AutoFaucet

BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Tawekal

 

5. MAQOM TAWEKAL

Maqom yakin anu kalima, anu kedah ditaekan kunu suluk nyaeta TAWEKAL.

Ari ta’rifna tawekal nyaeta:

Hartosna: “Cumantel kanu aya di Alloh, sareng putus kanu aya di leungeun-leungeun manusa”

Sumerah kana pengaturan Gusti Alloh, tumamprak kana pangacakna, kulak canggeum bagja awak, tara narohkeun nasib ka makhluk, sabab makhluk mah henteu ngaboga-an mangfa’at sareng madlorot, serta tara boga angkeuhan kana usaha sareng kasab. Angkeuhan teh wungkul gumulung kana zat anu Maha Kawasa, anu nimbulkeun sadayana sabab sareng kajadian; bari kituna teh  tara lesot tina ngajalankeun: Tahayyu ( cawis-cawis ) kana datangna rizki, rizki lahir rizki bathin. Kayaning usaha sareng usholli sajalan antara lahir sareng batin, syare’at sareng hakekat. Peupeujeuh mangkade dipisah-pisah antara tawekal sareng ikhtiar; tetep tawekal ieu teh kudu bareng bae, kalawan TAWEKAL anu jadi pamingpin na.

 P E P E L I N G

Praktekna ngamalkeun tawekal ieu teh, nyaeta tetep diusahakeun hate urang ieu dina sagala urusan teh manoreng wungkul ka Alloh anu Muhithun ( ngaliputan ) ka diri urang; atawa Alloh anu ngaliputan ka batur.   Lain tawekal ka si A atawa ka si B-na; tapi tawekal ka Alloh na….lain pasrah ka jalmana…..; tapi pasrah ka Alloh na…anu ngaliputan ka eta jalma. Lain tetegenan kana sabab…. ; tapi tetegenan ka Alloh na….anu nimbulkeun eta sabab; kumargi “sabab” ieu teh  makhluk sami sareng makhluk liana. Ari makhluk eta sadayana oge kaliputan ku Alloh Ta’ala ku Dzat-na sareng Sifat-Sifat-na; margi makhluk teh Af’al- na Alloh SWT. Dawuhan Gusti Alloh dina surat Ali Imron ayat 122:

Hartosna “Jeung ka Alloh wungkul prak geura tawekal………. sakabeh mu’min”

CARANA

Jalankeun ku anjeun heh salik, ieu maqom tawekal teh dina sagala urusan:

Dina cicing………… tawekal

Dina usaha………… tawekal

Keur nyorangan…… tawekal

Keur bergaul……… tawekal

Keur sholat………… tawekal

Keur wiridan………. tawekal

Keur nulis…………. tawekal

Keur ngaladangan… tawekal

Keur naon bae……. tawekal

Dawuhan Gusti Alloh dina surat Ibrahim ayat 12:

“Jeung ka Alloh wungkul kudu tawekal……..sakabeh anu tawekal”

Jadi tawekal teh, tetegenan kudu ka Alloh wungkul, omat anjeun heh salik, tetegenan….ka salian ti Alloh; kayaning tetegenan tawekal kana ibadah sholat, wiridan, kana do’a, kanan jampe, ulah!.....peupeujeuh; ulah tetegenan kadinya…!!!

Nya kitu deui ulah tetegenan kana dzikir, sok komo lamun tetegenan kana jimat, kana isim, kana keris, kana batu ali…, jeung kanu liana deui anu matak ngaganggu kana kaimanan, sareng anu matak mencrong ka salian ti Alloh. Cindekna mah ulah tetegenan kana sabab; ima sabab dhohir, ima sabab bathin…..; tapi kudu ka…. Musabab – na ( anu nimbulkeun eta sabab ) nyaeta Alloh Ta’ala…!

Dina pembukaan kitab Hikam Ibnu Athoillah r.a. kieu unggelna:

“ Di antarana ciri tetegenan kana amal, sok kirang harepan dina ayana tipeleset”

Ima meleset urusan lahir, atawa meleset urusan bathin. Ieu teh tanda kana encan sampurna imanna sareng ciri poek hatena. Tapi….., kade salah harti. Sareng salah ngahartikeun-nana, ma’na tawekal ieu; saperti kieu pok-pokan-nana anu awam: ‘Mentong tawekal bae atuh….; heug kaditu geura usaha siga batur…!”

