UFUKIL A’LA, aya oge anu nyebat SIDROTUL MUNTAHA.
Ari Martabat anu ka lima : nyaeta martabat Alam Mitsal, hartosna Alam Rupa ( Alam Kliseu ) anu kacida halusna, anu henteu narima raga.
Martabat anu ka genep: nyaeta ALAM AKWAN, hartosna geblegannana makhluk anu ka aya-an nana tos kasar dhohir.
Martabat anu ka tujuh : Alam Mukawwan hartosna periciannana makhluk ( dhohirna hiji hijina makhluk ).
Jadi proses DZAT ieu teh dugi ka Martabat TAJALLI ( Dhohir ).
Jumlah sadayana aya 7 proses ( tanazzul ) nyaeta lamun dibalikkan deui jadi AHADIYAT – WAHDAT – WAHIDIYAT – ARWAH – MITSAL – AKWAN – MUKAWWAN.
Tah ieu proses, ti Alloh nepi ka Urang, ti Alam Ghoib Mutlak ka Urang, umumna kasadayana makhluk, tapi anu kasebat Martabat DHOHIR mah nyaeta ti Alloh WAHDAT nepi ka ALAM MUKAWAN, margi ari AHADIYAT mah disebatna oge TANAZZUH ( MAHA SUCI ) jalaran martabat ieu teh aya 2 bagian nyaeta:
- Martabat TANAZZUH sareng TANAZZUL
- Martabat GHOIB sareng SYAHADAH ( TEMBONG )
- Martabat BATHIN sareng DHOHIR
- Martabat AWAL sareng AKHIR
Dawuhan Alloh Ta’ala dina surat Al-Hadid ayat 3:
Hartosna : “ Ari ﻫﻮ ( Alloh ) nyaeta anu Awal sareng anu Akhir, anu Dhohir sareng anu Bathin”
Ari martabat Tanazzuh, Ghoib, Bathin, Awal, nyaeta teu kenging dikenal sareng disifatan, anging ku sifat anu tos Nyipatan Alloh ka Dzat-na ku Anjeuna, anu aya dina kitabna, sareng anu ngalangkungan lisan Nabi-na SAW.
Anapon dina martabat Tanazzul, Syahadah, Dhohir, Akhir, etamah kenging disifatan ku sadayana Sifat, anu Alloh ku Anjeun parantos Nyipatanana, dina Tanazzulna, dina Syahadahna, dina Dhohirna, sareng dina Akhirna, kalawan mutlak. Tah kitu dijelaskeun Dina Syarah Kitab Ibnul Faridl kaca 167.
Lenyepkeun Ayyuhal’arif… Binurin MinAlloh,
Lamun urang rek nyalusur pikeun diri urang sorangan, tiasa oge dicandak ringkesna bae. Nyaeta prosesna teh kieu:
AHADIYAT-WAHDAT-WAHIDIYAT-ARWAH-MITSAL-JASAD-INSAN.
Mimiti Dhohir teh ti Wahdat ka Wahidiyat, terus jadi Arwah., terus jadi Mitsal.., terus jadi Jasad.., terus bae dingaranan insan.
Tah ieu Insan teh disebutna Martabat Tajalli ( Tembong ). Anu dina Qur’an mah sok disebut Kholifah tea.
CARANA: Tekadkeun…….!!
Qiyamahkeun heula jasad urang, hartosna leburkeun heula jasad urang, nepika ceuk rasa jasad teh jadi atom kabeh, tangtu anu tinggal teh rupana wungkul, anu kaayaanana saenyana mah leuwih lemes tibatan atom. Tah ieu teh nu sok disebut ALAM MITSAL (Alam Barzakh) tea. Terus “TEKADKEUN” deui lewih lemes tibatan eta, nyaeta nepi ka NUR bae wungkul.
Terus “tekadkeun” deui “NUR-na teh leuwih lemes, leuwih caang tibatan eta, nepi ka nu sok disebut ALAM WAHIDIYAT.
Terus tekadkeun deui NUR anu panglemes-lemesna, nyaeta NUR SIFAT ( NUR Kanjeng Nabi SAW ). Nur Jabarut nyaeta Alam Wahdat tea. Globalna Asma sareng Sifat.