Tah model ucapan ieu teh, henteu ngarti kana ma’na tawekal. Jadi dipisah-pisah, antara usaha sareng tawekal; padahal tawekal dina sagala urusan, margi tawekal mah urusan hate….ari usaha mah bagian badan. Alhasil, jalankeun bareng duanana, ngarah cumpon lahir bathin.

P E P E L I N G:

Ari jalma mu’min dina ngajalankeun tawekal ieu teh, memangna oge aya 2 bagian:

- Aya nu ngajalankeun sabab…..!;

- Aya oge anu TAJARUD ( teu ngajalankeun sabab); ieu mah biasa pikeun jalma anu tos kalem…., teleum…..dina lautan….FANA…., anu tos tara rurat reret ka salian ti Alloh Ta’ala tur tos istiqomah tina MAJDUB – na anu aya teh ngan ukur..TAHAYYU ( cawis-cawis ) kana sumpingna rizki; rizki dhohir atanapi rizki bathin. Sapertos dina Hadist Soheh riwayat Bukhori & Muslim anu nerangkeun kana sifat-sifat MUQOROBIN anu 70.000 anu lebet ka Sorgana henteu dihisab heula; nyaeta sifat-sifatna teh  tara DUDUKUN!! Anging tawekal bae ka Alloh Pangeranana anu ngatur sagalana.

Sareng dina hadist Hasan Riwayat Iman Turmudzi: “ Lamun saenyana aranjeun Tawekal ka Alloh anu sabenerna pasti Alloh ngarizkian ka aranjeun, saperti Alloh ngarizkian manuk, isuk-isuk kentel….dina waktu  siangna; sorena nyendol dina waktu ngampihna”

Dawuhan Gusti Alloh di surat Ath Tholaq ayat 3:

“ Jeung saha-saha anu tawekal ka Alloh, maka Alloh nyukupan-nana, saenya Alloh ngadatangkeun urusan-nana, nyata ngajadikeun Alloh kana tiap perkara kana papastena”.

Dina Hadist Riwayat Imam Bukhori, akhir cariosan Nabi Ibrohim dina waktu dialungkeun kana Seuneu:

MA’RIFAT TAWEKAL:

Dawuhan Gusti Alloh dina surat Al-Baqoroh ayat 130 :

“Jeung teu aya anu ragab( ngewa ) kana agamana Nabi Ibrohim, anging jalma anu bodo kana dirina”

K.N. Ibrohim a.s dina waktos dialungkeun kana seuneu ku parentahna Raja Namrud, rame-rame para malaikat usul ka Gusti Alloh. Lajeng Alloh ngutus malaikat Jibril sangkan ngadatangan K.N. Ibrohim anu tos aya dina ayunan bandring anu bade dialungkeun kana durukan seuneu.

Barang malaikat Jibril tepang sareng Nabi Ibrohim, lajeng naros:”Naha salira aya pangabutuh…..?”

Waler K.N. Ibrohim :”Lamun ka anjeun…..henteu; lamun ka Alloh mah butuh….”

Saur Malaikat Jibril  :” Sok atuh nyuhunkeun….!”

Waler K.N Ibrohim  :” CUKUP…. uningaeun Alloh kana ka aya-an kaula”.

K.N. Ibrohim a.s henteu nyuhunkeun tulung ka salian ti Alloh, malah TAWEKAL, PASRAH, kana HUKUM ALLOH, ngalap cukup kana pangaturan ( takdir ) Alloh sareng kana pangraksana.

Ieu teh teu aya lintang iwal tina bersih manahna sareng “sir” na, sahingga henteu aya anu katingali ti Alloh nyalira anu leuwih deukeut manan salirana. Anu antukna dipiwarang nyuhunkeun ku malaikat Jibril oge, K.N. Ibrohim teh teu kersaeun, kusabab nyuhunkeun ieu kalebet perantara; sedengkeun anjeunna sareng Alloh-na, dina waktu harita teu aya perantarana.

Tah ieu teh hakekat ma’na: “hasbunAlloh wani’mal wakiil

Hartosna :”Cukup keur kaula  Alloh, sareng anjeunna pangsaena anu WAKIL ( anu dipasrahan )”

Kumaha balukarna, saur Gusti Alloh:

 “Ceuk kami :”Heh seuneu! Jadi anjeun TIIS sareng salamet ka Ibrohim”

Maka kontan barang K.N. Ibrohim a.s  digebruskeun kana eta seuneu…., seuneu teh tos tiis, sarta anjeunna salamet, teu cecel - teu bocel-teu kirang  sawios-wios.

LENYEPKEUN:

Saur Imam Ibnu‘Athoillah dina kupasan ieu masalah dina Kitab Tanwir Fi Isqotittadbiir kaca 28:

“Hartikeun ku anjeun heh mu’min, saenyana jalma anu pasrah ka Alloh dina waktu katibanan cocoba, maka Alloh SWT bakal ngabalikeun kana kanyerian eta cocoba kana senang, kasieun ngabalikkeun jadi aman; kukituna dimana anjeun dialungkeun ku syetan dina ayunan cocoba, tuluy narembongan makhluk ka anjeun bari ngomong kieu :” naha anjeun aya pangabutuh….?”

Jawab ku anjeun:” Ka anjeun mah henteu…!, lamun ka Alloh mah butuh…!!”

Tuluy lamun ngomong deui kieu :”Sok atuh geura nyuhunkeun ka Alloh!”

Jawab ku anjeun:”Cukup…. Alloh Uningaeun kana ka aya-an kuring”

Maka pasti Alloh ngabalikeun ka anjeun kana panasna seuneu dunya, kana tiis sareng salamet, sareng baris marinan Alloh ka anjeun kana ni’mat sareng kamulya-an, jalaran Alloh parantos ngabukakeun ka para Nabi sareng para Rosul, kana jalan pituduh, tuluy tuturkeun satukangeun-nana ku sakabeh mu’min, sareng tetep jadi panutan sakabeh jalma anu ma’rifat, anu tos yakin dina imanna. Sakumaha dawuhan Gusti Alloh ka K.N. Muhammad SAW dina surat Yusuf ayat 108:

“Bejakeun ku anjeun:”ieu jalan kuring, jeung anu manut ka kuring….

ngajak ka Alloh kana bashiroh”.

Nyakitu deui dawuhan Gusti Alloh dina surat Al-Anbiya ayat 88: dina nerangkeun kalakuan Nabi Yunus a.s :

“Maka nyubadanan Kami ka Yunus, jeung nyalametkeun Kami ka manehna tina kabingungan-nana, jeung nyakitu deui Kami nyalametkeun ka sakabeh mu’min”

Sareng saur sapalihna Ahli Ma’rifat:

“Lamun jalma mu’min ngambah jalan ka Alloh, bari dimimitian ku apik sareng zuhud anu saenyana, tuluy naek kana ieu maqom TAWEKAL kalawan tawekal anu saenyana, maka eta jalma bakal Khoriqul-adat, moal ngalelep nincak cai, bakal ras-jleg sorangan sajabina Khoriqul-adat anu bangsa lahir, sakumaha dawuhan gusti Alloh dina surat Ath-Tholaq ayat 3;

“Jeung saha anu TAWEKAL ka Alloh, maka Alloh nyukupan-nana”

Hartosna nyumponan kana naon kahayang.

Carana :

Tekadkeun ku anjeun heh salik. Dimana anjeun geus tuntas dina naekan ieu maqom TAWEKAL, nya eta tiasana kitu teh timbul ti Alloh, sababna Alloh gaduh ASMA “WAKIL” sareng nya anjeuNA nu ngersakeun nana ( MURIDAN ), sareng nya anjeunNA anu masihan-nana ( Mut’thi ), sareng nya anjeunNA anu heman ( Muhaemin ) ; sareng anjeunNA nu ngaturna ( Mudabbir ). Kukituna leungitkeun dina hate anjeun sifat TADBIR, nyaeta ngatur diri sareng sajabana. Pasrah bae ka anu Hak-na anu gaduh jenengan MUDABBIR ( anu ngatur ), nyaeta Alloh SWT.

Sakumaha anu diterangkeun dina HIKAM-na Ibnu’ Athoillah:

           “Salesekeun DIRI ajeun dina ngatur”

Sabab sagala oge tos aya anu NGATURNA, ngarah anjeun henteu cape pikir. Nyakitu deui, dimana anjeun sakali-kali ngatur atawa anjeun diatur ku batur. Tekadkeun bae….!! Alloh nuju nembongkeun ASMA MUDABBIR….! Jadi sagalana balik ka Alloh, asal ti Alloh, mulang deui ka anjeunNA. Ti Alloh....., ka Alloh….., ku Alloh…..!

Bacaan salajengna mangga klik bae judul bacaan dihandap ieu
BAB II TAUHID ASMA dina Maqom Khauf

No comments:

Post a Comment