Terus “Tekadkeun” deui ka Nur Anu Maha Lemes, nyaeta Nur Dzatna Alloh SWT, anu ieu Nur eta saenyana mah Ngaliputan ka Diri urang, malih leuwih deukeut tibatan urat beuheung.
Sakumaha anu didawuhkeun ku Alloh Ta’ala:
Anu hartosna:
”Jeung ari Kami Anu Agung, eta leuwih deukeut ka manehna tibatan urat beuheung”
Nyakitu deui dina ayat anu sanesna, surat Waqi’ah ayat 85:
Anu hartosna:
”Jeung ari kami anu Agung, eta leuwih deukeut ka manehna tinimbang maraneh kabeh, ngan maraneh bae teu nareuleu”
Peryogi dilenyepkeun, dina eta 2 ayat anu kasebat diluhur, dina perkawis bubukana eta ayat, Alloh ngadawuhan ngangge Nahnu ( ﻥـﺤﻧ ) biasana dima’na an: KAMI. Anu baku ma’nana dina Elmu Alat mah: “Abdi sadaya”( Lamun keur makhluk ).
Tah ari kangge Alloh mah, ma’nana teh, “Kami Anu Agung”, maksudna sadayana eta Nur atos diterangkeun tea, boh Nur Dzatna, Nur Sifatna, sareng sadayana Nur… eta leuwih deukeut. Hartina ngaliputan ka urang sadayana, nyakitu deui Sifat-sifat Alloh Ngaliputan ka urang sadayana. Tapi kulantaran eta sadayana Maha Hebat, dugika teu katingali bawaning ku deukeutna, sareng ku dahsyat-dahsyatna. Numawi hayang ningali ka Dinya mah kedah FANA..! Sakumaha anu tos diterangkeun dina carana nyalusur ti Alam Insan dugi ka Alam Ahadiyat ( Ti Alam Nasut ka Alam Lahut )
Tah kitu penjelasan ngeunaan Tajalli Dzat.
Sadayana Ahli Tahqiq sapamadegan ngeunaan tempatna sadaya ieu alam, nyaeta HIJI, didieu-dideu keneh, margi alam Arwah ieu moal tembong upami teu aya jasad. Nyakitu deui jasad oge moal tiasa Dhohir, upami teu aya arwah, mung ari alam arwah sareng alam Nur mah, disebatna Alam Asal. Ari jasad mah alam cabang, nyaeta hasil proses tina alam asal, kasarna tina Alam Nur. Ari alam Nur nyaeta Alam bathin, ari jasad mah nyaeta alam Dhohir. Margi ku ahli Ma’rifat mah, ieu sadayana alam teh disarupikeun sapertos “Laut”- “Ombak”-“Budah”-“Salju”………
Tah ieu sadayana teh, boh lautan, boh ombakna, boh budahna, boh saljuna, eta ngadhohirkeun “Cai”.
Jadi saenyana mah, teu aya anu maujud anging wungkul “Cai” namung upami eta cai Obah, timbul ombak sareng budah, kumargi lega tempatna, jadi bae laut, kumargi beku jadi bae salju, anu padahal mah sadayana oge cai.
Henteu aya anu maujud di sadayana.., anging cai, anu ngaliputan “Laut”, “Ombak”. Mun hanteu obah, hanteu lega, hanteu beku, tangtu moal aya basa: ombak, salju, sareng moal aya basa laut, tangtu cai bae wungkul.
Tah saperti kitu Wujudna Alloh. Ngaliputan Wujud ka sadayana ieu alam, tur ieu sadayana alam teh FANA dina Maujudna Alloh.(Kitu soteh cara muroqobahna tea).
-Mutlakna eta “Cai” saperti Conto Ahadiyat……….,
-Obahna eta “Cai” saperti Conto Wahidiyat………..,
-Jadina salju / es eta saperti conto Alam Jasad……..,
Numawi “Es” teh, upami ditingali lahirna mah memang teuas. Tapi upami ditingal bathina mah atawa hakekatna cai, bentuk sareng rupana eta “ES”, saenyana mah bentuk sareng rupana cai tea. (Kaharti meureun ayeu namah,...piraku can ngarti keneh wae)
Alloh ngaliputan ka urang sareng ka sadayana makhlukna nyaeta saperti Ngaliputan Cai kana Es.
Numawi upami Nur Dzat Alloh tembong ka ieu Alam Lahir sacara langsung, tangtu ieu Alam Lahir teh ancur mulang ka asalna, saperti Es mulang ka asalna nyaeta lebur deui jadi Cai.
Tah ayeuna oge kangge jalma anu tos terbuka hatena mah, ieu alam teh katingalina Nur bae wungkul, nyaeta anu sok disebat Anwaril Adhomatir Robanniyah ( Rahasiah dzat ).
Ngaliputan dirina, ngaliputan sadayana alam, anu teu aya wates wangenna. Jadi Musyahadah mah anu katingali teh Alloh wungkul, nyaeta kumpulna: Dzat-Sifat-Af’al.
Guru sim kuring, Syekh Toto Syarif Muhammad Zakariya, ngadamel conto kana ngaliputan nana Alloh ka urang ( makhluk ), nyaeta saperti Cai disenter ku Batre.
Saur Anjeunna: “Coba upami cai dina bak anu legana 1 x 2 m, terus disenter ku batre batu tilu, tangtu eta cai teh bakal caang, kaliputan ku Cahayana eta Batre”
Tah saperti kitu ngaliputanana Alloh ka urang teh..!!
-“Naha eta Cahaya teh Ngahiji jeung cai…?”
+”Tangtuna oge henteu, sabab mustahil Cahaya Ngahiji jeung cai…!”
-“Naha eta cahaya teh Pisah jeung Cai…………??”
+”Kitu oge henteu.., sabab didinya-didinya keneh!”
-“Kumaha atuh nyebutna..?”
+”Nu kitu teh disebutna nyaeta Ngaliputan tea, atawa Indiroj tea, atawa ngabarengan tea, atawa Jam’u ( Kumpul ) tea. Sabab., disebut “Ngahiji”henteu, disebut Pisah” oge henteu.
Ngaranna teh mun dina bahasa Arab mah nyaeta:
-JAM’U = Kumpul
-IHATHOH = Ngaliputan
-INDIROJ = Ngaliputan
-MA’IYAH = Ngabarengan
Ieu sadayana sami tujuan Ma’nana”
Saur Imam Al-Qusyaeri r.a.:
“Ari hakekatna “Dzikir”, nyaeta Indirojna” nu dzikirna di Madzkurna ( dinu didzikiran nana ) sareng jadi poekna ( silona ) SIR dina nalika TEMBONGNA (dina kitab IQODHUL HIMAM juz I kaca 81 )
Ma’nana : puncakna dzikir teh nyaeta nepi ka ..LES FANA tina DIRI, FANA tina dzikir…, KAREM, INDIROJ di MADZKURNA, nyaeta dina ANWARIL ADHOMATIR ROBBANIYAH. Dina maqom ieu mah, dzikirna, nu dzikirna nu didzikiranana, nu ningalina, nu ditingalina….. Alloh bae wungkul..!
Tah dina maqom ieu sok timbulna SYATHU ( bahasa nu teu di ijinan ku Syara’ ) saperti anu tumiba ka HALAJ. Dina maqom anu kitu.., sok aya anu kateterasan…. Dugi ka maotna…., malih aya anu dugi ka Qiyamah, tapi aya oge anu SOHWI deui ( eling deui ) tina eta FANA-na.
Maka hasil-weh Maqom Baqo ku Alloh…! Dina Maqom Baqo ieu aya 2 rupi :
1. Aya anu teras bae “nyumput” ka ma’rifatan nana teh mung kangge DIRINA PRIBADI.
2. Aya deui anu “tembong” anu teras ngaguruan jadi suluk.
Kumargi ari kangaranan jadi guru ngaji suluk mah eta sakedahna anu parantos dugi kana ieu maqom, nyaeta anu ngalaman Suluk nepika majdzubna, dugi deui ka “alam sadar”, atanapi anu majdzub heula teras suluk dugi ka sampurna.
Kasimpulan aya MAQOM FANA, nyaeta mencrong kanu opat , nyaeta :
1. TAUHID AF’AL
2. TAUHID ASMA
3. TAUHID SIFAT
4. TAUHID DZAT
Saur Sayyidi Syekh Muhyididin :
“ Saha jalma anu “ningali” makhluk teu boga perbuatan maranehna, nyata eta jalma teh BAGJA, jeung saha jalma anu “ningali” makhluk teu boga “hirup” keur maranehna eta jalma UNTUNG, jeung saha jalma anu “ningali” makhluk geus nyata “euweuhna” nyata eta jalma geus WUSHUL/ tepi ka Alloh”.
Kasimpulan aya MAQOM BAQO, nyaeta aya 2 maqom :
1. ‘Ningali” ( musyahadah ) indirojna Alloh di makhluk
2. Indirojna makhluk di Alloh
Atanapi istilahna teh:
“NINGALI LOBA DINA HIJI “ sareng..
“NINGALI HIJI DINA LOBA”
Kaunggel dina Hadist :
“ Maujud Alloh , teu aya nanaon sarta anjeunNA”
Ditambih ku para ‘ulama :
“ Nya ayeuna oge ANJEUNNA mah kitu bae..”
Numutkeun sapalih riwayat Soheh Bukhori :
“ MAUJUD ALLOH henteu aya naon-naon salian ti anjeunNA”
Alhasil, dina hakekatna mah henteu aya anu berbuat henteu aya sifat henteu aya rupa henteu aya maujud anging ALLOH NYALIRA.
Tah dimana tos dugi kana ieu maqom, mun tea mah eta kayakinan teh ngazalimkeun kana “TAHDID” eta kenging , teu matak nanaon. Contona sapertos ka Alloh nangtukeun “rupa”, margi upami teu kenging kitu, tangtos kangjeng Nabi Muhammad SAW, moal nerangkeun anu sapertos kitu…, sakumaha anu tos kaunggel dina hadist soheh riwayat Imam Bukhori – Muslim anu keiu ma’nana :
“Alloh ngadawuh dina poe kiamah, saparantos sadayana jalma kumpul, anu kieu ma’nana :
“saha anu ibadah kana naon bae prak geura tuturkeun”
Nya atuh bring bae ti dinya mah anu ibadah ka panon poe milu ka panon poe, anu ibadah ka bulan.. milu nuturkeun ka bulan, anu ibadah ka jurig.. milu ka jurig. Kantun ieu umat, ka asup anu munafekna nyaeta anu amalna riya sareng SUM’AH. Lajeng ALLOH TAJALLI KA SADAYANA… dina “R u p a” anu teu dikenal ku sadayana ( masing-masing ). Dawuh Alloh teh:
“Kaula Pangeran Maraneh Anu Maha Luhur?”
Jawab sadayana : “Abdi sadayana nyalindung ka Alloh ti Anjeun”
“Ieu mah tempat abdi sadaya, abdi sadaya moal ninggalkeun ieu tempat…, satungtung Alloh can Tajalli, sabab dimana Alloh Tajalli, ka abdi sadaya…., abdi sadaya “kenal” ka Anjeunna”.
Lajeng Alloh Tajalli ka sadayana dina “Rupa” anu dikenal ku sadayana ( masing-masing ). Dawuh Alloh :
“Kaula Pangeran Maraneh Anu Maha Luhur?”
Jawab sadayana :
“ Leres, Gusti Pangeran Abdi Sadaya”.
Lajeng sadaya pada sujud…, anging anu henteu sujud teh, jalma anu sujud di dunyana lantaran RIYA… sareng SUM’AH tea, malahan maksakeun sujud oge…, maranehna ngadon tijungkel nangkarak bengkang.
Tah saparantos kitu mah, eta sadayana anu sarujud teh ngiring ka Alloh. Nembe tos kitu mah Alloh ngadamel/ ngajadikeun “SHIROTUL MUSTAQIIM” diluhureun JAHANAM.
Maka kaula ( K.N Muhammad SAW ) jeung umat kaula anu pangheulana meuntas…’ sareng saterasna ieu hadist ( Muttafaq’alaih ). Ti antawisna munajatna hamba anu tos dugi kana ieu maqom dina ma’rifatna:
“Ya Robbi, abdi yakin ayeuna mah… yen abdi ieu teh saleresna mah TEU AYA…., saparantos abdi ngalaman FANA DI GUSTI… KU TAJALLI-na GUSTI DINA RUPA ABDI SABA’DA LEUNGITNA ( FANA ) INSAN MAUHUM, nyaeta anu buktosna INSAN MAUHUM teh DIRI ABDI tea”.
Rupina bahasan perkawis TAUHID DZAT dina Bab IV ieu, dianggap cekap dugi kadieu bae, bahasa anu secara khusus.
Magga urang sasarengan ngamalkeun eusina ieu buku “SULUK SARENG MA’RIFAT” ti kawit TAUHID AF’AL, ASMA, SIFAT, DZAT.
Margi upami ieu buku mung sakadar diaos wungkul, tapi henteu diamalkeun ti kawit TAKHOLLI , TAHALLI tur dugi ka TAJALLI ku jalan Mujahadah, Riyadloh, ku dzikir sareng ku pikir moal aya barokahna. Mung peryogi kauninga upami dina ieu buku aya anu henteu kahartos, sae ditaroskeun bae ka ahlina. Jalaran dina ieu buku teh seu eur ELMU anu kaluar tina DZAOQ KAMA’RIFATAN, anu tangtosna oge moal kahartos upami ditingali ku salangkung-mah, sarengna deui peryogi ka uninga, dina ngudag ELMU KA’MARIFATAN mah. Ulah ngalap cekap ku muthola’ah buku sareng ku nguping panjelasan ti lisanna anu parantos “kagolongan Ma’rifat” nyaeta anu tos ma’rifat DZAOQ, sanes anu ma’rifat Elmu sareng ma’rifat lisan, boh ku jalan “nyobat tabarruk” atawa “nyobat nyantri”, lantaran sim kuring oge tiasa sakieu teh ku jalan “nyobat nyantri” kanu tos ma’rifat nyaeta ka Sayyidi Syekh Al-‘ARIF TOTO SYARIF MUHAMMAD ZAKARIYA. Kumargi sateu acan ngaos ka anjeunna mah sanaos sering oge sim kuring muthola’ah Elmu Kama’rifatan sareng nguping Elmu Elmu Ma’rifat, tetep bae teu daek kaharti sareng teu daek asup kana hate, malih sawangsulna sok nolak. Margi ceuk perasaan sim kuring harita, satiap Elmu anu teu cocog jeung pikiran, eta salah. Namung Alhamdulillah berkahna Anu Mulya, sim kuring digembleng lahir – bathin ku tarbiyahna anu lahir – bathin.
Mugi Alloh manjangkeun yuswana, sareng ngabersihkeun “SIR” na sareng ngabales kana kasaeannana. A M I N.
Dawuhan Gusti Alloh dina surat An-Nahl 43:
“ Prak aranjeun nanya ka ahli Eling, mun kabeneran aranjeun henteu nyaraho”.
Yaa Alloh Yaa Rohmaan Yaa Rohiim , Yaa Hayyu Yaa Qayyum Yaa Kaafi Yaa Mugni, Yaa Muizzu Yaa Azizu Yaa Jabar Yaa Khohar, Yaa Syakuur Yaa Gofuur Yaa Wahab, Yaa Aliyu Yaa Waliyu Yaa Wakilu Yaa Adzhim, Yaa Awwalu Yaa Ahiru Yaa Dhohiru Yaa Bathinu Yaa Fattahu Yaa Rozaqu, Yaa Latifu Yaa Khabir Yaa Sami’u Yaa Basiir, Yaa Malik Yaa Qudus Yaa Majiid Yaa Kariim,
La illaha illAllohu, Yaa Alloh, Yaa Yahu, Yaa Haqqu, Yaa Hayyu, Yaa Fattah,Yaa Khohar, Yaa Somad, Yaa Wahid
TAMAT